Dede Ruska_SUPATA


SUPATA
Cilimus, 2006


Rerab....
Teu weleh awor sora-sora
Ti mimiti hijrah mangsa
Dawuan beungkak lébléban
Ti mimiti sungapan miis sisi lamping
Nepi ka geledug ombak tohaga nusantara
Nu miis jadi mancer nu macer ngagelenggeng
Di ditu di dieu caah hangit durukan
Seuneu ngabebela ngaléntab unggal pucuk haté
Hamo peuray andon ruhay
Ruhak jeung tangkorak geus saling percaya
Samiuk sagebrug nyuay nu ngarames kabagjan

Tapi poé ieu pajejel kakuciwa
Lain gogog lain tagog
Gogog borok tagog botrok
Huntu ngan jadi papaés hulu

Bangsat!
Dunya heurin ku nu narepak dada
Yeuh aing lain ahli naraka, éta téh hijrah
Kahadé telekan masing gemet
Bangsat geus beunang ku supatana

Geura teuleuman asin cai laut
Basa ngan keur supata
Supata keur kabagjan balaréa
Dawuan seuneuna teu kaampeuh