CINTA - HETTY KOES ENDANG


Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung némbongan
Repok jodo ahirna datang sorangan
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta manjangkeun carita
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta panjang lalakona

Cinta lir ibarat nu geulis
Gerak éndah tinawur séwu mamanis
Cinta perlu jalan anu luwes
Sologoto kapakan diancam putus
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta perlu pangorbanan
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta perlu kasadaran

Cinta datangna teu kaharti
Gandrung liwung mikarep nu kapiati
Cinta matak anteng beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta mangkak ligar éndah
Aduh-aduh cinta 2x

Cinta kembangna kanyaah