Dede Ruska_KIPLIK ASIH


KIPLIK ASIH
Cilimus, 2006


Reup hideung nyay beunta
Acining ati tumerap na rasa
Nud gurunud gunung batu ngaguluntung
Salaksa caah cimata
Ras awak cuang-cieung sorangan
Rus-ras awak aing ny’esékédé nu hadé
Hadé jampé hadé haté
Pleng impleng kumalayang
Awaking wiwit implengan
Nepi ka tuluyna

Lamun tepung teu kaduhung
Olohok sabab hélok
Tumamprak sabab nyaah
Nyaah ka awak aing
Ajining aing ajining nabi
Ajining nabi sukmaning gusti