Dede Ruska_RINGKANG KALANGKANG


RINGKANG KALANGKANG
ku: Dede Ruska


Ka mana luntana panon poé
meletékna srangéngé
nu nyéboran haté saban soré

Ka mana pundungna duh bulan
ngemprayna pangharepan
nu nyaangan impian meuray sungkan

geura sumping, atuh jungjunan
mulangkeun impian
ngangkir héman sirung harepan

Kiceup anjeun, rindat soca
 Mo lunta na langgengna lelembutan

Selabintana September 2011