Harti SUNDA

Sunda mangrupa idéntitas pikeun hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo
Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana. Sunda asalna tina kécap Su nu hartina sagala nu ngawengku unsur kaalusan. Urang Sunda miboga kayakinan yén ngabogaan etos atawa karakter Kasundaan, salaku jalan ka kautamaan hirup. Karakter Sunda nu dimaksud nya éta cageur (sehat), bageur (baik), bener (benar), singer (mawas diri), jeung pinter (cerdas). Karakter ieu geus dituluykeun ku masarakat nu cicing di Jawa barat ti jaman Kerajaan Salakanagara.
Aya sababaraha definisi sunda nurutkeun para ahli, diantarana nya éta:
  • Sund hartina moncorong (A Sanskrit-English Dictionary karangan Monier Williams)
  • Kécap Sunda dina An Index to the names in the Mahabharata karangan S. Sorensen disebutkeun yén:Ngaran Dewa Wisnu, Ngaran Daitya (Buta) anak Nisunda (Nikhumba) jeung dulurna Upasunda. Ieu dua dulur téh silihpaéhan lantaran marebutkeun Widatina geulis nu ngaranna Tilottama.
  • Dina Kamus Jav-Ned. Handwoordenbook karangan J.E.C. Gericke jeung T. Roorda disebutkeun yén Sunda téh hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, kécap atawa sora dirajek. Upama dijieun candrasangkala hartina dua, asalna tina basa Jawa unda anu hartina :Ngunda (jangkrik anu rek diadukeun), Ngapungkeun (langlayangan). Dina basa Jawa tunda hartina tumpukan, susun.
  • Sunda hartina éndah, dina carita Mundinglaya Dikusumah aya garwa Prabu Siliwangi anu jenenganana Nyai Mantri Manik ManuSunda, sakapeung disebut Kentring Manik ManuSunda, anu hartina Nyai Mantri Permata Ciciptan anu Endah.
  • Numutkeun kana basa Sansakerta anu mangrupa induk basa-basa Austronesia, harti sunda téh aya genep, nya éta :Bercahaya, terang benderang, Anu ngarawat alam/dunya, Satria anu ngabogaan tanaga gedé, Satria anu trampil, Bodas beresih, Ngaran gunung di beulah kalér kota Bandung.
  • Numutkeun basa Kawi (Kawi-Javaans Woordenbook karangan C. F. Winter Sr.) aya opat harti Sunda, nya éta :“Cai” hartina daérah anu loba cai, “Tumpukan” hartina subur, “Pangkat” hartina ngabogaan kualitas, “Waspada” hartina ati-ati
  • Numutkeun basa Jawa aya lima harti Sunda, nya éta :“Tersusun” hartina tartib, “Nyatu/Bersatu” hartina hirup rukun, “Angka dua (candra sangkala)” hartina saimbang, “Naék” hartina kualitas hirupna terus naék, “Terbang melambung” hartina beuki naék kualitasna.
  • Numutkeun pamanggih G.P Rouffaér kecap sunda asalna tina basa hindu, nya éta :Sund hartina moncorong, Ngaran dewa wisnu, Ngaran daitya (buta), Ngaran hiji monyet, Cuddha hartina bodas, Sa-udha, Sa-tunda hartina panundaan/gudang, Sugema.
  • Numutkeun basa Sundana, kecap Sunda ngabogaan harti :“Lumbung” hartina subur makmur, “Sonda” hartina alus, “Sonda” hartina unggul, “Sonda” hartina senang, bungah, “Sonda” hartina sarua jeung kahayang haté, “Sondara” hartina lalaki anu kasép, “Sondari” hartina awéwé anu geulis, Pinuh ku rasa kanyaah, Éndah.
  • Bahasa Kawi[1]
  1. SUNDA hartina cai
  2. SUNDA hartina jumplukan
  3. SUNDA hartina pangkat
  4. SUNDA hartina ati-ati
  • Bahasa Jawa [2]
  1. SUNDA hartina ngéntép seureuh
  2. SUNDA hartina ngahiji
  3. SUNDA hartina angka dua (2) dina itungan candrasangkala atawa suryasangkala
  4. SUNDA asalna tina kecap unda, artina naék
  5. SUNDA hartina ngapung