Dede Ruska_CATETAN SEPTEMBER NU TOMPER


CATETAN SEPTEMBER NU TOMPER
Ledeng, 2006


Ku harianeun nu geulis
lumenggis tiris
Teu lanci ku mamanis
Ngabakutet ati ku karisi

Ku teungteuinganeun janari mawa lastari
Tiis buntiris teu tembong lais
Badan saateun tarékah
Subuh kapegung méga guligah

Raray béakeun cai canembrang
Lambey peuray imbut ngirut
Sora suda ku langgem kalem
Kening sepieun rindat nyolédat

Deudeuh nu geulis mun enya tiris
Geura tampi ieu sahéngna haté
Ngagolak panasna kanyaah
Najan peuting lain agulkeuneun béntang