Filsapat Sunda


Numutkeun para ahli sajarah pemikiran manusia, paling copelna
tahap-tahap kamajuan pemikiran (pemikirannaonnya basa Sundana?) aya
tilu pase: anu kahiji pase mitos, kadua pase filsafat, katilu pase
sains. Memang aya pase anu kaopat, nyaeta pase anu kiwari disebut pase
post-modern anu kiwari keur napak sanajan can jelas juntrungna.

Tah dumasar kana eta pase, sim kuring ninggal yen pase kadua pikeun Ki
Sunda (ceuk rarasaan) can tutas (lain acan napak ngan can anggeus).
Matak wajar lamun Ki Sunda Asup kana pase anu katilu komo kaopat, rada
lilieun; loba kapaksana. Kusabab kitu teu aneh lamun loba keneh anu
jadi korban (jai objek) pase katilu tibatan anu jadi Subjekna (lain
euweuh ngan teu rea).

Kusabab kitu, kumaha lamun nyambi ngawawani (kusabab kaayaan) nyorang
pase katilu jeung kaopat, urang beberes pase anu kaduana, supaya teu
lilinieun; nyaeta nuntaskeun pase filsafat, kucara ngabuka obrolan
madungdengkeun rupa-rupa persoalan anu disanghareupan ku Ki Sunda dina
aspek-aspek filosofisna.

1.Naon anu disebut Filsafat Sunda?
Ninggali tina sajarah ragam filsafat (sanes aliran) anu geus dianggap
maneuh, aya anu disebut filsafat barat, filsafat timur (Cina& India),
filsafat kristen, filsafat Judea, jeung Filsafat Islam. Eta ragam
filsafat mun ditengetan diwengku ku wilayah, naha geografis atawa
"ideologis" (?). Kusabab kitu lain mustahil jeung lain ngimpi lamun
urang "nyieun" filsafat Sunda.
Filsafat Barat nyaeta filsafat anu para filosofna urang barat
(khususna Eropa), Filsafat Islam yaeta filsafat anu filosofna anu
ngagem agama Islam-klasik (di Timur Tengah)jst. 
Tah, meureun, anu disebut Filsafat Sunda nyaeta filsafat anu
"filosof-na" urang Sunda. Sedengkeun anu anu digarapna (wilayah
garapan) sarta isu anu dijadikeun tema garapan bisa naon bae, copelna
tema-tema anu populer di dunia filsafat: Naha tema filsafat manusa,
filsafat sosial, efisteomologi, metafisika, etika, estetika, jrrd.
Jeung tangtuna oge lain ngan ukur ngabahas warisan Sunda buhun, tapi
oge (utamana) ngabahas masalah-masalah anu disanghareupan ku Ki Sunda
kiwari jeung jaman anu bakan datang. Sahingga cara mikir urang Sunda

laing ngan saukur responsif tapi oge produktif.

2.Usul Tema
Sim kuring usul (manawi teu dianggap diaya-aya): Dumasar kana kaayaan
jeung persoalan anu masih keneh ngabuntut bangkon dina paguneman Ki
Sunda, nyaeta ngenaan: "Budaya jeung Agama".

Ki Sunda (umumna, lain nga euweuh-euweuh anu lian) kiwari hirup dina
dua landasan, nyaeta: budaya Sunda jeung Agama Islam. Sacara filosofis
kumaha bule hidungna?
Ceuk sakaol, Ki Sunda ngabogaan budaya warisan karuhun anu inklud di
jerona aya agama, nyaeta agama Sunda. Asumsi anu jadi dasar yen asupna
agama-agama lain (ti Timur Tengah: Kristen & Islam) dianggap geus
"ngotoran" asali jeung kamurnian budaya Sunda asli. Memang asupna
agama Hindu jeung Budha mah jarang jadi catur anu peka, dibandingkeun
jeung masalah asupna Islam/Kriten kajero budaya Sunda.

Persoalan-persoalan:
-naha bener agama Sunda (buhun) sama sakali teu bisa "dipisah" tina
budaya Sunda? Sahingga urang Sunda anu ngagem agama lain bisa dianggap
kaluar (ngahianat) budaya Sunda atawa leuwih ti eta geus kaluar tina
kasundaanana?
-Nyakitu oge agama anu data ti luar Sunda (Hindu, Budha, Islam jeung
Islam) teu bisa "dipisah" tina akar budaya budaya asalna (India, Arab
atawa Semit)?


(kenging Coppast)