Dede Ruska_SAGARA OMBAK_OMBAKAN


SAGARA OMBAK-OMBAKAN
Ujung Genteng 2006


Kleung angkleung
Sagara ombak-ombakan
Kamari basisir ngahinghing
Geueuman ku panakon ombak
Atra carita kalakay pandan

Ti isuk ka beurang
Ka peuting ka nyaring
Kleung angkleung
Sagara ombak ombakan
beuki jauh ngangkleung
katumbiri angsrod-angsrodan
nu ngangkleung poékeun pangbalikan
basisir beuki ngoletrak, ukur karang

kleung angkleung
sagara angin anginan
nu ngangkleung leungiteun wiwitan

kleung angkleung
sagara taya ombakan
kleung angkleung
peuting beuki ngolotan