Ngaran Patukangan/pagawean/pakasaban

Tukang nyaéta jelema anu miboga kaparigelan dina hiji pakasaban leungeun, digawena ku pakakas atawa bahan anu tangtu contona batu, beusi, kai.[1] Tukang oge bisa disebut jelema anu pakasabanana barang jieun (ngajual, ngabenerkeun, jsb) hiji hal anu tangtu: contona ngajual daging (sayur, susu), arloji, pedati (gerobak, béca]]), sarta tukang ogé nyaéta jelema anu pakasabanana ngalakonan hiji hal sacara tetep contona tukang cukur, las, kaput, masak, nyitak jsb.[1]
  1. Anjun: tukang nyieun parabot tina taneuh
  2. Bujangga: tukang nyieun/nulis carita
  3. Candoli: tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awéwé)
  4. Gending: tukang nyieun parabot tina kuningan
  5. Kabayan: tukang dititah ka ditu ka dieu
  6. Kajineman: 1) mandor sakitan 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
  7. Kamasan: tukang nyirun parabot tina emas atawa pérak
  8. Kabojengkeng: tukang ngagsur padati
  9. Kulaer: kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung
  10. Kuncen: tukang ngurus kuburan
  11. Legig: tukang ngasruk dina pamoroan
  12. Malim: tukang nalukkeun sasatoan
  13. Maranggi: tukang nyieun ladéan jeung sarangka keris
  14. Marebot: tukang nakol bedug
  15. Nyarawedi: tukang ngagosok permata
  16. Pakacar: tukang juru laden
  17. Palatuk: iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
  18. Paledang: tukang nyieun parabot tina tambaga
  19. Palika: tukang teuleum (ngala lauk)
  20. Pamatang: tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
  21. Pamayang: tukang ngala lauk dina laut
  22. Panday: tukang nyriun parabot tina beusi
  23. Paneresan: tukang nyadap
  24. Paniggaran: tukang moro ngagunakeun bedil
  25. Sarati: tukang ngusir gajah[2]