A.
APRESIASI SASTRA
1. Wangenan Apresiasi
Istilah Aprésiasi asalna tina
bahasa latin apreciatio anu hartina “mengindahkan” atawa “menghargai” (
Aminuddin, 1989: 34 ).
Dina kamus besar bahasa
Indonesia ( 1987:46), istilah aprésiasi miboga harti ngajénan kana hiji hal.
Pamadegan séjéna diasongkeun ku Rusyana ( 1987:175 ) nu dimaksud aprésiasi nya
éta ngararasakeun karya seni dina wangun neuleuman jeung méré ajén anu méréna.
Tina tilu harti Aprésiasi
diluhur, bisa dicindekkeun yén nu dimaksud apresiasi nya éta prosés neuleuman
kana hij hal nepika bisa ngararasakeun hadé- goréngna éta karya.
Istilah aprésiasi biasana
dilarapkeun kana karya sastra. Kukituna, nu dipedar téh ngeunaan wangenan
aprésiasi nu aya patalina jeung aprésiasi sastra.
Aprésiasi sastra nurutkeun
Sutono ( 1986:10 ) nya éta “pengertian dan penghargaan terhadap karya sastra
yang tumbuh setelah melalui kegiatan menggumuli karya sastra tersebut dengan
sungguh-sungguh.
Pamadegan liana ditétélakeun ku
Zakaria spk. (1981:6) nu dimaksud aprésiasi sastra nya éta “kegiatan memahami
cipta sastra dengan sungguh-sungguh sehingga menimbulkan pengertian dan
penghargaan yang baik terhadapnya. “
Pamadegan nu leuwih lengkep
ditetelakeun ku Rusyana (1984:322), aprésiasi sastra nya éta “pengenalan dan
pemahaman yang tepat terhadap nilai sastra dan kegairahan kepadanya, serta
kenikmatan yang timbul sebagai akibat semua itu.”
Tina sababaraha pamadegan di
luhur, bisa dicindekkeun yén nu dimaksud aprésiasi sastra nya éta kegiatan
neuleuman karya sastra sangkan ngarti jeung bisa ngararasakeun hadé atawa
éndahna éta karya sastra (bisa méré ajén ajén).
2. Tahapan Apresiasi
Tahapan aprésiasi unggal jalma
henteu sarua. Aya nu handap, sedeng, jeung luhur. Sanajan kitu, tahapan
aprésiasi hiji jalma nu handap atawa sedeng bisa dimekarkeun kana tahapan nu
leuwih luhur.
Nurutkeun Rusyana
(1984:322-323), tahapan aprésiasi dibagi tilu saperti ieu di handap.
a. Apresiasi Tahap Munggaran
Dina ieu tahapan, nu maca
miboga pangalaman nu nyampak dina karya sastra. Nu maca baris baris kabawa
intelékna, emosina, jeung imajinasina kana éta karya sastra. Pikiran, pangrasa,
jeung hayalan nu maca baris milampah luyu jeung nu dipikahayang ku nu nyipta
éta karya sastra
b. Apresiasi Tahapan Kedua
Dina tahapan kedua, daya
inteléktual nu maca leuwih giat. Nu maca mimiti boga rasa panasaran kana eusi
éta karya sastra. Upamana baé hayang nengetan unsur-unsur carita tina éta
karya. Ku kituna, nu maca bakal ngalengkepan dirina ku pangaweruh ngeunaan
unsur-unsur carita/karya sastra.
c. Apresiasi Tahap Katilu
(Tahapa Pamungkas)
Dina tahapan pamungkas, nu maca
nalungtik karya sastra bari dipatalikeun jeung faktor-faktor sejenna. Upamana
baé jeung faktor ekonomi, politik, jeung kana waktu éta karya sastra dijieunna.
3. Kagiatan Apresiasi
Nu dimaksud kagiatan aprésiasi
nya éta kagiatan nu dilakukeun kalawan sadar tur miboga tujuan (Rusyana,
1984:323). Upamana baik dina kagiatan aprésiasi carita pondok, kagiatan nu
dilakukeun téh dipilampah kalawan sadar tur miboga tujuan pikeun wanoh jeung paham
kana ajén-inajén nu nyampak dina éta carita pondok.
Kagiatan aprésiasi sastra di
sakola kudu luyu jeung tujuan nu baris dihontal. Guru kudu bisa nyiptakeun
situasi nu pikaresepeun, sangkan siswa meunang kanikmatan jeung kasugemaan tina
kagiatan aprésiasi sastra.
Kagiatan aprésiasi bisa
dilaksanakeun sacara langsung jeung teu langsung. Ieu hal luyu jeung pamadegan
Effendi (1972:18) nu nétélakeun yén kagiatan aprésiasi sastra bisa
dilaksanakeun ku dua cara, nya éta cara langsung jeung cara teu langsung.
Kagiatan aprésiasi sastra
sacara langsung, nya éta ku jalan maca, ngaregepkeun, jeung lalajo pintonan
karyana. Éta kagiatan baris mere pangaruh nu hadé, nya éta aprésiator baris
bener-bener ngarti jeung ngajénan kana karya sastra. Nu dimaksud kagiatan aprésiasi
sastra sacara teu langsung nya éta kagiatan saperti :
1.
Diajar téori sastra
2. Neuleuman essay jeung kritik
3. Diajar sajarah sastra
Bagian nu kahiji, nya éta
kagiatan neuleuman atawa nalungtik karya sastra. Umpamana baé neuleuman sajak,
carita pondok, novel, jeung drama.
Bagian kadua, nya éta kagiatan
neuleuman karangan-karangan atawa essay-essey nu medar hal-hal nu aya patalina,
jeung karya sastra. Salian ti éta, dina ieu kagiatan aya prosés neuleuman jeung
ngajén karya sastra.
Bagian katilu, nya éta
neuleuman kamekaran sastra ti mimiti gelar nepi ka kiwari, boh neuleuman lobana
hasil sastra nu medar boh neuleuman ajén sastrana.
Sanajan cara langsung mangrupa
cara nu utama, tapi éta dua cara téh teu bisa dipisahkeun, hartina raket pisan
patalina. Dina prakna, éta dua cara téh silih rojong dina ngaronjatkeun
aprésiasi sastra.
B.
APRESIASI DONGENG
1. WANGENAN DONGENG
Dongéng kaasup kana golongan
carita anu parondok, sarta sok aya bagian anu pamohalan, upamana dina jalan
caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana (Rusana, 1982:18).
James Danandjaya (1984:83)
nétélakeun yén, dongéng téh nya éta carita prosa rakyat anu dianggap teu kungsi
kajadian, dicaritakeun upama keur hiburan, sok sanajan réa ogé anu
ngagambarkeun bebeneran, eusina pangajaran moral, atawa sisindiran.
Istilah-istilah anu sinonim
jeung dongéng dina sababaraha basa di dunya, nya éta fairy tales, (carita
peri), nursery tales (carita barudak), atawa wonder tales (carita ajaib) dina
bahasa Inggris; marchen tina bahasa Jerman; aeventyr dina bahasa Denmark;
snookje tina bahasa Walanda; siaosu tina bahasa Mandarin; satua tina bahasa
Bali jeung saterusna (ilikan Danandjaya, 1984:84).
Nurutkeun susunan bahasana,
dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa) tapi sakapeung-kapeungeun sok
diselang ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih. Tina prakna didongéngkeun
wangun lancaran dicaritakeun, ari wangun ugeran sok dikawihkeun.
Dongéng biasana miboga kalimah
bubuka jeung panutup anu sipatna klise. Dina bahasa Inggris biasana sok dimimitian
ku kalimah bubuka: once upon a time, there lived a…..(dina hiji waktu, hirup
saurang……), jeung kalimah panutup……end happily ever after (…..jeung maranehna
hirup bagja salalawasna) (Danandjaya, 1984:84).
Hal séjéna anu raket patalina
jeung dongéng nya éta kasempetan dina ngadongéng. Dina ngadongéng mah waktuna
bébas pisan teu kauger ku aturan saperti dina carita pantun. Carita pantun mah
pagelaranana biasana sok dilaksanakeun sapeuting jeput, malah aya sababaraha
carita anu teu bisa sagawayah waktu dipintonkeun. Ieu hal téh raket patalina
jeung upacara nu sipatna sakral, saperti sukuran imah, mapag panén, jeung
sajabana. Tapi dina ngadongéng mah heunteu aya aturan waktu saperti kitu.
Dongéng bisa dicaritakeun iraha baé jeung dimana baé, teu kauger ku waktu jeung
situasi. Yus Rusyana jeung Amy Raksanagara dina hasil panalungtikanana (1976),
nétélakeun yén kasempetan ngadongéng téh bisa dilaksanakeun dina sababaraha
bagian, nya éta:
a.
Pada waktu berkumpul banyak orang. Misalnya, pada pertemuan, pada hari lebaran,
pada waktu ada orang meninggal, pada waktu rapat désa, pada waktu kedatangan
pembesar;
b. Pada waktu mengobrol antara
dua orang atau lebih, tetapi tidak banyak orang. Cerita muncul dalam obrolan
pagi hari atau malam hari;
c.
Pada waktu sedang bekerja atau dalam perjalanan;
d.
Pada waktu ada orang bertanya asal-usul benda, nama tempat, dan sejarah. (tina
Rusyana 1981:49-50).
2. Warna Dongéng
Anu kacaritakeun ngalalakon
dina dongéng téh aya jalma, sasatoan tutuwuhan, mahluk lemes (gaib), jeung
sajabana ti éta.
Dina hiji dongéng, anu
ngalakona aya jalma pada jalma, atawa campuran jalma, aya sato, jeung aya
mahluk gaib. Upamana dina dongéng “Si Caang” nu aya dina Pariboga I, anu
ngalalakon téh aya jalma biasa saperti Si Caang jeung indungna, aya Praméswari,
raja, jste. Aya sasatoan anu mangrupa sato biasa saperti ucing jeung anjing,
ogé sato kajajadén, saperti oray jeung beurit bodas. Eta tokoh-tokoh sato téh
digambarkeun miboga sipat saperti manusa, bisa nyarita keung bisa mikir. Palaku
séjén na anu ngalalakon nya éta bangsa siluman, ti mimiti raja, praméswari,
putra raja, patih, nepi ka punggawa, anu ngageugeuh nagara Nusantara di dasar
lautan.
Kajadian anu kacatur dina
dongéng lamun diukur ku akal, aya nu bisa katarima ku akal jeung aya nu heunteu
atawa pamohalan. Anu ngalalakona ogé sok miboga sipat anu teu lumrah, upamana
bisa nerus bumi, bisa ngaleungit, sakti mandraguna, atawa miboga jimat anu
kacida saktina bisa nedunan sagala kahayang jeung paménta anu nyekelna.
Nilik kana eusi carita jeung
palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Aya dongéng
jalma biasa, dongéng sasatoan, dongéng sasakala jeung dongéng anu patali jeung
mahluk gaib. Leuwih jentré bakal dipedar saperti ieu dihandap.
a. Dongéng anu nyaritakeun
kahirupan jalma biasa (parabel). Dongéng anu palakuna jalma biasa dibédakeun
dumasar kana luluhur (cikal bakal), pahlawan, pamingpin, manusa biasa, jalma
tukang heureuy, jeung sajabana.disawang tina pakasabanana bisa dibédakeun, aya
raja, putri, patih, ponggawa, kiai, tukang tani, tukang dagang, tukang nyirib,
jeung sajabana (Rusyana 1982:19).
Di Jawa Barat, carita atawa
dongéng-dongéng anu nyaritakeun jalma-jalma anu ngabela kapentingan masarakat
méh aya diunggal wewengkon. Eta carita téh, upamana nyaritakeun kumaha
nyanghareupan musuh atawa bancang pakewuh séjéna, nepi ka éta palaku dianggap
pahlawan. Sajaba ti éta aya deui anu nyaritakeun tokoh pamingpin, nya éta jalma
nu miboga kamampuan anu rohaka, sok sanajan teu miboga kasaktian, tapi éta
tokoh téh jadi pamingpin masarakatna. Aya deui palaku carita anu mangrupa jalma
biasa kalawan sagala kakurangan, jeung kaleuwihanana, sakumaha ilaharna dina
kahirupan sapopoé.
Palaku séjéna anu mangrupa
jalma dina kahirupan, nya éta jalma tukang heureuy saperti si Kabayan. Anu jadi
jejer dina ieu carita, nya éta kalucuan paripolah palakuna. Ogé aya carita anu
nyaritakeun kagagahan palakuna, jeung sajabana (bandingkeun Rusyana,
1981:20-21).
Conto dongéng anu palakuna
jalma biasa dongéng “Si Caang”, “Ki Hamid”, “Jaka garumaya”, jste.
a. Dongéng anu nyaritakeun
kahirupan sasatoan (fabel) dongéng anu palakuna sasatoan paripolahna
dicaritakeun kawas jelema upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal
pikiran, tapi kalakuan sato anu ilaharna tetep aya. Sasatoan anu dijadikeun
palaku dina dongéng réa pisan, gumantung kana daérah atawa nagara. Di Eropa
(Walanda, Jerman, jeung Inggris) nya éta sato rubah (fox) anu ngarana Reinard
de Fox. Di Amerika Serikat palaku sato téh aya sababaraha rupa, keur urang
Negro nya éta kelenci anu ngaranna Brer Rabbit jeung pikeun urang Indian
Amerika (Amerindian) nya éta sato coyote ( sabangsa ajag), rubah, manuk gagak.
Jeung lancah. Ari di Filipina nya éta monyét, sedengkeun di Indonésia kaasup di
tatar sunda nya éta peucang. Sakadar conto ngeunaan dongéng sasatoan al
ancarana dongéng “Peucang jeung Maung”, “Kuya jeung Monyét”, jste.
b. Dongéng au nyaritakeun
asal-usul tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan (sasakala atawa legenda)
dongéng anu patali jeung asal-usul ngaran tempat, barang, jeung sajabana ku
James Danandjaya (1984:67-83) dibagi jadi opat golongan, nya éta:
a. Legenda kaagamaan,
nyaritakeun legenda jalma-jalma suci atawa jalma soléh, saperti para wali,
syeh, jste.
b. Legenda alam gaib, nya éta
carita anu dianggap bener kajadian sarta kaalaman ku salah saurang masarakat.
Tapi sabenerna mah deukeut kana hal-hal anu sipatna tahayul. Upamana jalma anu
geus maot, tapi kapanggih hirup deui.
c. Legenda individu, nya éta
carita ngeunaan tokoh-tokoh anu dianggap ku masarakat atawa icu nu miboga éta
carita tokoh kasebut kungsi aya di kieuna. Upamana baé, tokoh Prabu siliwangi,
Eyang Surya Kancana.
d. Dongéng anu nyaritakeun
mahluk ciciptaan sabangsa jurig jeung siluman (mite) dongéng alam goib sok aya
nu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian, saperti kajadian naon
sababna pare di sawah beak ku beurit, naon sababna aya sasalad jeung panyakit,
jeung sajabana (Rusyana 1981:20). Numutkeun James Danandjaya (1984:50) carita
saperti kitu kaasup kana mite, nya éta caritaan anu palakuna para dewa atawa
mahluk satengah dewa. Mahluk gaib anu jadi palaku téh miboga kaparigelan
nyarita siga jelema, nepi ka bisa gunem catur jeung manusa (Rusyana, 1981:22).
Palaku dina carita saperti kieu biasana miboga sipat anu husus, umpamana bisa
ngarubah wujud, Sakti, kalawan miboga sipat hadé jeung goréng contona dongéng
kuntilanak, onom, munjung, ngipri, jeung sajabana.
3.
Aprésiasi Dongéng Si Sebul
a. Ringkesan
Si Sebul hirup kadua indungna,
pagawéan indungna buburuh nutu jeung tandul sedengkeun Si Sebul gawéna ngan
ulin baé, balik-balik ari haying dahar nu matak ngaripuhkeun indungna. Antukna
indungna mindeng ngambek sarta nyarékan laklak dasar, sarta nitah masah bubu ka
Si Sebul.
Dina hiji poé Si Sebul ngilu
masang bubu jeung babaturanana, tapi Si Sebul mah masang bubuna teu lumrah
jeung batur, nya éta dina tangkal kai lamé nu aya di susukan. Atuh Si Sebul
pada ngageunggeureuhkeun ku babaturanana jeung ku indungna.
Isukna éta bubu th ditéang,
kersana nu gaib bubu Si Sebul aya eusian hiji kantong kosong sarupa kasang.
Gancang dibawa balik sarta dikukusan di enggona. Sagala paménta Si Sebul
ditedunan ku éta kasang, nepi ka indungna Si Sebul jadi beunghar teu kurang
nanaon.
Sabada makayakeun indungna Si
Sebul amitan bebeja hayang ngalalana, indungna kapaksa ngawidian.
Teu kacatur dijalanna,
kocapkeun Si Sebul geus anjog di hiji kebon anu upluk-aplak bogana Aki Kebon
Jayatapa, anu hirup duaan jeung pamajikanana. Gancangna Si Sebul tumetep di
dinya, sarta ngabantu-bantu ka Aki Kebon ku cara ngayakeun binih-binih tina
kasaktian jimat endong
téa.
Ari Aki Kebon Jayatapa sabenerna boga dua jimat nya éta parang sakti jeung
pacul anu bisa baranggawé ku sorangan.
Saeunggeus aya tujuh taun
cicing jeung aki katut nini Kebon, Si Sebul neruskeun lalampahanana ka sisi
laut Nusakambangan nu aya di bawahan nagri Balambangan, ti dinya manéhna terus
tapa. Ari méméh indit ku Aki Kebon dibahanan parang sakti anu gunana pikeun
panuduh jalan.
Kacaritakeun Raja Balambangan
kagungan putrid kakasihna Dewi Ambini, geus ditanyaan ku tujuh raja, tapi tacan
aya nu ditarima kawantu budak kénéh.
Sabada umur Dewi Ambini opat
welas taun, datang pagebug angina nu ngabalukarkeun kakaian raruntuh,
jalma-jalma paraéh keuna ku hawa peurah oray anu kabawa ku angin jeung cai tina
susukan.
Raja Balambangan émut kana
impénan, yén upama putrina geus umur opat welas taun bakal didahar ku oray. Ku
kituna, ayana pagebug ogé patali jeung éta impian. Kulantaran sieun nagara
jeung eusina tambah rusak, kapaksa putri dipiceun ka leuweung, ditunda dijero
panjara beusi bisi dihakan ku oray lembu.
Oray nu nyebarkeun perah nenjo
putri dipiceun gancang ngaringkukan éta panjara. Raja katut tujuh pararaja nu
nanyaan putri téa dating pikeun ngajorag éta oray, tapi kabéh balad pararaja
paraéh, kitu deui raja nu tujuhan teu bisa walakaya. Sedengkeun oray anu
ngaringkukan panjara beusi geus ngaleungit, ngajanggelek jadi Si Sebul. Ku
lantaran Si Sebul geus mampuh ngéléhkeun oray, manéhna dikawinkeun ka Nyi Putri
Cinde ambini, padahal éta oray téh Si Sebul sorangan.
b. Galur
Si Sebul masang bubu sarta
meunang jimat ending nu bisa nedunan sagala paménta nu bogana, nepika Si Sebul
bisa makayakeun indungna. Sabada indung Si Sebul beunghar ku harta terus Si
Sebul ngalalana, sarta ngadon tapa di Nusakambangan nepi ka jadi oray gede.
Oray gede téh ngaruksak nagri Balambangan, sarta ngelehkeun pararaja katut
baladna. Sanggeus bisa ngéléhkeun pararaja Oray gede jadi deui jalma nya éta Si
Sebul. Ku Raja Balambangan dilélér jenengan Ratu Anom Sanghyang Sebbul jaya
Wisaya.
Dongéng Si Sebul nilik kana
unsur-unsur kajadian di luhur, bisa ditangtungan galur saperti kieu: Si Sebul
miboga jimat ending anu bisa nedunan sagala paménta, tapi sabada boga éta jimat
Si Sebul ngadon terus ngalalana sarta tapa di Nusakambangan nepi ka jadi oray
nu ngaruksak nagri Balambangan. Sanggeus bisa ngéléhkeun pararaja anu ngalamar
Nyi Putri éta oray téh ngajangélék deui jadi Si Sebul, ti dinya lajeng baé ku
raja Balambangan Si Sebul ditikahkeun ka Nyi Putri Dewi Ambini sarta dilélér
jadi Ratu Anom Sanghyang Sebul.
Si Sebul téh budak bantu-bantu
indungna. Bubu di walungan cara kana panitah indungna, tapi cara masang bubuna
teu parok jeung babaturanana lantaran masang bubuna dina tangkal kai.
Kersana Nu Kawasa, bubu Si
Sebul aya eusian nya éta hiji éndong sakti nu bisa nedunan sagala paménta Si
Sebul.
Sanggeus bisa makayakeun
indungna ku harta tina hasiat éndong, Si Sebul ngadon indit ngalalana sarta
tapa nepi ka jadi oray lembu. Tapa Si Sebul teu sia-sia, da kabuktian bisa
kawin ka putrid jeung jadi ratu anom.
c. Palaku
Nu jadi palaku utama dina
dongéng Si sebul, nya éta Si Sebul anu ngarana dijadikeun judil dongéng.
Palaku-palaku séjénna bisa
disebutkeun minangka palaku palengkep. Dina ieu dongéng palaku utama teu miboga
palaku lalawanan, lantaran sagala masalah anu disodorkeun minangka bagian anu
ngaruntuy nepi ka jadi hiji gemblengan carita.
Palaku-palaku anu aya dina
dongéng Si Sebul bisa ditataan saperti ieu dihandap.
§ Si
Sebul anu kungsi jadi oray lembu, sabada kawin ka Nyi Putri Dewi Ambini dilélér
jadi Ratu Anom Sanghyang Sebul Jaya Wisaya;
§ Indung
Si Sebul;
§ Aki
Kebon Jayatapa;
§ Nini
Kebon;
§ Babaturan
Si Sebul;
§ Raja
Nagara Balambangan;
§ Putri
Dewi Ambini putrana Raja Balambangan;
§ Prameswari
Raja Balambangan;
§ Parabibi
pangasuh Nyi Putri Dewi Ambini;
§ Raja-raja
ti tujuh nagara;
§ Patih
nagara Balambangan;
§ Rayat
Nagara Balambangan.
Palaku-palaku di luhur bisa
dibédakeun numutkeun kalungguhanana, aya raja, aya patih, prameswari, putrid,
aki kebon, barudak, ponggawa, eman, jeung rayat biasa. Gambaran palaku teu
didéskripsikeun kalawan jéntré, cukup ku disebbutkeun wungkul.
d. Latar
Dina dongéng Si Sebul, anu jadi
latar tempat nya éta wewengkon Jampang jeung wewengkon Nusakambangan. Wewengkon
Jampang kiwari ayana di Kabupatén Sukabumi Jawa Barat. Ari wewengkon
Nusakambangan ayana di Kabupatén Cilacap Jawa Tengah anu kiwari mah dipaké tempat
narapidana ditahan. Latar dina ieu dongéng teu didéskripsikeun sacara écés,
ngan sakadar disebutkeun wungkul ngaran éta tempat, malah aya sababaraha
kajadian anu teu disebutkeun dimana lumangsungna. Tapi, éta kajadian bisa
dikira-kira tempatna, upamana paguneman Si Sebul jeung indungna ti jero imah,
paguneman Si Sebul jeung aki nini kebon di leuweung, paguneman Raja Balambangan
jeung raja-raja ti tujuh nagara di sabudeureun karajaan Balambangan, paguneman
Si Sebul jeung Raja Balambangan di leuweung.
e. Téma
Téma nu kagambarkeun dina
dongéng Si Sebul kapanggih tina eusi carita jeung nilik kaayaan palaku, nya éta
kudu daék ihtiar tur néangan pangalaman lantaran rejeki jeung kabagjaan tara
datang sorangan kitu baé, tapi kudu ditarékahan. Ieu téma téh patali jeung
gambaran Si Sebul, anu daék ihtiar masang bubu jeung tapa di Nusakambangan nepi
ka jadi ratu Anom di nagara Balambangan.
Tema séjénna anu aya dina ieu
dongéng, nya éta patali jeung gambaran watek Raja Balambangan anu adil
palamarta, daék ngorbankeun kapentingan pribadi keur kapentingan balaréa.
Temana bisa nempatkeun kapentingan balaréa disaluhureun kapentingan atawa
kulawarga. Raja Balambangan dina ngalaksanakeun éta téma, nya éta miceun
putrina ka tengah leuweung.
f. Amanat
Nilik kana eusi carita, bisa
dicindekeun yén amanat anu hayang ditepikeun ngaliwatan ieu dongéng nya éta
kudu daék ihtiar jeung digawé enggoning ngaronjatkeun kahirupan, lantaran
rejeki teu dating ti langit tapi kudu ditarékahan. Amanat séjénna dina ieu
dongéng, nya éta patali jeung kaadilan hiji pamingpin, anu daék ngabéla
kapentingan rayatna tina kapentingan pribadi jeung kulawarga.
g. Fungsi Moral
Dongéng Si Sebul méré atikan
moral anu kacida munelna, nya éta gambaran hiji jalma anu daék ihtiar pikeun
ngaronjatkeun hirup jeung kahirupanana. Tarékah nu dilaksanakeun ti mimiti
masang bubu, ngalalana sarta digawé di Aki Kebon Jayatapa, jadi oray lembu
lantaran tapa. Éta pagawéan téh dilaksanakeun kalawan sabar jeung tawekal teu
gedag kaanginan ku pangjejeléh ti batur.
Moral séjénna anu hayang
ditepikeun ngaliwatan ieu dongéng, nya éta gambaran hiji raja atawa pamingpin
anu daék ngorbankeun kapentingan pribadi jeung kulawarga demi kapentingan jeung
kasalametan rahayatna.
h. Fungsi kapercayaan
Dina dongéng Si Sebul méré
gambaran kana tradisi masarakat Sunda anu sok percaya kana impian. Impian keur
masarakat totondé atawa kira-kira anu bakal kajadian.
C.
APRESIASI CARITA PANTUN
1. Wangenan Carita Pantun
Carita pantun mangrupa salah
sahiji sastra Sunda pituin jasana para pangarang baheula nu ilahar disebut
bujangga. Ajip Rosidi (1966:1) nétélakeun, yén nu dimaksud carita pantun nya
éta sarupanin sarita rékaan panjang anu dilalakonkeunana umumna alam Pajajaran
jeung alam behditueunana. Ilaharna pagelaran mantra lumangsung sapeuting jeput
ti mimiti bada Isa nepi ka wanci subuh. Carita pantun enya-enyana mah media
sastra Sunda buhun nu mangrupa maniféstasi Jiwa Sunda baheula. Fungsina
némbongkeun Jiwa jeung kapercayaan pakumbuhan nu ngahasilkeunana. Gunana di
masarakat, ceuk Tatang Sumarsono (1986:33), dina mangsa katukang-tukang mah
pagelaran sarita pantun téh lain ngan ukur keur hiburan wungkul tapi dianggap
pagelaran anu raket patalina jeung kapercayaan, upamana baé dina ngaruat, méré
ngaran orok, sunatan, mitembeyan tandur, mungkas panén, jrrd. Bisa jadi éta
anggapan téh kiwari gé masih kénéh hirup lantaran carita pantun dianggap sakral
téa.
Lian ti keur hiburan jeung
kagiatan-kagiatan nu raket patalina jeung kapercayaan, kiwari carita pantun
jadi bahan panalungtikan, lantaran ceuk Ajip Rosidi (1983:13), carita pantun
gedé mangpaatna keur kajembaran basa jeung sastra Sunda. Malah keur
widang-widang pangaweruh séjénna, kayaning: sajarah, antropologi, ethnografi,
kapercayaan, jll-na. Lian ti éta carita pantun baris méré katerangan ngeunaan
kahirupan-kahirupan urang sunda baheula, baris bisa méré bahan pikeun ngayakeun
rékonstruksi hirup kumbuh Sunda buhun.
Kulantaran gedé mangpaatna téa,
carita pantun ti béh ditu kénéh geus dikumpulkan, dibukukeun, jeung
ditalungtik. Nurutkeun Ensiklopédia Sastra Sunda (1983:301-302) paneka
panalungtikan carita pantun saperti di handap ieu.
Dina taun 1891 Agus Raksa
Atmadja, kontrolir Y.Y. Meyer kungsi ngumpulkeun carita pantun anu aya di
wewengkon Baduy. Carita pantun nu dikumpulkeun di antarana: lalakon Bima
wayang, Gajah Lumantung, dan Panambang Sari. Argasasmita, mantra gudang kopi di
Kawunglarang (Majaléngka), nulis carita pantun Lutung Kasarung dina aksara
Jawa. Anu satuluyna éta teks ku Atja disalin kana aksara latén. Lian ti éta, Atja
remen nyutat carita pantun pikeun bahan babandingan jeung naskah nu dicutatna.
M. Engkawidjaja (1937) ngarobah
carita pantun Lutung Kasarung kana wangun wawacan. F.S Zringa (1949) nulis
disertasi dina widang filologi jeung sastra ngeunaan eusi carita pantun Lutung
Kasarung. K.H Ridding (1929) nulis disertasi ngeunaan Nyi Sanghyang Sri nu aya
patalina jeung carita pantun.
Dina taun 1971 D. Djayasumpena
nerbitkeun hasil talaahna ngeunaan eusi carita pantun Lutung Kasarung. Lian ti
éta kungsi nulis carita pantun Mundinglaya Di Kusumah. Kitu deui Ahmad Bakri
(1976) kungsi nepikeun carita pantun Lutung Kasarung dina majalah Manglédumasar
kana teks Argasasmita.
Rd. Kartabrata (1923)
magelarkeun carita pantun Lutung Kasarung dina wanda gending karasmén di Bandung.
Dina taun 1949 Rustam Sutan Palindih nyalin carita pantun Lutung Kasarung maké
basa Indonésia. Kitu deui Ajip Rosidi (1968) medar perkara carita pantun
Deugdeugpati Jayaperang dumasar kana édisi C.M.Pleyte.
Dina taun 1970, Ajip Rosidi
ngadegkeun Proyék Penelitian pantun dan Folklor sunda (PPP&FS). Éta proyék
ngumpulkeun carita pantun Buyut Orenyeng, Badak Pamalang, Budak Manjor,
Bujangga Pangalasan, Ciung Wanara, Gantangan wangi, Kembang Panyarikan, Kuda
Maléla, Lutung Kasarung, Lutung Leutik, Mundingkawati, Nyai Sumur Bandung,
Panggung Karaton, Parénggong Jaya, Radén tanjung, sri Sudana atawa Sulanjana
jeung Mundinglaya Di Kusumah. Tétéla carita pantun geus dikumpulkeun,
dibukukeun, jeung ditalungtik ti béh ditu kénéh, tapi panaungtikan husus keur bahan
pangajaran mah katangén kurang pisan. Ku kituna ieu panalungtikan perlu
dilaksanakeun pikeun kaperluan bahan pangajaran, utamana bahan pangajaran
(unsur-unsur) carita pantun.
Carita pantun nu baris
dijadikeun conto Aprésiasi nya éta carita pantun Lutung Leutik.
2. Aprésiasi carita Pantun
Lutung Leutik
Sempalan Carita Pantun
Lutung Leutik
Asyhadu alla ilaha ilallah
Wa asyhadu anna
Muhammadarasulullah
Jisim kuring ti payun ngaula
pihatur
Ka Jagatara
Pangersakeun
Ka Allah ka Rosulullah
Darma mantun
Nabiyi Muhammad
Allahuma sayidina Muhammad
Allahuma sayidina Muhammad
Ala sayidina Muhammad
Simkuring ngaleuleuhal neda
pihatur
ka wa dalem dingin sabadegana
Ka Embah Kuru sangkan Cirebon
girang
Nu asal ka Embah Pangéran
Panjunan
Jisimkuring kapiwarang kudu
ngélék
Dina wengi ieu papantunan
Ku Ki Ayip
Anu ngarajah
Lain munah
Lain carék
Lain basa
Maksud-maksadna rék dipeuhteur
Supaya turunkeuneun ka anak
incu
Supaya uninga wa dalem dingin
Kalayan embah Kuwu sangkan
Cirebon girang
Nu asal Embah Pangeran Panjunan
Nuhunkeun suka lega karidoanana
Ku sim kuring bakal ditutur
heula
Diucap dicaritakeun
Ka Sunan Purba
Ka Sunan Kabéh
Ka Sunan Kalijaga
Ka Sang Ratu Dangiang Purba
Ka Pangéran Jurus
Ka Guna Kusumah
Ka Galuh Adam Babar Buana
Ka Sangiang Rancasan
Ka Gending Sangan Gending
Sanggakeun hatur pangabakti sim
kuring
Saterasna ngahaturkeun
pangabakti
Ka indung bumi
Ka bapa langit
Ngahaturkeun pangabakti
Ka mendung ka nu moékkeun
Ngeunteungkeun ka langit poék
peuting
Ngesreh pangabakti
Ngahatur pangabakti
Ka nu boga taun dalapan
Bulan dua welas
Ngahaturkeun pangabakti
Sim kuring nguningakeun
Ka nu ngugakeun dalapan
duawelas
Sarta nguningakeun deui
Ka urang sawarga maniloka
Ka Para Pujangga
Para Dewata
Para Pohaci
Para widadari
Ka ibu nu miresa loba
Muga ngahatur pangabakti
Jisim kuring duméh kedah ngelek
peuting
Ieu papantunan digurit
Muga-muga diparengan supaya
berekah salamet
Waras waluya apanjang apunjung
Sakitu ka urang sawerga
maniloka
Ulah jadi kabendon
Bilih kurang saréat saratna
Marga dipénta moal seep
Saterasna ngahaturkeun
pangabakti
Ka para dedemit
Sadaya para dedemit Bandung
Anu ngageugeuh dayeuh Bandung
Anu cicing di tengah dayeuh
Disuhunkeun pitulungna
Mugi-mugi ulah ngabadaran
gogoda rancana
Sing berekah salamet
Waras waluya
Waras pitutur
Éndah picarékna
Sakitu ngahaturkeun pangabakti
Luput tumut
Salah mugi ngahampura sim
kuring
Nambé ka para karuhun
Ka para nu ngartos salapan
Turunan ti ciistri salapan
Turun ti pameget
Mugi-mugi mangnedakeun
Ka Gusti Maha Kawasa
Suoaya marengan berekah salamet
Waras waluya
Sakitu sim kuring nu
dibaktikeun
Bilih
luput tumut
Salah mugi ngahapunten
Salajengna ngahaturkeun
pangabakti
Ka nuhunkeun berekah ti Alohna
Rasa patihna bagénda ti Alohna
Rasa patihna Bagénda Rohmat
Ka Aloh patih sadaya para wali
Mugi-mugi dilemperkeun
Sakitu ka Uwa dalem Dingin Sabadegana
Mugi-mugi marinan berekah
salamet
Waras waluya
Marteda ka nu kawasa
Ieu dupi cariosan
Bakal ditukil turunkeuneun jaga
Ka incu putu
Sakitu nu dihaturkeun ku jisim
kuring
Bilih lepat nyebut
Salah ngucap
Mugi kersa ngahampura
Ka ituna ka ieuna
Sakur aya nu di dalem
Sakituna ku sim kuring nu
dibakti
Disuhunkeun pitulungna
Mugi-mugi ngabareng rancana
Ngalaksanakeun kana sagala
percipta
Mugia diparinan hasil
pamaksudan.
D.
APRESIASI CARITA PONDOK
1. Wangenan Carita Pondok
Carita pondok kaasup kana karya
rékaan fiksi, anu dilakukeun tina rahim bakat si pangarang, ngagunakeun basa
minangka médiana ngagambarkeun misteri kahirupan, ngaguar enas-enasna, ngobét
hal anu panghakikina ngarah jadi eunteung.
Frans Mindo méré pamadegan kana
carita rékaan, anu kacindekanana yén carita rékaan téh mangrupa carita narasi
anu sipatna naratif, fiksi anu sipatna fiktif sarta wangunna prosa.
Dina sastra Sunda istilah
carpon nuduhkeun kana karangan dina basa lancaran (prosa)
Anu wangun fiksina pondok tapi
éta kecap pondok téh can nyugemakeun pikeun dijadikeun wangenan carita pondok.
Kungsi ditepikeun ku Tatang Sumarsono (1986:68), yén carpon téh mangrupa
karangan fiksi anu caritana teu enya-enya kajadian atawa kaalaman ku dirina.
Dina maca carpon biasana méakkeun waktu nepi ka 30 menit sarta jumlah kecapna
ogé umumna tara leuwih tina 500 nepi 5000 kecap.
Lain deui pamadegan Ellery
Sedgwick (Notosusanto, 1957:30), manéhna méré pamadegan yén carita pondok téh
nya éta: Pengajian suatu keadaan tersedia atau suatu kelompok keadaan yang
memberikan kesan yang tunggal pada jiwa pembaca. Cerita pendek tidak boleh
dipenuhi oleh hal-hal yang tidak perlu atau “a short story must not be
cluttered up with inrelevance”.
Aya deui pamadegan séjén ti Yus
Yusrana (1981:44), yén carita pondok téh sarua jeung dongéng. Boh carpon boh
dongéng sarua parondok, ngan baé dina dongéng sok aya bagian anu pamohalan,
tapi dina carpon mah umumna teu aya. Tegesna eusi caritana kaharti ku akal.
Palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadianana diréka lir enya-enya
kajadian.
Sabada maca wangenan di luhur,
bisa dicindekeun yén carita pondok nya éta karya anu kaasup kana karangan fiksi
anu bisa méakkeun waktu 15 nepi ka 30 menit pikeun dibacana, ogé caritana
kaharti ku akal tur jalan caritana lir bener-bener kajadian.
2. Ciri-ciri carita Pondok
Henry Guntur Tarigan
(1954:177-178) nétélakeun yén ciri-ciri carita pondok nya éta:
a.
Ciri-ciri utama cerita pendek adalah singkat, padat, intensif.
b.
Unsur-unsur utama cerita pendek adalah adegan, tokoh, dan gerak:
c.
Bahasa cerita pendek haruslah tajam, sugestif, dan menarik perhatian,
d.
Cerita pendek haruslah mengandung interpretasi pengarang tentang konsepsinya
mengenai baik secara langsung maupun tidak langsung.
e.
Sebuah cerita pendek harus menimbulkan perasaan pada pembaca bahwa jalan
ceritalah yang pertama-tama menarik perasaan dan baru kemudian menarik
perhatian.
f.
Cerita pendek mengandung detail-detail dan insiden-insiden yang dipilih dengan
sengaja dan yang bisa menimbulkan pertanyaan dalam pikiran pembaca.
g. Dalam sebuah cerita
pendek, sebuah insiden yang terutama menguasai jalan cerita
h.
Cerita pendek harus mempunyai seorang pelaku utama
i.
Cerita pendek harus mempunyai kesan dan efek yang menarik.
j.
Cerita pendek tergantung pada situasi.
k.
Cerita pendek memberikan impresi tunggal.
l.
Cerita pendek mempunyai satu kebulatan efek
m.
Cerita pendek nyajikan satu emosi
n. Jumlah kata-kata yang terdapat dalam cerita pendek
biasanya dibawah 10000 kata. Tidak boleh lebih dari 10000 kata (kira-kira 33
halaman kuarto spasi rangkap)
Jacob Sumarjo ogé méré
pamadeganana kana ciri-ciri carita pondok, di antarana waé:
a.
Wangun pisikna pondok
b.
Sipat caritana naratif, lain argumentatif
c.
Fiktif
d.
Realistis
e. Ngandung hiji kajadian
Nilik kana pamadegan di luhur,
bisa dicindekkeun yén ciri-ciri carpon téh nya éta:
a.
Carita pondok mangrupa karangan rékaan anu wangun fisikna pondok lantaran
kawengku jumlah kecap anu relatif pondok.
b.
Sipat carita pondok téh narasi anu fiktif, maksudna caritana heunteu
bener-bener kajadian tapi kudu luyu atawa nyoko kana realitas tur kaharti ku
akal.
c.
Carita pondok ngandung hiji kajadian hartina eusi caritana kudu museur kana
hiji implengan anu rék ditepikeun.
d. Jalan carita pondok kudu
ngirut haté nu maca tuluy ngirut pikiran nu maca.
e.
Dina carita pondok kudu aya saurang palaku utama lantaran kajadian dina carita
pondok kudu museur kana salah saurang palaku, nyatana palaku utama.
f.
Basa anu dicaritakeun dina carita pondok kudu singget.
g. Média anu dipaké dina carita
pondok kudu ngagunakeun media tinulis.
3. Apresiasi Carita Pondok
Surat keur Bapa
(Karya Iskandarwasid)
Da puguh jalma leutik bapa
kuring mah, nya waktu maot téh nu ngalanteurkeunana ogé jalma-jalma laleutik
deui waé. Jeung teu loba, tapi bangun ariklas. Cuhcih nu nguruskeun pasaran,
lapor ka lingkungan, nu nyusur taneuh, na motong papan pipadungeun,
manguruskeun piboéheun téh éstu tanpa pamrih. Mu téa mah maranéhna ngararepkeun
buruh asa piraku, da puguh kaayaan kolot kuring téh geus nembrak. Di gowok nya
buntut nya ngupung kitu bet piraku aya araheun.
Peutingan sabada dikurebkeunpa
erte datang, duaan jeung ketua seksi dana kematian. Panjang ngobrolna mah jeung
indung kuring téh, kuma wé ilaharna ka nu tas kapapatenan. Tapi ari maksud n
amah ngan milu prihatin wé cenah ti kadang warga saérté. Barang rék balik
manéhna téh nyodorkeun duit, dibungkus ku keretas, dikarétan. Kaciri da
bungkusna teu buni, geus lalusuh, da puguh meunang ngumpulkeun ti
tatangga-tatangga wé, papada jalma teu boga. Tuluy sasalaman jeung indung
kuring. Ka kuring gé, ka budak tara-tara ti sasari maké ngajak sasalaman.
“kadé Jang, siang junun sakola
téh,” pokna. “boga pangarti mah sugan wé hirup téh moal ripuh-ripuh teuing.
Geus kelas sabaraha ayeuna téh?” kuring unggeuk kawas nu heueuh.
Padahal ti barang bapa brek
gearing téh kudu geus mindeng males. Mun dijumlahkeun mah aya tilu-mingguna.
Era tuda, unggal diabsén nu can mayar sumbangan bulanan, kuring deui kuring
deui nu ngacung téh. “kumaha ieu téh mukri hah? Isuk deui isuk deui! Ari moal
mayar puguh! Mun teu mampuh atuh mawa katerangan ti érté!”.
Waktu dikitukeun téh kuring
ngeluk wé . Tuda naon piomongeun. Ménta, ménta ka saha. Nenjo bapa sakitu
payahna naha kanyeri piraku tega pok. Rék ngomong ka indung, kuriak
nambah-nambah kabingung, da cacak mun aya méh moal kudu di pénta. Bérésna mah
nya bolos téa wé. Ti imah indit, balik-balik lamun geus waktu budalan.
“si Mukri mangkir! Si Mukri
Ibro!” pokna. Isukna dibaréjakeun ka guru. Batur dialajar kuring mah
digelendeng. Tuluy dijagjragkeun ka kantor kapala. Mani ngeleper sajeroning diseukseukan
téh. Sieun, jeung éra pangpangna mah. Tungtungna hing ceurik, teu kawawa. Waktu
diidinan deui abus ka kelas téh teu pati atoh, da sieun disurakan deui. Rék
tuluy balik komo, nambah-nambah pikacuaeun guru. Awahing ku bingung léos ka
tukang, ngadon sibeungeut heula. Hayoh wé nyemplangkeun beungeut, pirang-pirang
lila, da cipanon berebey deui brebey deui kawas cinyusu.
Tayohna bapa kepala téh
nuturkeun, da waktu kuring malik manéhna ngajengjen tukangeun. Atuh rumpuyuk
deui kuring téh, kawas nu kacerek deleg. Potlot gé nepi ka murag awahing ku
reuwas. Hadéna buku mah heunteu. Mun murag téh meureun lapur kana kolombéran.
“ku naon atuh manéh téh anu
sabenerna Mukri hemh? Cing pek balaka, da moal dikua-kieu. “pokna, “tadi-tadi
maneh téh jadi pamujian guru, ari ayeuna bet kieu? ” teu nembal. “henteu gering
mah manéh téh?” “heunteu”. “kamana waé atuh pangna teu sakola téh?” teu nembal.
Lila heula kakara pok deui nanya. : “ari bapa manéh kana dagang kénéh?”.
“heunteu”?. Udur. Tos lami da.”. Baruk gering?” pokna, semu kageteun. “saha
atuh anu tunggu dipasar?”
“Da tos teu gaduh jongko ayeuna
mah…”. Kuring jadi rada tatag nyarita téh da bapa kapala sorangan leuleuy
ayeuna mah. Waktu dibawa deui ka kantor, teu rerempodan teuing cara tadi. Komo
waktu dicekel tak-tak mah, bari leumpang, rarasaan téh asa keur leumpang jeung
bapa sorangan.
Indung kuring kungsi diangkir
ka sakola. Nya pasti rék ngabadamikeun perkara kuring. Balikna geus beurang,
bari rambisak, nénjonkitun kuring téh mani hayang sagabrug-gabrugeun handeueul
nénjo indung nepi ka kudu ngalaman patokanen, alatan pamolah kuring. Pantesana
diditu téh kokompodan, da saumurna gé indung kuring mah tara nete
kantoran-kantoran. Komo ieu bari jeung alatan anak nyieun tanmpah deui uni,
sasat digebruskeun.
Méméh di pentog kuring hayang
miheulaan wakca, yén polah abur-aburan ti sakola téh saestu n amah awahing ku
teu kuat nahan kaéra. Lain ngahaja rék ngawiwirang kolot. Tapi teu bisa pok da
biwir kaburu kabekem ku angen nyelek.
Indung kuring geus jigana teu
bisa bro ngutahkeun kakeuheul téh, bangun teu tegeleun nénjo kuring nu geus
taya peta bisa ngangles. Nyaritana teu papanjangan deuih. Kitu méméh
ngaharéwos. Kawas anu sieun kadéngéun ku bapa di kamar.
“Jang Isuk mah sakola deui wé
nya!” pokna. “sing getol cara sasari. Sing nyaah ka ema. Di sakola sing
saregep, ulah carekeun batur. Geuning guru-guru téh sakitu balageurna”.
Kuring teu nembal teu unggeuk.
Komo barang diusapan sirah mah kuring téh kalah ka nyuuh.
“sing tawekal jang, urang téh
keur dipuragan. Mana kieu gé kersana Pangéran. Ngan muga-muga wé bapa sing
geura sacara bihara bilhari deui. Genteng-genteng ulah potong…”
Peutingna kuring téh hésé rék
saré. Nyileuk wé, asa jararauh panineungan. Sakapeung-sakapeung sangkat, bari
neges-neges bapa, da kuring saré téh tunjangeunana. Beu, geus robah pisan bapa
téh. Panon geus jarero. Tulang pipi mani nyalohcor. Kulit anu tadina hideung
balas kapoé ayeuna mah konéas kawas hayam meunang ngaléob. Halisna asa beuki
cokrom. Diteuteup téh: renghap, les. Alon pisan ngarenghapna téh bangun
bareurat
“sok pa ku kuring dibantuan…”
ceuk kuring jero hate. Pirang-pirang lila dipencrong we.
„emh boa-boa pa…! tapi ah kétah
pa…!‟ ceuk hate, neger-neger manéh. Tapi, sajeroning ngahérang pikiran téh bet
kalah ngalelewang manéh, teu beunang dibangbalérkeun. Bruh-bréh budak pahatu
lalls, keur saparan-paran bari ngelak nanyakeun indung nananyakeun bapa.
Pantesna budak téh pantaran kuring. Teu sanak teu baraya.
Tidinya tuluy nginget-nginget
babaturan sakelas, saha-saha waé anu geus teu baroga bapa. Teu nimu. Aya gé nu
kainget di kelas tilu, sahandapeun. Tapi ayeunageus kaluar, da sok pada nékéan
wé ku batur-baturna. Ari ku budak awéwé, sok diparonyokan téh pédah tara
disendal-sendal acan. Sabada kaluar kungsi panggih deui jeung manéhna téh,
dipéngkolan gang asih. Leungeuna nu kénca nyekelan biwir nyiru, ari nu sabeulah
deui ngajingjing térmos és. Ngaleut wé gawéna téh sajajalan, nataan
daganganana, “pisaaang…! Kasreeeng…! Katimus…!” bangun ripuheun naker nyunyuhun
nyiru téh, da puguh awakna téh nya kurunya pacer.
Tariking anteb lamunan méh teu
karasa kuring ujug-ujug nyampoyon, ngagéléhé gigireun bapa. Leungeun
ngagaramang, meulit kana waruga nu kari tulang. Reup kuring peureum. Nginghak
bari haharéwosan.
“Pa…, bapa, ulah waka ninggalkeun
atuh pa…!”
Teu emat teu emut diharéwosan
téh, bangun bangun geus teu ngadéngé nanaon. Malah ngarénghapna ogé asa beuki
ngendoran. Awakna nyongkab kawas runghak. Kuring morosotkeun leungeun lalaunan
ngarah teu karasaeun. Teu disangka-sangka nyah bapa téh beunta. Pék ngagileur
ka kuring, bangun neges-neges semu lungsé.
“ieu abdi pa…! Abdi…!”
Sajeroning paneuteup hate geus
teu sabar hayang geura ngadéngé deui sora. Ukur sakecap gé keun waé, ngarah ieu
hate daékeun teger. Tapi didago-dago téh teu ngong waé, kalah reup deui jeung
bapa. Jigana teu cukup ku teuteup peuting harita wé, da puguh sagalana gé geus
nembrak. Bungbas taya gantar kakaitanana.
Mun téa mah aya nu nyantél waé
sajeroning hate, nya éta mah.” Nanasiban nu jadi bapa. Paribasa, hirup téh bet
népi ka kudu nyorangan maut nyere ka congokna.
Tadina mah bapa téh prah wé
hirupna cara nu lian. Enya teu kasebut jalma aya, tapi teu ripuh-ripuh teuing.
Mangtaun-taun bapa muka jongko di pasar , ngawarung sangu. Kajojo naker, boh
kupapada urang pasar boh ku nu ngaliwat, da kabeneran jongkona téh nampeu
kalawang, sisi jalan. Turug-turug padeukeut jeung pangeureunan oplét atuh mani
ngagimbung-ngagimbung waé anu ngadon dalahar jeung mantuan laladén. Ari indung
kuring ukur kapeung-kapeung ayana pasar di pasar téh, da imah gé sakahayang
sarua” pakpikpek. Asakeuneun keur isuk téh mani ngalayah, siga nu rék salamétan
wé saban poé gé.
Harita mah teu ngimpi-ngimpi
yén kasenangan bapa téréh nungtung. Ujug-ujug cew pabéja-béja di papada yén
pasar téh cenah dibongkar ku kotamadia, rék dipindahkeun ka kiduleun rumah
sakit. Teu kamana ku pamaréntah aya pasar lebah dinya lantaran ngotoran
kaéndahan kota. Saban isuk runtah téh ngahunyud-hunyud waé, tapi béja kitu téh
raména ukur bubulanan. Disusud-susud mah euweuh nu bisa mastikeun. Atuh nu
baroga jjongko pikirna jarongjon deui.
Béja nu enya mah nu pandeuri.
Cenah éta pasar téh rék dijieun pasar tingkat, malah adu manis jeung kamekaran
kota. Nu baroga jongko tuluy dicatet ngarana saurang-saurang, da cenah engkéna
pasar tingkat téh diajangkeun maranisna. Ngan ukur mimingguan jongko-jongko téh
rata jeung lemah. Kari urutna wé kawas diburulukeun ku lini. Jung pasar tingkat
téa mimiti tembong rangkay betonna.
Bapa muka warungna pindah ka
peuntaseunana, némpél kana tembok took maksudna ngarah kapegat langganan. Sapoé
duapoé mah nya bisa lila-lila langganan téh nungtutan laleupasan. Komo sanggeus
pangeureunan oplét dipindahkeun mah nu ngaradon dahar beunang diitung ku ramo.
Tukang béca na kitu, geus teu aya pangeureunan oplét mah maranéhna malencar
tara ngariung didinya. Nya beuki titiseun wé dagang téh. Nyangu tilu leter ogé
tampolana mah nyésa. Daging-daging atawa angeun ngalaman sababaraha kali
dihaneutkeun. Beuki nyéot beuki boro meunang bati. Tungtungna nepi ka korédas jeung
modal-modalna . malah antukna mah bap amah mindeng nyebut-nyebut boga hutang,
ka tukang daging sakitu, katukang béas sakitu, ka anu sakitu.
Cag kana sangu. Tuluy
nyoba-nyoba ngasupan endog ka warung-warung, ngarah dina ngembreukna teu
bangkar cara dagang asakan. Mandeg, da hésé balikna deui téh, kudu ngadagoan
sapayuna. Pék dagang tanggung kana sayuran. Ngandeg deui waé da batur mah laris
sotéh mana horéng dianjuk-anjukeun, bulanan atawa mingguan. Bapa mah tara bisa
kitu, modalna ogé apan meunang unjam-injeum.
Ti harita aya bulan bapa téh
nganggur, bangun mikir-mikir kénéh kana naon aya picabakeun.
Golosor imah kajual. Sasat
dimumurah, da karurusuh ku nu baroga duit, nanagih waé. Sésa babayar
ditapelkeun deui ka ragowok, jeung keur ngamodalan mih baso. Beuki lila beuki
burindil wé, da mindeng nyésa gening dagang baso mah, meusmeus nombokan
meusmeus nombokan. Indit sore balik peuting téh boro-boro, nu puguh mah bapa
kuring beuki limpeu, cape ku udar-ideran jeung kurang saré. Dikeureuyeuh sotéh,
da piraku ari kudu nangkeup tuur mah.
Kadieukeun bapa téh sok ménta
dibarengan ku kuring, da mindeng lieur cenah. Bisi kajadian katurelengan di
jalan aya nu bébéja ka imah. Ngiclik wé kuring téh nutur-nutur bujur bapa bari
ngagéndol kurupuk, disoléndangkeun ku tali rapia. Pamoroan bapa téh parapatan
jalan. Astana anyar, deukeut béngkél, duka kunaon didinya mah ramé waé. Mun
ngalamot dinya sok geuwat muru stanplat Bojongloa. Didinya mah raména téh nu
ngadaragoan beus; jeung oplét nu ka ciwideykeun. Saban sore kituna téh. Jigana
maranéhna téh réréana mah. Pagawé pabrik, atawa tukang dagang; da béda tina
pamuluna; mun geus reup peuting kukurilingan téh sok ngarukgeung. Ungagal gang
imeuy disaksrak ti tungtung nepi ka tungtung.
Enya wé bap amah leumpangna téh
sok sosolontodan, lamun aya anu nyuntrung-nyuntrungkeun. Mun nénjo kitu kuring
sok ngahaja miheulaan ngajak eureun, api-api capé. Mun bapa cingogo pundukna ku
kuring sok pencétan lalaunan. Salila marengan bapa téh kungsi dua kali liwat ka
pasar tingkat téa. Mani anjang. Dina urut jongko bapa téh ayeuna mah took
televisi jeung radio. Plang nag é mani ngajeblag: took televisi Kong Liong.
Apal kuring mah lamun dititah nataan jongko sasahana baréto di jajaran éta téh,
da keur bapa didinya kénéh mah ngaulinan sapopoé. Ayeuna mah duka dimarana
manéhna téh. Teu barisaeun arasup deui saréréa ogé da cenah nebus jongko nepi
ka kudu ratusan rébu. Boro-boro. Kabéhanana boboléh. Antukna mah nya tup-top wé
ku raja-raja uang da titadi gé tayohna mah geus pada ngadodoho.
Lalakon nutur-nuturkeun bapa
tamatna dina poé saptu, pasosoré. Harita bapa keur diparengkeung panggih jeung
milikna meunang panagogan nu merenah gigireun tukang sirop. Ramé ku jelema ramé
ku nu meuli di dinya mah. Ti barang gog bapa teu eureun-eureun ngaladangan.
Kuring mah cingogo wé gigireun blék kurupuk, bari nyérangkeun ka belah kidul,
mani ngabaris nu daragang téh. Mun diitung mah aya kana tilu puluhna; tukang
sirop, kupat tahu, suuk, martabak, sate, kuéh tangbang, pisang, gulé, ah nya
rupa-rupa wé.
Keur meujeuhna ramé nu mareuli,
na atuh ti Beulah kalér ujug-ujug kadéngé nu patingharéak, kawas aya riributan.
Tingberetek nu lulumpatan. Mana horéng aya pembersihan, meni dua treuk.
Petugas-petugas maraké baju héjo, maraké helm marawa pangebug, matak
pigarilaeun. Datang-datang jungjleng laluncatan tina luhur treuk bangun tarapis
pisan. Nu daragang téh réok ka ditu, réok ka dieu, da puguh geus kakepung. Dor
dar tanggungan paadu jeung tanggungan roda sorong awahing ku geumpeur. Sora
panel brong brang, tigogoloncong. Borolo sora botol jeung piring. Katambah sora
patingbeletok, jeung tingkocéak. Persis wé kawas aya nu kahuruan.
kuring bapa-bapaan, reuwas
pacampur jeung sieun. Ari bapa digero-gero téh kalah nguruskeun pamulungan.
Bérés pamulungan tuluy nyokot piring nu jarajan téa, gaya gayo. Atuh kaburu
krewek mantén. Bapa nongtak, hayang nyalametkeun tanggungan bisi dihanyatkeun
kana treuk. Barang rék regereyeng pisan leungeun bapa nu belah kénca karawél
mantén.
“Tong lumpat siah!”
Pageuh nu nyerek keukeuh nu
tétéréjél, na atuh ana barawak téh kepret bapa belah dua tilebah punduk pisan.
Soéh ngangkarawak mapay tonggong da puguh baju geus bobo. Bapa ngarumpuyuk,
siga nu rék brek diuk. Hadéna kuring dibéré inget. Bongoh itu, bapa ku kuring
dijeuwang satengah digusur, sirikna teu bari notog-notogkeun manéh. Blus ka
gang gupit. Seselendep, duka ka mana pibijileunana. Lebah nu nyingkur kamprét
bapa anu awek-awekan téh dicatét heula ku panitih, bisi disangka jalma
andar-andar.
Tilu poé ti harita tanggungan
bapa téh aya nu ngalanteurkeun ka imah. Nu haat téh urang gang Mukardi, papada
tukang baso deui wé, kawawuhan bapa. Mani geus payeyod tanggungan téh da puguh
kaidek jigana, piringna mah teu kapulungan hiji-hiji acan.
Teu waka dibéjakeun ka bapamah.
Angkanan engké wé mun geus cageur, da ti barang kajadian harita téh bapa tuluy
ngaringkuk, panas tiris. Teu nyangka satungtung buuk harita meh yén bapa téh
moal diparengkeun nincak taneuh deui. Atuh nepi ka maotna lat waé poho teu
kungsi kabéjakeun.
Inget-inget deui sotéh kana
titinggal bapa waktu ngadéngé aya tatangga butuheun tanggungan baso. Sugan wé
payu. Pék dikumpulkeun, dikeprukeun, dielapan, diranjing-ranjing. Tuluy
rancatanana dipasangkeun. Geus masang bet jorojoy aya pikiran séjén. Tanggungan
téh hég ku kuring diajar-ajar, ngangser saeutik. Mun diteukteuk mah sukuna dua
ramo ge cukup. Jung deui ajaran bari diemplad-emplad, ngukur beurat-beuratna.
“ah kabawa…” ceuk kuring,
ngomong sorangan.
“ma..mun aya modalna mah nya…!”
Indung kuring teu nembal, ukur
melengek. Tapi tembong aya sari bungah. Kuring teu wani ngomong deui bisi
nambah-nambah susah pikiran indung. da tina buburuh nyeuseuh téh boro-boro aya
sésana.
E. APRESIASI NOVEL
1. Wangenan Novél
Kecap novél téh asalna tina
basa latén “novus” anu hartina anyar ieu kecap téh robah jadi “novelus”, terus
rubah deui jadi novél. Nurutkeun katerangan asupna ieu istilah kana basa
Inggris téh, abad ke-16. Pangna dihartikeun anyar sabab karangan wangun novél
dina sastra Eropa téh leuwih beh dieu gelarna mun dibandingkeun jeung roman.
Dumasar kana hal éta sastra deungeun mah memang aya novél jeung roman.
Sedengkeun dina kahirupan sastra sunda antara roman jeung novel téh dianggap
sarua.
Sangkan leuwih tétéla naon anu
dimaksud novel téh nya éta karangan fiksi anu ngagambarkeun kahirupan sapopoé,
jalan caritana loba bagian-bagiannana tapi angger gumulung dina hiji lanjeuran,
dina eusi caritana digambarkeun watak para palaku, suasana, waktu, jeung tempat
lumangsungna kajadian. Kukituna novel téh ditulisna ngagunakeun basa lancaran.
Ari novel munggaran dina kahirupan sastra Sunda téh nyaéta judulna baruang ka
nu ngarora karangan daéng kanduruan Adiwinata, dina taun 1914.
2. Aprésiasi Novél
Judul : Novél Lain Eta
Pangarang : Moh. Ambri
Penerbit : C.V. Pustaka Sunda
Citakan : Kaopat, 1965
Dikaluarkeun ku : Rahmat
Cijulang 1983, 1986
Wangunan : Novél
a. Ringkesan carita
Basa balanja di took, néng Eha
putra kalipah Cianjur papanggihan jeung Niahmud, murid KWS Betawi anu keur
pakanci di Cianjur. Ti harita kalibetna hubungan cinta antara Néng Eha jeung
Mahmud téa. Éta hubungan cinta dua rumaja téh dipungkas ku panglamar kolot-kolotna
Mahmud, anu minangsaraya ka dulurna di Cianjur. Panglamar téh teu hararésé,
langsung ditarima ku Juraga Kalipah.
Heuleut waktu, panglamar téh ku
Juragan kalipah dibatalkeun. Malum, Mahmud ceuk Juragan Kalipah mah lain
kupuna, anak patani Sukabumi, cacah kuricak, lain ti golonganana. Balukarna
hubungan Eha jeung Mahmud téh kudu dipungkas ku pipisahan. Mahmud pleng tara
embol-embol, cenah mah gawé di Semarang. Ku ramana, Néng Eha téh dirépotkeun ku
Juragan Mantri, duda kolot ti kuningan. Ngarangkepna Néng Eha ka Juragan Mantri
, atuda satengan dipaksa, lain karana cinta. Sanggeus pisah lima bulan, ahirna
Néng Eha léah daék milu ka Kuningan. Teu lila rukunna téh, Neng Eha hahadéan
jeung lalaki séjén.ngarasa katohyan kalakuanana, Neng Eha kabur ka Cianjur
sarta ménta dipirak.
Ku sabab sieun disusul ka
Cianjur, Néng Eha indit ka Bandung. Nya didieu pisan Néng Eha meunang laratan
ngeunaan kaayaan Mahmud, anu inyana geus kawin cek béja mah. Pikeun nyacapkeun
ketugenahna, Néng Eha ngalambangsari jeung Radén Kosim, hirup gé sacara istri
carogé, reujeung saimah.
Ti wangkid kabur ka Bandung, ku
kolot pamegetna jeung carogéna Néng Eha téh diburkeun, Néng Eha panundung
ramana moal diaku anak, cenah. Juragan Mantri carogéna gé boseneun nguruskeun,
nanging ari mirak mah henteu.
Teu ku henteu Néng Eha gering
tipes, kudu dirawat di rumah sakit. Mulang-mulang ka Cianjur téh sanggeus
cageur. Ningal saréat putrana, Juragan kalipah léah ngahapunten putrana, diaku
anak. Atuh salakina, juragan Mantri ogé nyaosan kahoyong Néng Eha, diragragan
talak, ayeuna Néng Eha bumen-bumen deui jeung sepuhna, babalik piker, getol
ibadah, sadrah sumerah narima kadar.
b. Sawangan kana Galur jeung
Plot
Runtuyan kajadian (galur) jeung
timbulna sabab-musabab kajadian (plot) dina Novél Lain Eta, lamun
dideskripsikeun:
Kusabab Juragan kalipah mamaksa
megatkeun hubungan cinta Néng Eha ka Mahmud, Nén Eha ngalaman gering pikir. ku
Juragan Kalipah, Néng Eha téh ditikahkeun ka lalaki nu teu dikenalna sumawona
ari micinta mah. Akibatna Néng Eha mangpisahkeun. Ku ramana deui Néng Eha
dipaksa kudu tumut ka carogéna. Néng Eha mangkaburkeun jeung ngalambangsari ka
lalaki séjén. Néng Eha ogé kudu ngalaman gering parna sarta dirawat di rumah
sakit. Sangeus cageur, Eha ménta panghampura ka ramana jeung carogé. Juragan
Kalipah ngaku deui anak ka Néng Eha, pon kitu carogéna nyaasan kahoyong Eha,
ngaragragan talak. Ti wangkid harita, Néng Eha taat ibadah ka Pangéran, jadi
jalma nu tawekal.
Éta galur téh bisa dibagi deui
jadi dua bagian. Bagian kahiji, nya éta saméméh Néng Eha gering. Dina ieu
bagian lumangsung konplik antara kahayang Juragan Kalipah jeung usaha Néng Eha
pikeun nyingkasan paksaan ramana. Bagian ka dua, Sanggeus Néng Eha gering .
dina ieu bagian mah teu aya konplik. Neng eha ménta hampura ka ramana, kalawan
teu hararésé éta paménta téh ditedunan. Néng Eha bertobat ka Pangéran sarta
tawekal narina takdirna. Pikeun saterusna bisa diterangkeun ieu dihandap:
Tindakan Juragan Kalipah
megatkeun hubungan cinta Néng Eha ngabalukarkeun Néng Eha ngalaman kakuciwaan.
Akibatna ieu peristiwa juragan kalipah maksa Néng Eha supaya kawin.
Jeung lalaki pilihanana Néng
Eha pisah. Juragan Kalipah deui maksa sangkan Néng Eha taat ka salakina. Teu
tahan terus dikitukeun ahirna Néng Eha mangkaburkeun. Pungkasna konplik téh
ditungtungan ku ancurna Eha, Eha tikelebuh dina sagara bejadna moral, leungit
ti masarakat, kolotna teu ngaku anak, nu jadi salaki teu nguruskeun. Eha téh
aya dina sagara dosa jeung maksiat.
Alur bagian ka dua bisa bisa
ditétélakeun kieu: Néng Eha ménta pangampura ka ramana, sarta éta pangampura,
paménta téh dikabulkeun. Kitu deui ku carogéna kitu deui ku carogéna kahoyongna
dicaosan. Néng Eha bertobat ka Pangéran, anu hasil ngumerebkeun dirina
ngagulkeun katawekalan saurang mahluk kana kudrat iradat Khalikna.
Galur bagian I anu euyeub ku
konflik téa, geus hasil ngalukiskeun usaha manusa dina ngungkulan jeung
nyanghareupan nasibna. Ari galur bagian II, ngalukiskeun manusa nu tumamprak
kana nasibna, tumarima baé. Konsép hirup manusa nu jadi udaganana jadi ajeg
deui, jadi jalma nu sawawa, mateng, sarta jadi saurang manusa nu lebér wawanén
geusan nyanghereupan, dojaan dina mangsa nu baris kadongkangna.
Hubungan antara bagian-bagian
galur nya éta hubungan sabab-musabab, hubungan numutkeun logika. Antara bagian
I jeung bagian II dipisahkeun ku peristiwa geringna Néng Eha. Antara bagian I
jeung geringna Eha lain ka dinya maksudna. Tapi antara peristiwa geringna Eha
jeung bagian II anu nuduhkeun hubungan sabab-musabab téh. Bisa saja peristiwa
geringna Eha téh ngahaja ku Pangéran dijieun minangka medium pikeun misahkeun
éta dua bagian galur pikeun nyiptakeunsuasan anyar. Nu éstuna, bisa baé éta
carita téh dituntaskeun, tapi lamun nilik tina harepan manusa mah moal sugema.
Apanan harepan manusa mah najan geus ancur, keukeuh kudu bisa dioméan. Kituna
téh teu mustahil jadi sabalikna.
Galur bagian I dipungkas ku
tragedi, sakum. Tokoh ngalaman tikelebuh laku. Éta tragedy nu aheng téh ku
pamigarang dina bagian II dibéré ajén positif. Palaku-palakuna diangkat tina
pangrurumba nasibna.
Ku
kituna munasabah lamunieu karya sastra téh dibéré acungan jempol. Yakin carita
napak dina réalitas nu ilahar, mahing konsép nu luar biasa. Kajadian lahiriah
jeung batiniah meunang perhatian pangarang balance, harmonis, saimbang, taya
cawadna. Ruang lingkup peristiwana disengker, dihisuskeun dina kahirupan Néng
Eha, ti mimiti nalikeun hubungan cinta jeung Mahmud, nepika pipisahan jeung
Juragan Mantri, nyata gumulungna.
c. Sawangan kana Karakterna
Saméméh ngabahas kumaha watek-watek
tokoh atawa palaku dina Novél Lain Eta ieu, perlu dikahareupkeun ogé saha-saha
baé nu nyandang carita. Ieu dihandap rék ditataan:
1)
Juragan Kalipah, ramana Néng Eha, kalipah di kota Cianjur;
2)
Istri Juragan Kalipah, ibuna Néng Eha;
3)
Juragan Téja. Uwa Néng Eha ti Ibuna;
4)
Néng Eha, ngaran lengkapna Nyi radén Saléha, lulusan HIS kelas genep diajar
karajinan kawanitaan, disagigireun rajin ngaji,
5)
Mahmud, murid KWS Batawi, sanggeus lulus digawé di samarang;
6)
Wirapraja, amana Mahmud, patani kaya di Sukabumi;
7)
Radén Bahrun, asintén klérék di kantor pos Cianjur, batur ulin Mahmud, masih
saderekna;
8)
Radén Kartakusumah, tempat Radén Bahrun ngarereb;
9) Juragan Mantri, carogé Néng
Eha, saurang pagawé nagri, tunggal sadérék Juragan Kalipah, mukim di Kuningan;
10)
Radén Kosim, Andjunct Commies, matuh di Bandung;
11)
Paman jeung bibi Néng Eha di Bandung;
12)
Ikem, lengkepna Sarikem, jongos Néng Eha;
13)
Bi Uti, jongos Radén Kertakusumah;
14) Mang Okom, saurang dukun.
Dumasar perananna dina alur,
tokoh utamana Novél Lain Eta, nya éta Néng Eha jeung Juragan kalipah. Dina ieu
tokoh geus nyiptakeun peristiwa-peristiwa nu jadi galur carita. Sedengkeun Mahmud
jeung Juragan Mantri nyicingan pungsi palaku tokoh figuran, panyundang,
panglengkep, tapi ieu dua tokoh téh diperlukeun pikeun ngawangun konflik antara
Néng Eha jeung Juragan Kalipah, ramana. Disabudeureun tokoh Mahmud aya ramana,
Radén Kartakusumah, Bahrun jeung Bi Uti.
Radén Kosim din aieu novel,
diperlukeun pikeun nyiptakeun peristiwa ancurna ahlakna Néng Eha, sarta
nyicingan kadudukan minangka salasahiji alternative meunggaskeun cinta Néng Eha
ka Mahmud, di sagigireun Juragan Mantri, lalaki pilihan ramana. Di dieu nu
Nulis moal nyawang saban tokoh nu geus disebutan di hareup, tapi rék nywang
tina tokoh utamana baé, nya éta heng Eha jeung Juragan kalipah. Alesanana, ieu
dua tokoh téh, sawangan nu nulis matak narik mun disungsi pasikepanana, méntalna.
Maksud nyawang ogé hayang meunang gambaran nu tembrés kuma pasikepan éta tokoh
mun ditilik dina kahirupan masarakat Sunda kiwari. Ieu hasil analisis téh
kapidangkeun: Sakumaha nau geus dituliskeun di heula, tokoh Saléha téh kungsi
papacangan heula. Hal ieu miboga harti, yén ideng Eha geus miboga hak pikeun
milih jeung nangtukeun bakal jodona. Tapi hakna teu kasaluyuan ku kolotna.
Kalawan kapaksa saléha kudu megatkeun duriat cintana ka lalaki jeung narima
pangrepok kolotna.
Lebah narima pangrepok kolotna,
heng Eha ngarasa kapaksa, lantaran: (1) duriatna geus sagemblengna napel ka
Mahmud, lalaki pilihanana, (2) Radén Mantri, lalaki pilihan kolotna lain
babadna, boh umur boh dedeg pangadegna, katurug-turug duda nu geus reuay
anakna.
Neng Saléha bisa disebutkeun
kapaksa narima kahayang kolotna, lantaran mnaéhna teu nyatujuan kana karep
kolotna kudu ngarepokeun dirina ka séjén lalaki, lain pilihanana. Kateupanujuan
Néng Eha heunteu dikedalkeun langsung dihareupeun kolotna, tapi disidem bari
ngarasula sarta nguluwut. Pangna Saléha miboga sikep kitu, lantaran upama kedal
langsung atawa nolak langsung kana karep kolotna, sieun dianggap teu tuhu ka nu
jadi kolot jeung ngarempak kabiasaan anu tumuwuh mangsa éta.
Nilik tina sikep Eha nu saperti
kitu, bisa disebutkeun yén Saléha téh Tokoh wanoja anu dina enggoning ngudag
hakna ngalawan ku sikep anu pasif-réaktif. Hal ieu bisa tembrés pisan katiténan
tina sikep jeung polah Néng Eha dina mangsa rarabi.
Saléha téh tokoh wanoja anu
dina mangsa rarabina teu bageur. Saléha ngalakukeun pista, nyéléwéng, kakaburan
jeung
midua
hate. Alesan pangna Néng Eha kitu téh bisa jadi lantaran: (1) lalaki nu
mihikumna lain pilihanana, tapi pangrepok kolotna, (2) mangrupa protés kana
sikep kolotna, (3) nétélakeun, yén Néng Eha téh hiji wanoja anu jeung satia
kana hakna.
Jadi sual pista, nyéléwéng,
jeung kakaburan Néng Eha téh mangrupa usaha geusan ngabébaskeun jeung ngudag
hakna anu satuluyna hayang ngayakinkeun, yén dirina téh wanoja anu satia jeung
tigin kana jangjina ka hiji lalaki, Mahmud. Tina peristiwa ”kumpul kebona” Néng
Eha jeung Rd. Kosim upama ninggal kasang tukangna mah sabenerna mangrupa hiji
akibat peunggasna harepan Neng Eha,lantaranMahmud.Tina peristiwa “kupul
kebona”Neng Eha Rd.Kosim .saleha kudu ngalaman gering nepi ka manehna diopname
di rumah sakit.Bisa jadi,ha lieu the mangrupa akibat tina komplikasi tatuna
batin nu karandapan ku dirina.Ragotna perang antara harepan jeung kanyataan
,antara batal jeung haram nu nyangkaruk dina dadana, saleha teu kuat
ngungkulanana .Balukarna gering ripuh.
Dina mangsa sanggeus rarabi
(pepegatana) Eha jadi randa anu narima titis tulis bagja dirina, sadrah,
tumarima, wekel, babalik piker sarta pertobat tina sugri kasalahan. Ka gusti
yang widi.Kacindekanana, Neng Eha the took wanoja anu hayang ngudag hak jeung
martahatna, bari poho kana bebeneran. Atuh mun enya mah saleha awewe bageur,
cageur meal kungsi ngalampahkeun kalakuan teu uni, nirca kasalaki. Kuat ka
manakaburkeun. Najan kitu tetep saleha the gambaran wanoja nu satia kana
janjina, nengkuh pamadeganan, bari teu kendat bisa nyaliksik dirina, tawekal,
babalik piker.
Deui-deui, juragan kalipah geus
mintonkeun kaayaan kolot nu teu hasi ngadidik nu jadi anak. Kolot nu muja-muja
kana harta, kadudukan, bari poho kana tangtungan dirina sorangan, poho kana
konsép agama nu ku manehna diulik yén, jodo pati, bagja cilaka ditangtukeun ku
pangeran. Munasabah kituna téh, Juragan Kalipah disebut kolot nu teu nyaah ka
anak, ngalapurkeun anak, bari manéhna sorangan ti gebrus dina sagara
kawiwirangan jeung kanalangsaan.
d.Sawangan kana latar
Peristiwa ti mimiti bobogohan
nepi ka dirépokeun kawina Neng Eha, lumangsung dikota Cianjur. Sababaraha bulan
saprak kawin, kajadian téh lumangsung di Kuningan, saterusna lumangsung deui di
Ciajur. Di dieu pangarang teu loba ngagambarkeun latar. Nu bisa katataan
diantarana:
§ Imah
Ngenaan imah Juragan Kalipah
sok disebut dapur, émpér tukang (kaca 3), imah (kaca 28), tapi teu dibéré
gambar an kaayaannana. Gambaran imah aya dina waktu ngalukiskeun suasana
kawinna Néng Eha (kaca 41). Latara imah disebut dieu basa Néng Eha kaluar ti
rumah sakit, balik ka Cianjur (kaca 75). Latar imah séjénna nya éta imah
Juragan Teja, tempat Néng Eha mangihan Mahmud; imah Radén Kartakusumah, tempat
Mahmud ngarereb; imah Juragan Mantri di Kuningan, tempat Néng Eha ngaimah
tangga; imah Mang Ikom, tempat Eha ménta pitulung sangkan dipegat ku salakina;
imah paman jeung bibi Néng Eha di Bandung nalika kabur; jeung imah Rd. Kosim,
tempat nyumputna Néng Eha. Sakumna tempat kajadian téh ngan ditataan baé,
heunteu dibéré gambaran kumaha kaayaanana.
§ Alam
sabudeureuna
Sok disebut-sebut jalan-jalan
jeung took-toko di kota Cianjur nu kaliwatan ku Néng Eha basa balanja, stasion
basa Néng Eha indit jeung salakina ka Kuningan. Iwal éta, disebut-sebut ogé
ngaran kota nu kaliwatan ku Néng Eha nalika kabur ti Kuningan, Kadipatén,
Cirebon, Bandung, jeung Cianjur. Suasana raména kota Bandung disabit-sabit dina
kaca 57, took, jalan-jalan nu kaliwatan ku Néng Eha, taman tempat istirahat
Néng Eha ditétélakeun dina kaca 59, pon kitu rumah sakit disebutkeun dina kaca
77.
Lamun latar tempat ku pangarang
téh: digambarkeun sanajan teu kungsi dilukiskeun nepi ka tembres, dina latar
waktu mah sabalikna. Gambaran waktu kasungsi téh teu atra. Misilna waé saperti
nu kapanggih dina kaca 27, anu unggelna”saterusna angger heuleut dua minggu
Mahmud jeung Den Bahrun silih suratan”. Heuleut dua minggu téh ti iraha, bulan
naon, jeung saterusna-saterusna, di dieu teu jinek. Hari jeung teu puguh
taun-tauna éta kajadian, tapi dina gambaran palaku jeung suasana, bisa
dincer-ancer waktu nu dilukiskeun dina éta novel, nya éta dina abad ka-20
saméméh Perang Dunya II, anu dicirian ku datangna kahirupan modern saperti
sakola, kantor pos, bioskop, alat potret, karéta api. Néng Eha kaluaran HIS
kelas 6, Mahmud lulusan KWS Betawi anu satuluyna jadi arsiték di semarang.
Radén Bahrun asistén klrérék di kantor pos, Radén Kosim adjunct commies di
Bandung.
e. Sawangan kana Tema
poko pasualan nu dijadikeun
dasar tina Novél Lain Eta ieu, nya éta masalah perkawinan. Dina ieu pokok nu
dipasualkeun téh katangar ayana hal-hal nu sipatna jasmani, rohani, sosial,
jeung katuhanan. Lantaran éta pisan, dina ieu novel ogé miboga téma nu raket
patalina jeung hal-hal sarupa kitu. Ieu novel ngungkabkeun, yén hiji perkawinan
atawa kahirupan rumah tangga moal méré kabagjaan lamun teu nyumpon
sarat-saratna. Sarat-sarat nu dimaksud téh bisa dibédakeun dumasar sarat ménta
jeung sarat liana, anu dina ieu novel disebutkeun, nya éta katurunan,
kaagamaan, harta, jeung kapangkatan atawa kalungguhan.
Antara Eha jeung Mahmud kaiket téh
ngan ku hubungan cinta nu individual. Duriat éta dua rumaja téh teu
kalaksanakeun nepi ka kawin, lantaran Mahmud teu nyumponan sarat katurunan.
Bisa jadi, sarat-sarat séjéna ku Mahmud geus bisa kacumponan, tapi kakawasaan
mutlak tetep aya di Juragan Kalipah, boga hak pikeun nangtukeun pilihanna;
sanajan kudu dipungkas, ditungtungan ku kagagalan.
Juragan Mantri anu nurutkeun
Juragan Kalipah nyumponan sarat kabangsaan, kaagamaan, harta, jeung
kapangkatan, ku sabab heunteu nyumponan sarat saling micinta ahirna gagal
meruhkeun Néng Eha.
Upama kit uterus, naha aya
alternative séjén pikeun ngahontal éta kabagjaan? Misilna kasugemaan jasmani
anu didadasaran tempat, rasa cinta, nu bébas tanpa merhatikeun norma, ka
masarakatan atawa kaagamaan? Eta pilihan téh dicoba ku Néng Eha hirup bareng
jeung Rd. Kosim. Sacra jasmani mémang geus kacumpona kabéh harepan téh. Tapi
angger keur néng eha teu kacumponan kabagjaanan, sabab kahirupan sarupa kitu
heunteu ditarima ku norma masarakatna, balukarna ku masarakat pada ngajauhan,
lamun téa mah kitu, teu cukup ku sarat individual waé, tapi kudu cumpon sarat
sosial jeung sarat kaagamaannana.
Jadi, téma nu disodorkeun ku
pangarang dina Novel Lain Eta sacra rinci bisa dirumuskeun kieu, yén perkawinan
atawa imah tangga moal méré kabagjaan lamun sarat-saratna, anu sipatna
individual, jasmaniah, rohaniah, sosial, jeung kaagamaan teu kacumponan.
f. Sawangan kana Suasana
suasana nu ngajiwaan Novél lain
Eta ieu, béda-béda dina saban-saban babagian carita, munculna suasana anu
béda-béda sarupa kitu téh balukar tungtutan tokoh, téma, gaya, latar, galur
jeung plot, sarta sudut pandang penceritana. Tapi sanajan kitu, dina intina mah
ngebréhkeun rasa émosi tunggal tokohna.
Juragan Kalipah resep ngumbar
amarah, ngotot dina pamadeganana. Éta hal téh katiténan dina waktu ngawangkong
jeung istrina basa ngabadamikeun kumaha pihadéeunana keur Néng Eha. (Juragan
Kalipah merengut, saurna, Engkang téh lain rék ménta digelendeng, rék ngajak
badami.”). nyi Emot, istri Juragan Kalipah teu bina ti carogéna, barbarian
kahudang émosina, nembongkeun kateupanujuan kana sikep Juragan Kalipah. Bari
sinis mitutur, “Taeun aceuk, kahayang rai mah, kajeun teuing santri budug,
dapon Radén”.
Suasana gumbira gé geus
kagambar dina éta novel téh. Dialog-dialog antara Néng Eha jeung Ikem méré
bukti hiji suasana seger gumbira.
Pribadi Rd.Kosim kalukiskeun
dina dialog-dialog basa papanggih jeung Eha dina hiji peuting. Tina obrolan dua
rumaja téh kabayangkeun kaluguan Néng Eha dina nyanghareupan lalaki irung
belang.
Perkara tokoh séjénna, saperti
Mahmud jeung Juragan Mantri, taa bédana jeung tokoh-tokoh Juragan kalipah, Eha,
jeung Nyi kalipah, nya éta ngemu perasaan atawa émosi nu taya géséh pisan.
g. Sawangan kana Gaya
pemberian, gambaran tokoh nu
dilakukeun ku pangarang dina ieu novel tembrés pisan. Rengkakna Néng Eha
leumpang, kaayaan warugana, kaén jeung baju nu dipakéna, gelungna (kaca 3)
kalawan panénjo jeung perasaanana nu kaimpleng ku pangarang ditetek teu
kaliwat. Kaayaan Mahmud teu kaliwat ti mimiti narima surat ti Néng Eha nepi ka
panganggona kalawan lancar ku pangarang digambarkeun kuredas. Juragan Mantri
pon kitu deui teu leupas tina kamérana. Yakin pangarang téh kalawan rintih, teu
ceplek Pahang mun kitu téh disebut pangarang anu realism. Réalisme dina ngagambarkeun
hiji kaayaan bari taya pisan cawadna. Ieu pisan nu matak ngirut téh, atuda enya
Ambri mah dina ngalukiskeun hiji hal téh, lengkep jeung kasang tukangna.
Makéna basa murwa galurna,
titih ati-ati, matri kana jajantung. Dialog-dialog tokohna éstu matak seger,
teu cawérang. Bisa jadi kituna téh sabab Ambri mah hayang ngagambarkeun hiji
hal anu enya-enya bisa jeung saolah-olah kaalaman ku nu macana.
Konsép Ambri nu dikamalirkeun
dina Novél Lain Eta, éstuning tetekon hirup nu mundel. Ambri geus hasil
ngajiret sangkan nu maca milih sedih, milu gumbira, manglebarkeun, jeung
réa-réa deui. Enyaan upama Ambri disebut pangarang; wijaksana téh, apanan
nyajikeun carita gé Ambri mah maké topik Lain Eta heunteu Tah Eta. Ieu hiji
tanda, yén Ambri hayangngadidik masarakatna. Gaya realism Ambri geus
kamalirkeun dina ieu karya.
h. Sawangan kana Sudut
pandang nu nyarita
kalwan gayana. Nu has, Ambri
geus bisa ngajenggelekeun angen-angenna nu hayang kabaca, kakoréh saripatina ku
nu daék macana. Ambri binangkit pisan nyieun dialog-dialog nu seger, teu matak
pikabosenen, réalitas, mahing hal-hal anu teu asup akal. Ana kitu Ambri geus
nginjeum tokoh jadi jalma katilu, Ambri salaku pangarangna sorangan nyicingan
kalungguhan nu angger salaku the omniscient novelist, teu réa méré komentar
langsung. Pangarang nyajikeun tingkah laku jeung dialog, sarta ngalukiskeun
kaayaan sacara dramatic (objéktif). Ku lantaran kitu, munasabah mun Ambri tetep
cicing tina pola juru kaméra, teu ancrub kana carita.
F. APRESIASI DRAMA
1. wangenan Drama
Nurutkeun étimologina, kecap
drama téh asalna tina basa Yunani, nya éta tina kecap drama anu hartina “gerak”
(Asmara, 1979:9). Tina éta kecap, bisa ditapsirkeun yén drama téh karya sastra
anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku. Saupama euweuh gerak, heunteu bisa
disebut drama, lantaran unggal-unggal karangan atawa naskah drama miharep ayana
gerak atawa réngkak paripolah anu ngagambarkeun kahirupan manusa.
Luyu jeung keterangan di luhur,
Rusyana (1982:3) netelakeun cirri-ciri karangan drama anu unina, “Karangan
drama isinya memaparkan percakapan dan perilaku. Dari percakapan dan perilaku
itu tersusun suatu cerita, perwatakan, dan suatu cerita. Karangan drama
biasanya disuse untuk dipertujukan”. Keterangan sejenna ngeunaan drama. Nya eta
carita anu ngadung tema tangtu, diebrehkeun make dialog jeung rengkak paripolah
palakuna (Sumardjo &Saini K. M. 1986:31).
4. Sejarah kamekaran drama
Dina kahirupan masyarakat
(sunda) geus nyampak seni anu geus lila tumuwuh sarta hirup ti generasi ka
generasi; nu mangrupa seni pintonan, diantarana bae longser. Dina kamekaran nu
saterusna, wangun pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarepkeun
kana wangun sandiwara rakyat. Jejer caritana biasana dicokot tina carita-carita
buhun anu geus nyampak di masyarakat, upamana bae sarita pantun jeung dongeng,
saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Dikusuma“, jeung “Si Kabayan“.
Naskah drama nu munggaran aya
di Tatar Sunda, dipikawanoh bareng jeung ayana lakon nu katelah Gending
Karasmen. Gending Karasmen mimiti dipikawanoh ku masyarakat sunda kira-kira
taun dua puluhan, sanggeus masyarakat wanoh kana Opera Barat Komedi Istambul.
Iye luyu jeung pamanggih Rusyana (1992 : 147) anu ngeceskeun yen gelarna
sandiwara di urang saentragan jeung Komedi Istambul dina basa melayu (gelar
dina awal abad ka-20) jeung ketoprak jawa. Bareng jeung gelarna sandiwara,
gelar deui Gending Karasmen.
Satuluyna drama teh model
Gending Karasmen leuwih mekar, kabuktian ku ayana para pangarang gending
karasmen saperti R. Mahyar Anggakusumadinata, R. Memed Sastraprahadiprawira,
jeung M.A. Salman.
Ku ayana rombongan Dardanela nu
mawa pangaruh kesenian teaterikal barat dina abad ka-19, nepungkeun aliaran
teater barat jeung aliran teater tradisi nu nyampak di masyarakat Indonesia,
kaasup kana kasenian nu anyar di tatar sunda. Naskah drama asup kana bagian
kagiatan teaterikal di tatar sunda (Jawa Barat ) ku alpukahna R.T.A Sunarya nu
nyiptakeun Gending Karasmen Lutung Kasarung, dumasar kana carita pantun; R.
Memed Sastrahadiprawira nyieun “Kindran Kamasan“ anu diwuwuh ku sajak, jeung
sangkuriang nu direka Utuy Tatang Sontani. Mimiti dipagelarkeun Gending
Karasmen nya eta taun 1923 sakumaha anu ditetelakeun ku Isakandarwassid (2003 :
61) nu ngeceskeun yen dina taun 1923 Raden Kartabrata magelarkeun carita
“Lutung Kasarung“ dina wangun Gending Karasmen.
Naskah-naskah drama sejena dina
wangun gending karasmen diantara nya eta : “Sangkuriang“, beunang R.T.A
Sunarya, “Mundinglaya Dikusuma“, “Inten Dewata“, “Galunggung Ngadeg
Tumenggung“, jeung “Nyi Rambut Kasih“, benang Wahyu Wibisana; “Si Kbayan
Balangantrang“ beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara: “Leuwi Sipatahunan“
jeung “Saija jeung Adinda “, “sarta Sri Baduga Maharaja” beunang R.A.F jeung
Koko Koswara;sarta “ Lutung Kasarung “ beunang Sayudi.
Dina kamekaran saterusna, lahir
anu disebut drama modern dina taun 1950-an, wangunna lancaran, nu dialpukahan
ku Utuy Tatang Sontani nu nulis drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang Sumbi“
(1953) anu satuluyna dirobah jadi “Sangkuriang” (1955). Karya-karya drama
sejena nu disebut modern diantarana bae nyaeta “Dakwaan“, “Babat “ jeung “
Jalan Leumpang” beunang R.T.F ; “Dua Utusan“, “Suling jeung Peuting“, “Tina
Jandela“, “Bawa Kuring ka Ciawang“, beunang Wahyu Wibisana; “Hutbah Munggaran
di Pajajaran “ beunang Yus Rusyana; “Nu Mulang“ jeung “Kanyaah Indung“ beunang
Min Resmana; “Masitoh“ beunang Ajip Rosyidi; “Bandung Lautan Api“ beunang
Rukasah S.W; jrrd. Najan sok kapangaruhan ku sastra Indonesia, malayu malah
asing, tapi dina ngagelarkeunnana mah tara leupas tina tradisi sastra jeung
budaya sunda.
5. Bagbagan Drama
Drama teh dipasing-pasing
dumasar kana (1) cara mintonkeunana, (2) sipatna, (3) babagian drama jeung (4)
unsur-unsur drama 3.1 Dumasar Cara Mintonkeunana
Dumasar kana cara
mintonkeunana, drama teh kabagi kana opat bagian, nya eta drama rakyat, drama modern,
drama klasik, jeung gending karasmen.
d. Drama Rakyat
Drama rakyat nyaeta drama nu
asalna ti rakyat sarta tumuwuh dikalangan rakyat, biasana aya jeung dipake dina
kagiatan atawa upacara-upacara nu sipatna tradisi. Ieu hal luyu jeung sakumaha
anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 23) yen anu dimaksud drama rakyat teh
nyaeta kagiatan dramatik anu dilakukeun ku masyarakat dina rupa-rupa
upacara sosial kaagamaan; drama anu asal sarta tumuwuh di kalangan masyarakat.
Contona : longser.
e. Drama Modern
Drama modern teh biasana sok
disebut tunil atawa sandiwara, disebut drama modern kusabab dina pagelarana
geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu maen (panggung, make-up,dialog ),
sarta aya naskah (teks). Contona drama : drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang
Sumbi“ beunang Utuy Tatang Sontani (1953), “ Masitoh “ beunang Ajip Rosidi,
jrrd.
f. Drama Klasik
Drama Klasik nya eta drama
carita anu medar caritana ngeunaan kahirupan dewa-dewi (Yunani). Contona :
Naskah drama “The Legend of Yunani“ karya William Sheksphere.
g. Gending Karasmen Gending
Karasmen sok biasa disebut drama swara, nya eta carita nu dialogna dina wangun
kawih, dipirig ku waditra (Iskandarwassid, 2003 : 6) sedengkeun Rusyana (1992 :
145) ngeceskeun, nu disebut gending karasmen teh nya eta drama anu pagunemanana
ditembangkeun. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1995 : 144) disebutkeun yen
gending karasmen nya eta sandiwara ku tembang atawa leuwih dipirig ku gamelan,
opera. Contona : “Sangkuriang“, beunang R.T.A. Sunarya, “Nyi Rambut Kasih“ beunang
Wahyu Wibisana, “Lutung Kasarung“ beunang Sayudi, jrrd.
Nilik kana pamedegan di luhur,
bisa dicindekeun yen gending karasmen bias disebut drama swara atawa sandiwara
anu dialog-dialogna dina wangun kawih atawa tembang sarta dipirig ku waditra (
Gamlean ).
5.2 Dumasar kana sipatna
Sipat drama bias dipilah-pilah.
Sakumaha anu ditetelakeun ku Tarigan (1993 : 82) yen sipat drama kabagi kana
opat jenis, nya eta tragedi, komedi, melodrama, jeung farce.
a. Tragedi
Tragedi nya eta drama anu pinuh
ku hal-hal anu pikasediheun, katunggaraan, alatan ku teu biasa ngalawan nasib
(Asmara, 1979 : 50), sedengkeun Sudjiman (1990 : 15) ngeceskeun tragedi teh nya
eta :
“……..cerita yang meluluskan
pertentangan diantara pratagonis dengan kekuatan yang luar biasa, yang berakhir
dengan keputusan atau kehancuran sang pratagonis……drama yang menampilkan tokoh
yang sedih dan muram yang terlibat dalam situasi gawat karena sesuatu yang tak
menguntungkan, keadaan ini mengantarkan tokoh kepada keputusan dan kehancuran
yang luar biasa yang berakhir dengan malapetaka atau kesedihan.,”
Iskandarwasssid (2003 : 163)
nyebutkeun yen istilah tragedi mindeng digunakeun dina ulikan sastra, utamana
dina (carita) drama. Midangkeun adegan-adegan penting tur serius anu
ngabulakarkeun carita (asoy, kamaya, sedih, jste.) keur palaku utama (
pratagonis ); ku lantaran nasib, kalemahan moral tokoh atawa teu kuat nahan
paneka masyarakat. Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur, jadi nu di sedut
(drama) tragedi teh nya eta carita (drama) anu enas-enasna mah nyaritakeun
hal-hal anu pikasediheun nu kaalaman ku palaku utama ku sabab nasib anu mihak
ka manehna.
b. Komedi
Komedi teh nya eta drama atawa
carita anu pungkasna kabagjaan keur palaku utama atawa temana henteu tragism
rupa-rupa pagelaran anu ngolah humor sarta dipungkas ku kabagjaan palaku utama
(Iskandarwassid 2003 : 64)
Pamadegan Asmara (1979 : 500)
ngeceskeun yen komedi teh nya eta drama anu pinuh kupikseurieun sarta dipungkas
ku kagumbiraan atawa hiji pananya ka nu lalajo. Sedengkeun pamanggih Sudjiman
(1990 : 23) netelakeun yen disebut komedi teh nya eta “lakon ringan yang
sipatnya menghibur, walaupun secara keseluruhan dalam ceritanya ada sindiran,
dan berakhir dengan kegembiraan.“
Mun dicindekeun anu disebut
drama komedi teh nya eta carita (drama) nu pinuh ku hal-hal pikaseurieun
(sabalikna tina trgedi), ngahibur, jero pagunemana biasa mangrupa sindir sampir,
sarta ahir caritana pikabungaheun.
c. Melodrama
Melodrama nya eta drama anu rea
ngolah konflik batin, rea ngolah anu ngagambarkeun gerakna lautan rasa
(Iskandarwassid 2003 : 82). Melodrama mangrupa lakon atawa sentimental
ngegeterkeun jajantung sarta pikasediheun ku sabab ngagarap alur jeung kalakuan
anu kaleuleuwehi, sedengkeun penokohanana kurang diperhatikeun. Melodrama disa
disebut oge sandiwara sedih.
d. Farce
Farce nya eta carita ( drama )
anu caritana leuwih nyoko kana alur caritaan tinimbang kana penokohan atawa
kana karakteristik, sarta caritana pikalucueunana kaleuleuwihi atawa
sangeunahna. Nurutkeun Jhon jeung Hasan (1990 : 223), farce adalah
pertunjukan jenaka, sandiwara pelawak/lelucon.
5.3 Babagian drama
Babagian drama anu raket jeung
drama dina wangun pintonan nya eta babak, adegan, prolog,dialog,pasemon jeung
epilog.
a. Babak
Babak nya eta bagian tina drama
anu ngarangkum sakabeh kajadian lumangsung dina hiji tempat dina urutan waktu
nu tangtu; gabungan atawa kumpulan tina sababaraha adegan dina hiji drama
(Eneste, 1994 : 18).
Pamadegan anu sarua ditepikeun
ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen babak nya eta ngarangkum sakabeh
kajadian nu lumangsung di hiji tempat tina urutan waktu nu tangtu. Sedengkeun
nurutkeun Sudjiman (1990 : 11) nu disebut babak nya eta bagian tina drama atawa
lakon.
b. Adegan
Adegan nya eta tempat
lumangsungna hiji kajadian, nu mangrupa bagian tina babak dina drama nu
ngahasilkeun hiji pasualan atawa hiji akibat nu tangtu (Sudjiman, 1990 : 2)
Pamedegan nu sarua ditetelakeun
ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen anu disebut adegan teh nya eta bagian
tina babak anu watesana ditangtukeun ku robahna kajadian anu patali jeung
dating atawa inditna saurang palaku carita kaluar panggung.
Eneste (1994 : 13 netelakeun
yen anu disebut adegan nya eta bagian tina babak dina drama, anu watesana
ditangtukeun ku robahna kajadian kusabab datangna saurang atawa sababaraha
urang palaku carita dina panggung, atawa inditna saurang atwa sababaraha urang
palaku carita dina panggung.
Iskandarwassid (2003 : 17)
netelekeun yen ciri atawa tanda ganti adegan nya eta lamen ganti jejer
paguneman, biasa jadi lantaran asup palaku sejen atawa aya kajadian sejen, tapi
henteu ganti tempat, henteu aya watu pegat , sarta henteu ganti episode.
c. Prolog
Dina naskah drama teu sakabeuh
naskah aya prolog. Upama ditilik, prolog mibanda mangpaat mangrupa salah sahiji
sarana anu aya gunana pikeun nu lalajo atawa anu maca (sastra) sangkan menang
gambaran ngenaan masalah , gagasan (ide), amanat pangarang, jalan atawa galur
carita, kasan tukang, palaku-palaku nu makalangan, jste. Makdsudna pikeun
mantuan nu maca atawa nu lalajo dina nyangkem atawa neleman karya. Ieu hal luyu
jeung anu ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 138) prolog nya eta
bubuka tina bagian naskah, mangrupa panganteur naskah anu eusina bisa atawa
sababaraha katerangan atawa pamadegan pangarang ngeunaan carita nu rek
ditepikeun.
Sudjiman (1990 : 63) ngeceskeun
yen nu disebut prolog teh nya eta “ pembukaan atau permulaan yang mengantarkan
karya sastra dan yang merupakan bagian karya sastra tersebut, prolog dahulu
sering terdapat baik dalam drama maupun roman.”
Prolog teh ditulisna dina awal
drama, jadi manggala sastra, di eusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang
ngeanaan lalakon anu baris disuguhkeun (Rusyana, 1992 : 139).
d. Dialog
Bagian nu kacida pentingna,
sarta sacara lahiriah ngabedakeun antara sastra drama jeung fiksi liana nya eta
dialog. Ieu hal luyu jeung nu ditetelakeun ku Hartoko (1992 : 128) yen
dialog-dialog mangrupa bagian tina naskah nu mangrupa paguneman antara hiji palaku
jeung palaku nu sejenna. Sakumaha nu dieceskeun ku Iskandarwassid (2003 : 99)
yen istilah dialog nya eta paguneman nu ngandung harti omongan sual jawab nu
keur carita, antara dua jelema atawa leuwih. Carita bisa dirakit dina wangun
paguneman sagemblengna nya eta dina carita drama.
Numutkeun Sudjiman (1990 : 20)
nyebutkeun nu disebut dialog teh nya eta paguneman dina karya sastra dua jelema
atawa leuwih, pikeun ngungkabkeun wateuk jeung pikeun ngalancarkeun carita.
Dina dialog kagambar lahirna pamikiran atawa pamadegan.
Nurutkeun Rusyana (1992 : 20)
yen nu dimaksud paguneman teh kalimat langsung para palaku anu silih tempas.
imiti ditulis ngaran palaku, ti dinya ditulis omongan eta palaku. Gegedena tina
karangan drama mah nya eta paguneman. Tegesna paguneman teh mangrupa lulugu
tina karangan drama.
e. Pasemon
Pesemon, semu atawa paroman nya
eta gambaran rasa hate dina beungeut (LBSS 1995 : 4680). Numutkeun Asmara (1979
: 49) nyebutkeun pasemon atawa mimik nya eta ekpresi robahna beungeut pikeun
mere gambaran emosi anu kaalaman ku palaku.
f. Epilog
Epilog sabalikna tina prolog.
Prolog ditempatkeuna di hareup nu mangrupa bubuka naskah, sedengkeun epilog
ditempatkeun di tukang, mangrupa panutup. Eusina biasana kacindekan pangarang
ngenaan carita ; aya oge nu ditambahan ku wejangan atawa amanat. Malahan aya
epilog nu duwuwuhan ku panuhun pangarang jeung para pamaen ka nu lalajo. Saluyu
jeung anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 28) yen epilog teh nya eta bagian
panutup anu di tambahan kana hiji karya sastra. Fungsina nepikeun inti sari
carita atawa napsirkeun eta karya.
Rusyana (1992 : 139) sarua
netelakeun yen epilog di tulis tina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon
atawa nasehat.
2. Unsur-unsur Drama
Unsur drama téh kabagi kana
sababarah bagian, anu diantarana nya éta: téma, penokohan, latar, alur, amanat
(Hasanuddin, 1996:76-104).
a. Tema
Téma dina drama, umumna teu
jauh bédana jeung téma dina puisi atawa prosa fiksi, nya éta poko pikiran anu
dikandung ku eusi carita. Patali jeung eusi carita atawa lalakon drama, anu
bisa jadi aya patalina jeung téma, aya anu disebut drama komédi, drama tragedi,
jeung melodrama. Salian ti éta, téma ogé bisa mangrupa pasualan nu diungkapkeun
dina hiji ciptasastra (Esten, 1993:22). Iskandarwasid (2003:162) nétélakeun
sacara gemet yén téma téh nya éta inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna
abstak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun anu maca;
bisa jadi ku pangarang ditembrakkeun (ditulis). Tapi mimindengna mah implicit.
Téma téh jadi pameungkeut sagemblengna carita. Atawa, muncul tina carita
sagemblengan.
b. Palaku
palaku atawa “penokohan” dina
drama téh nya éta ngaran-ngaran jelema katut pasipatan anu ngalakukeun dina
carita drama, palaku téh biasana disebutkeun dina bagian awal naskah drama, anu
heunteu kaasup kana lalakon. Di dinya diterangkeun saha-saha waé anti
ngaalalakon téh: ngaranna, umurna, pacabakanana, pancakakina, katut hubunganna
jeung palaku liana. Patali jeung kalungguhanana dina carita, palaku téh bisa
dibagi jad tilu rupa, nya éta palaku utama, palaku pangbantu, jeung palaku
panambah. Unggal palaku mibanda karakter atawa pasipatan séwang-séwangan. Dina
drama, karakter atawa pasipatan palaku téh diebrehkeun karakter si palaku
seperti papakeun. Dina naskah drama, unsur “pcnokohan” mangrupaaspek nu
kawilung, lantaran tina aspek ieu pisan aspék-aspék anu lian bisa mekar, unsur
“penokohan” dina naskah drama mah leuwih jéntré diungkapkeunana saupama
dibandingkeun jeung dina fiksi (Esten, 1993:76). Sistem ngaran palaku dina
teks-teks fiksionalitas mangrupa subsistem tina sistem-sistem séjén anu leuwih
gede (Junus dina Hasanuddin, 1996:78).
c. Latar
Latar téh kabagi kana tilu rupa
nya éta latar tempat, latar waktu jeung latar sosial. Latar tempat nuduhkeun di
mana éta tempat kajadian téh lumangsungna. Dina bagian anu disebut pituduh
panggung (stage direction). ta bagian téh nerangkeun kaayaan panggung; latarna
kumaha. Paripolah palaku, jeung ngatur kaluar-asupna palaku. Malah sakapeung
mah papakéan palaku ogé ditataan dina éta bagian téh. Ari anu nétélakeun latar,
biasana aya dina awal babak anyar atawa adegan anyar. Latar mangrupa idéntitas
pasualan drama salaku karya fiksionalitas anu ditémbongkeun saliwat ku palaku
jeung alur. Saupama pasualan dina drama geus katitén tina alur atawa
“penokohan”, latar boga pungsi ngajéntrékeun tempat jeung waktu hiji kajadian.
Salian ti éta, latar boga pungsi salaku alat pikeun ngaidéntifikasi pasualan
naskah drama keur anu maca (hasanuddin, 1996:94).
d. Alur
Alur, galur, atawa plot téh nya
éta rakitan rupaning kajadian nepi ka mgawujud jadi leunjeuran carita. Dina
seuhseuhanana mah alur drama téh teu béda jeung alur carita dina carita fiksi
séjéna. Ngan biasana dina drama mah anu maca atawa nu lalajo téh teu langsung
“digebruskeun” kana pasualan. Ari tempat jeung waktu katut para palakuna,
biasana diwanohkeun leuwih tiheula dina prolog, anu aya diluar lalakon. Salaku
rangkay tina hiji kajadian alur téh kudu mertélakeun hiji anu kausalitas sabab
alur nu hade téh nya éta naskah drama (hasanuddin, 1996:90).
Karakteristik alur drama kabagi
kana dua nya éta alur konvénsional jeung alur non konvénsional. Alur
konvénsional nya éta saupama hiji kajadian anu ditémbongkeun tiheula pasti jadi
hiji balukar pikeun kajadian satuluyna atawa hiji kajadian nu aya di tungtung
téh mangrupa hiji balukar tina hiji kajadian nu aya di awal. Sedengkeun alur
konvénsional nya éta alur anu dieangun dumasar kana runtuyan kajadian anu teu
ngéntép seureuh. Tapi sok sanajan kitu lain hartina alur konvénsional teu ngabogaan
aturan nu tangtu, saupama ditilik saliwat mah alur konvénsional téh siga nu teu
tangtu tapi saupama ditilik leuwih jero wangun alur siga kieu téh di jerona mah
ngéntép seureuh.
d. Amanat
Amanat téh nya éta pesen anu
hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Réréana amanat dina drama téh
nyamuni di satukangeun alur carita. Urang bakal nyaho atawa bisa nangkep
amanatna sanggeus réngsé maca, atawa lalajo pintonanana.
3. Aprésiasi Drama
WAWUH NGAILAN TUMBUH RUPA
(DRAMA LIMA BABAK)
Nu katjaturkeun
1.
Modjang.
2.
Nonoman.
3.
Kuring.
4.
Rokajah, urut murid kuring.
5.
Sunaryi, urut murid kuring.
6. Djuruladen karéta-makan.
Panggung lalakon :
Kelas 2 karéta api Expres
Djakarta-Bandung.
Babak 1
Bari rurusuhan, geblus kuring
abus ka kelas 2. Teu alak-ilik heula, gék baé diuk sabada neundeun koper leutik
di luhureun pangdiukan. Ari gék, ari léong karéta madju. Bis baé katinggaleun,
mangkaning peutingna kudu biantara dina kongrés Basa Sunda di Bandung. Mun seug
katinggaleun karéta téh, leuh!
Geus liwat Kamajoran, kakara
katangen, jén nu dariuk hareupeun modjang geulis pisan, saurang deui nonoman
ginding, tapi teu sari. Aja tjileung guminter.
Kawas rada mustari
indit-inditan téh, sabab geus liwat Djatinagara téh tempat réa kénéh nu lowong,
malah gigireun kuring ogé teu aja nu ngadiukan, djadi ngareunah, teu heurin.
Duka sugan duméh di kelas dua baé, kitu.
Modjang djeung nonoman téa
bangun gumbira pisan ngawangkong, siga nu sakaresep. Ari ngaromongna, malum
dina karéta api, sora téh réa nu ratjleng arasup kana tjeuli kuring. Rupa-rupa
nu diomongkeun mah. Ari kuring, rumasa geus djadi aki, bisi nu ngarora
“kagokeun” atawa éraeun, pura-pura nundutan baé, tenopénan.
Ti lebah Karawang, kadéngé
njaritakeun bab Kongrés Basa Sunda djeung Kasusastraan, malah sidik isan
njabit-njabit ngan ngaran kuring, M.A. Salmun, djeung buku kuring nu pangajarna
”Gogoda Ka nu Ngora”.
Modjang : “ hayang ka nu
ngarangna, pantesna téh geus kolot, tjetuk huis”.
Nonoman : “Ah, teu kolot
teuing. Da kuring gé wawuh, malah loma. Kolot meueusan baé ti kuring mah. Kitu
tah, umur 28-30 tahun.”
Modjang : “Di mana papanggih?”
Nonoman : “Meh ungagal poé di
Djakarta, malah sering bareng laladjo. Karesepna téh kana film dangsa. Bangsaning
Rita Hayworth, Esther Williams ataw Jane Russel djeung Marillyn Monroe tara
diliwat. Kuring mah djeung Salmun téh sok, silaing-déwék” baé ari njarita téh,”
Modjang : “Tegep djelemana téh?”
Nonoman : “Ah teu tensing.
Hideungna lestreng, sabrehan mah arék djiga Ambon, ngan ieu mah, asal urang
bisa ngolona baé, ménta naon-naon gé teu dibéré.”
Modjang : “Untung mun kuring
wawuh djeung Salmun, rék ménta dipapatahan ngarang. Ngan sugan engké peuting
dina Kongrés bisa wawawuhan. Aéh, ke lanan, aja kaperluar, heula.”
Modjang indit. Ari diténjo bari
mélétét pura-pura lilir, bét ka kamarleutik. Aja kahajangna meureun.
Babak II
Sidik modjang téh aja, kuring
njaring enjaan bari ngadjak ngomong ka nonoman:
Kuring: “arék ka mana silaing
téh , eui?”
Nonoman (bangun ambek):
“ngomong ka saha andjeun téh? Siluang-silaing tjara ka nu geus loma?”
,,Kuring: “Entong pura-pura teu
wawuh silaing ka déwék. Apan biasana gé urang sok” silaing-déwék”, sok bareng
laladio Rita Hayworth.” (Kuring ngodok pésak, némbongkeun kartu abodemen keréta
api Bogor-Djakarta. Djaba ti tétéla ditulis ngaran téh, potrét ogé nembrak,
moal samar, jén kuring téh M.A.Salmun). Nonoman (raj pias bangun kasima):
“pangapunten baé atuh. Abdi téh kasamaran. Dikinten ku abdi mah bapa téh
babah.”
Kuring: Entong leutik hate.
Bapa gé ngora heula. Hidep téh meureun keur nembongkeun “pamor” ka istri nu
tadi, nja. Kaharti ku bapa gé. Saha éta téh?”
Nonoman (kesang mana téh
ngutjur): “Wiharti. Sangemna mah Sastrawati.”
Kuring: “Euh, paingan magar rék
ka KOngrés Basa Sunda, atuh. Ku hidep téh keur dipiloma meureun aja. Kuma
karep, bap amah rék pura-pura teu kungsi njarita djeung hidep,” (kuring
pura-pura nundutan deui. Wanita téa balik tit jai diuk deui di tempatna).
Wiharti, modjang téa:
“Njaritakeun naon. Tadi téh, nja. Euh, éta, taeun…., Sakmun, nja…”
(Djuruladen karéta-makan
njampeurkeun).
Nonoman: “Oranje-kreus, dua. Nu
hidji mah sing réa és na.”
Djuruladén: “mangga”. (Terus
indit baé).
Serusna modjang djeung budjang
the ngawangkong, bab film, atletik, politik djeung kabeuki masmg-masmg. Unggal
wiharti arek ngagilek kana urusan Sastra djeung basa, nonoman tea rikat
mengkolkeunnana. (Sabot kitu djuruladen njodorkeun inuman anu dipesen tea).
Bari mélétét ku kuring katéndjo, jén nonoman téa pohara gempeurna, sangkilang
digojor‟‟ku oranje –kreus –és téh késangna ngutjur baé.
Wiharta (harewos Bodjong ):
,ICU ,,babah‟‟, ti barang tjlak di setatsion kota, nepi ka liwat sasaksaat, ku
tibra molor téh kawasna sapeupeuting tas tjekih.”
Kuring mélétét, katéndjo
nonoman téa njiku lalaunan ka modjang. Maksudna tangtu njaram ngomongkeun
kuring. Tjikkikik wiharti kadéngé seuri. Ari kuri kalah pura-pura gundam.
Njaring bari kukuliatan.
Kuring : ,,Hajjjaaaah,
tjialat,tji tjeng tun, boh kehkih.”
Wharti : ,hi, hi, hi, hi,
hihh.”
Nonoman :,, St, st, …… aeh,
geus rék Padalarang.Geuning.”
Babak IV
Di Padalarang kareta euren. Dua
modjang arunggah pairing –iring. Nu pandeuri ngarérét ka lebah kuring.
Modjang I : ,,aéh-aéh geuning
bapa ……!” (bari ngageroan baturna ti heula) :,,jajah ,jajah , ka dieugera ! leu
aja Pa Salmun ! Modjang II (Rokajah) : (bari njampeurkeun) : … Aja Pa Salmun?
Aéh , bapa haturan !! Teu sareng adi Itjeu? mana ibu ?bapa angkat ka mana bapa
téh ?”
Kuring : ,, Baku jajah mah ,
ari nanja téh ngaburudul, tara ungadago didjawab hidji –hidji. Ieu di dieu
dariukna. Keun bapa mah rék nangtung. Ti Djakarta kénéh diuk baé, tjarangkeul.
Tah, Nani di dieu, jajah di dinja, Bapa hudang.” (bari nantung)
Modjang I : ,,sawios atuh pa,
mangga baé tjaliktjalik.”
Rokajah djeung Sunarni dariuk,
kuring nantung, bari ngaluarkeun wadah roko paméré urut murid, mangkaning
diaksaraan baradag pisan ,,M. A . salmun “, ditendjo sarérét gé katara.
Wiharti anu diuk hareupeun
kuring rét kana beungeut, rét kana ngaran anu diturih dina wadah roko, rét ka
Rokajah djeung Sunarni, anu kadéngéeun ngomong-ngomong,,Ti djaman ninggalkeun
S.G.A kakara anjeuna papanggih deui.
Ana burilak téh Wiharti
ngadelék ka nonoman, bari kuraweud baeud, anu haseum téa bangun ambek. Tjeg
kana koper leutikna, djengket indit, bari sakali deui ngadelékan ka nonoman.
Teu réa omong djaba ti kukulutus:,,Si Teu-Ujahan!”
Wiharti katjiri pisan, jén
kaisinan ku kuring. Geus teu kaduga diuk leuwih lila di hareupeun, pasosoré pindah
ka daréksi tukangeun nu éta. Ari nonoman téa? Puguh baé samar polah.
Wiwirang di kolong tjatang.
Tjeg baé deui kana koperna, pindah ka daréksi hareupeun daréksi kuring, misah
ti Wiharti. Rokajah: ,,Naha Pa, geuning éta duaan téh siga nu birat? Saha éta
téh? Sanés rentjang bapa? Naha aja abdi parindah?”
Kuring: ,,HIdji-hidji atuh
pertanjaan téh. Jajah mah biasa, ari barangtanja téh sok diborong.” (kuring
diuk di urut Wiharti. Ari gék, bet aja nu kadiukan, barang diilikan, sihoréng
lokét leutik. Moal ten nu Wiharti, tadi tinggaleun, rusuh teuing,,birat”).
Kuring kalawan ringkes,
njaritakeun pangalaman tadi ka urut murid-murid. (maranéhna tas ka ondangan ti
Ratmini, urut murid kuring kénéh, kamari nikahna). Sunarni mani sosongkolan
mentjétan beuteung, bawaning ngeunah seuri ngadéngé tjarita kuring. Ari Rokajah
mah ngan tjalangap baé, geus teu soraan balas seuri.
Babak V
Deukeut ka Tjimahi, di
Djuruladén mupul gelas bari nagih bajaran. Bawaningbéra djeung gugup, nonoman
tadi djung baé indit, teu nolih babajar heula.
Djuruladén: ,,Dupi nu tjaralik
di dieu téh lalungsur, kitu pa?”
Kuring: ,,parindah. Keun baé
urut nginumna mah ku kuring dibajarna. Sabaraha? Sobat kuring,,nu istiméwa”
pamegetna mah.”
Oranje-kreus ku kuring dibajar,
bari diager-ager ku urut murid, pokna gé: ,,nja diupat sataker kadaék, nja plok
tombok.”
Kuring njéréngéh baé, teu
némbalan. Sabot kitu Wiharti njampeurkeun. Moal teu njusul lokétna anu
tinggaleun modjang téh. Enja baé. Éra-éra gé nanjakeun. Kuring: lokét téh,
jaktos katilar. Malah itu raksukanhaneut sareng bongsang oléh-oléh gé teu
katjandak. Entong ngalih atuh, raridu. Mangga tjalik deui baé di dieu.”
Wiharti: ,,itu koper di ditu
da.”
Kuring: ,,sawios, dibantun ku
bapa. Nomer sabaraha paragi tjalikna téh? “mangga Endén mah tjalik-tjalik baé
di dieu.”
Wiharti:,,teu émut nomerna mah.
Tjaket panto gédéngeun istri sepuh, da.”
Kuring miheulaan, indit njokot
koper. Atuh kapaksa Wiharti diuk deui dina urutna. Ari kuring balik deui,
kasampak tilu modjang geus wawawuhan. Jajah katara mengkek piseurieun, pipina
geus kembung-kembung baé.
Ari kuring geus diuk deui,
tjong téh Wiharti njodorkeun leungeun, ngadjak mundjungan, bari ngomong:
Wiharti: abdi téh njanggakeun
samudaja kalepatan, mugi bapa ngahapunten, tilas abdi tadi upat-sinuat. Teu
nginten meueus-meueus atjan, wiréh nu diupatna dipayuneun pisan abdi.”
Kuring ngahelas tapi kapiasem.
Bisi éraeun, didjawab téh: ih, naon téa? Da Bap amah teu nguping naon-naon.
Apan kauninga, ti barang tjlak gé mondok tibra pisan.”
Kawasna ku jajah katangén, jén
kuring téh mereketkeun manéh nahan piseurieun. Geus karuhan jatah mah ti tatadi
gé pipina melendung, anjeuna teu kawawaeun, ngan barakatak baé seuri bari
ngadjembél Sunarni kana pingpingna. Nu didjambél ngagurubug bari aduh tapi
terusna ngabarakatak.
Dasar barudak bareuki seuri
Aéh…..nepi wéh ka Bandung
M.A. SALMUN
(madjalah
Tjandra 1954)