Kurikulum 2013, Kumaha Damang?

Kurikulum 2013, Kumaha Damang?

Ku Dadan Sutisna
SN
Murid SD keur dialajar di kelas [Potret: Maruta Bayu]
Sabada puyeng ku riceuyna urusan Ujian Nasional (UN), Ki Mendikbud bangun ngoréjat deui, aya hanca nu bisa jadi sawatara waktu kapopohokeun: Kurikulum 2013. Piraku meureun nepi ka bolay mah, najan nu nolak ti ditu ti dieu. Tadi teuing mun dibedokeun, da apan taun hareup mah kabinétna gé boa geus robah. Taun ieu hiji-hijina kasempetan keur némbongkeun ketak ka balaréa, yén pendidikan téh urusan penting jeung genting.
Tapi deuih, mun ngeunteung kana kajadian riceuwna UN, naha Kurikulum 2013 bakal hasil? Mangkaning apan UN mah ukur bagian leutik, ari Kurikulum, ngawengku rupaning aspék pendidikan. Tangtu réa nu cangcaya, ngurus UN waé teu bérés, atuh komo kurikulum? Kaayaan modél kieu, bisa jadi geus ti tangéhna nepi ka dapur Kemendikbud.
Kacaturkeun, jumlah sakola di Indonésia téa aya 147.609 SD, 35.501 SMP, 11.572 SMA jeung 10.685 SMK. Kemendikbud sabaraha kali ngarévisi jumlah sakola nu bari nerapkeun Kurikulum 2013. Nepi ka panuntung mah, cenah Kurikulum 2013 bari diterapkeun di 2.598 SD (1,7%), 1.521 SMP (4,2%), 1.270 SMA (10,9%), jeung 1.021 SMK (9,5%). Kitu gé deuih, bakal nilik heula kana infrastruktur di sakola. Nu baris ngalarapkeun Kurikulum 2013 téh nyaéta sakola éks-RSBI jeung sakola nu meunang akréditasi A. Terus tempatna deuih, nu sakirana deukeut ngajugjugna. Hartina di tempat nu mencil mah, najan sakolana alus gé, baris diliwat heula.
Ku lantaran jumlah sakola nu rék ngalarapkeun Kurikulum 2013 ngurangan (pisan, malah), atuh piraku anggaranana gé rék angger sakitu. Tina 2,49 Trilyun téh, anggaran Kurikulum 2013 ayeuna mah dipotong jadi 800 Milyar.
Omat, cék Ki Mendikbud, ieu téh lain uji coba. Tapi kurikulum nu ngeureuyeuh. Saheulaanan mah, sakitu wé jumlahna, kira-kira 3%-an tina sakabéh sakola. Hartina, mun jadi téh, taun ieu bakal aya 2 kurikulum nu dipaké ku sakola, Kurikulum 2013 jeung KTSP. Kurikulum 2013 mah husus keur sakola nu geus maju, sakola nu hadé, sakola nu méméhna disebut nginternasional. Naha nu kieu teu kalebet kana diskriminasi, Pa Menteri?