Dede Ruska_AYA PANTO DI DAYEUH


AYA PANTO DI DAYEUH
Cilimus 2006

Satapak ka satapak
Ngaji peuting nu lamokot

Beulah kénca can jauh lumampah
Beulah katuhu poék mongkleng, ngadelan
Tapi geuning tanaga geus suda
Jalan nu kasorang pinuh ku reuma jeung harangasu

Peuting ieu bulan nyumput eraan
Béntang-béntang ngoléséd ngajauhan
Éstu keur butuh batur catur
Ngukur umur nu angsrod-angsrodan

Bray...
Sorana ngarekét niruk angin peuting
Hiji, hiji léngkah ngadeukeutan
Atra nu pahibut mulungan béntang
Dibuntel lawon bodas tuluy didurukan

Awak ngarénjag
Aya nu tiis dina embun-embunan
Jeblug, haseup ngelun tina susuhunan kahirupan