Dede Ruska_CAMPAKA LIGAR


CAMPAKA LIGAR
Cilimus 2006

Mun hadé nyumoréang léngkah ka tukang

Aya catur deudeuh nu lapur
Anjog ka lawang sakéténg conré
Baluas kokojayan dina carita
Raga nu nyésa ukur kiceup na léngkob péngkolan

Hayang teuing nu ngageuing tengah peuting
Tuluy guntreng antara kamari jeung kiwari
Dina tungtung sajadah, bucis
Tinangtu caah ku rohmaan-rohiim
Mapag balébat ku segerna wanci

Dipayang-payang kamelang témbong tarang
Dituturkeun catur kadeudeuh
Reueruh dina campaka nu ligar
Lambaran kembang nu maneuh umacacang
Nyorang tungtung carita sagara ombak-ombakan