Pupujian Umat Nabi Dicawiskeun Ka Surga 7 Golongan

Ka hiji jalma nu anom,getol tobat ka pangeran
Ka dua jalma berehan,sodaqoh teu ditembongkeun
Tilu ngucurkeun cipanon, dosa alit ditobatan
Opat tukang berjamaah, sanajan loba kasusah
Leungit harta henteu susah, najan tinggal berjamaah
Ka limana jalma-jalma, ngariung sareng ulama
ngadangukeun pituturna, sangkan bagja akheratna
Genep surge dicawiskeun, ka jalma nu ngadawamkeun
Siang wengi diamalkeun, sholat sunnah didawamkeun
Tujuh surge dicawiskeun, ka jalma nu tara jinah
Najan geulis nu ngagoda, ngarah sieun ku Pangeran.