Basa Rayat

 Basa Rayat


v  BASA RAKYAT     
            Basa mangrupa salasahiji unsur tina kabudayaan. Dina basa aya nu disebut babasan jeung paribasa. Paribasa, numutkeun kamus umum basa Sunda; Paripaos, basa pakeman, kalimah nu geus matok sarta ngandung pituah/piluangeun.

v  UNGKARA TRADISIONAL
            Numutkeun Alan Dundes, paribasa atawa ungkara tradisional hésé diartikeunna. Malah ceuk Archer Taylor, paribasa téh teu mibanda arti. Ari sawangan nu bieu téh teu dipanujuan ku Dundes, sabab sok sanajan hésé ogé urang bisa narekahan ku hal nu séjén.
Cervantes ngartikeun yén paribasa téh kalimah pondok anu dicokot intisarina tina pangalaman nu panjang. Sedengkeun ceuk Betrand Russel, paribasa téh mangrupa kawijaksanaan jalma loba nu mangrupa kaparigelan hiji jalma (The wisdom of many, the wit of one)
            Paribasa bisa dibagi kana opat golongan;
  1. Paribasa anu sabenerna. Nya éta, ungkara tradisional nu mibanda sipat-sipat saperti;
A. Kalimahna lengkep.
B. Dina wangunna, sasarina kurang ngalaman parobahan.
C. Ngandung ajén bebeneran jeung kawijaksanaan.
  1. Paribasa anu teu lengkep kalimahna. Ieu paribasa téh mibanda sipat-sipat nu khas, di antarana;
A. Kalimahna teu lengkep.
B. Wangunna sok robah.
C. Jarang ngungkabkeun kawijaksanaan.
D. Sipatna kiasan.
  1. Paribasa Umpama (perumpamaan). Nya éta ungkara tradisional anu dimimitian ku kecap-kecap saperti jeung siga.
  2. Ungkara-ungkara nu mirip jeung paribasa. Nya éta babasan-babasan nu digunakeun keur ngahina (insult) saperti; Nyeletuk (retort), sindir, sampir, jawaban pondok nu seukeut,jeung mangrupa ucap-ucap nu matak nyeri kana haté.

      Klasifikasi éta téh dumasar kana wanda nu digunakeun ku urang Amerika. Hal éta ogé dipaké pikeun ngabagi ’peribahasa Indonesia’. S. Keyzer misalna, ngabagi paribasa kana lima golongan; 1. Paribasa ngeunaan sasatoan. 2. Paribasa ngeunaan tutuwuhan. 3. Paribasa ngeunaan manusa. 4. Paribasa ngeunaan anggota kulawarga. 5. Paribasa ngeunaan fungsi anggota awak.
      Tina sajumlahing babasan atawa paribasa anu hirup dina basa Sunda, lamun ku urang dititénan ungkara atawa eusina, umumna ngébréhkeun kahirupan urang Sunda anu masih kénéh dina pola agraris. Hal ieu bisa dititénan dina ngaran-ngaran tutuwuhan, sasatoan, atawa kabiasaan sapopoé anu nyampak dina babasan atawa paribasa.
      Tapina sabalikna, sanggeus urang Sunda wawuh kana ambahan kahirupan anyar  –widang industri cindekna mah- teu katémbong karancagéanana dina ngagelarkeun babasan atawa paribasa anyar. Ana kitu, babasan atawa paribasa anu hirup (kénéh) nepi ka kiwari téh ukur jadi ‘warisan’ wungkul ti jaman-jaman nu tukang. Ieu warisan téh teu mustahil beuki dieu mah bakal beuki kicup, sabab nungtutan terus maréplékan-laleungitan; Tepi ka ahirna mah geus teu dipikawanoh deui ku urang Sundana sorangan, lantaran geus teu produktif.
     

v  FUNGSI PARIBASA
            Saperti ogé folklore lisan, umumna paribasa téh salaku sistem proyéksi, salaku alat, ngesahkeun pranata-pranata jeung lembaga kabudayaan, salaku atikan keur budak, jeung salaku alat nu ngatur norma-norma masyarakat sangkan digugon (Baccom, 1965)
            Paribasa mibanda fungsi salaku alat komunikasi, utamana dina kadali masyarakat (social kontrol) anu sacara kongkrit ngiritik hiji jalma anu ngarempak kana norma-norma di masyarakat. Ngahina hiji jalma ku ngagunakeun paribasa leuwih keuna kana haté batan hinaan sacara langsung. Hal éta disababkeun paribasa teu miboga sipat keur sadirieun hiji jalma.
            Salian éta, salasahiji fungsi basa téh bisa dipaké pikeun ukuran kapinteran hiji jalma. Contona, ku ngucapkeun paribasa téh éta jalma bakal diajénnan salaku jalma nu wijak.
            Kacindekanana, paribasa téh mibanda fungsi salaku alat pikeun meunang hiji ‘penghargaan’ ti masyarakat.

CONTO BABASAN JEUNG PARIBASA
1. Ambon sorangan                 : Bogoh nyabeulah, alatan teu dilayanan
2. Asa dijual teu payu             :Diantep ku sakabéh jalma, euweuh nu nakon
3. Asa ditincak hulu                : Asa dihina, disapirakeun, teu dihargaan.
4. Samar polah samar rasa       : Teu puguh laku sabab panggih jeung nu dipicinta
5. Muncang labuh ka puhu      : Jalma nu ngumbara tuluy balik ka asal
6. Nyolok mata buncelik         : Ngalakukeun hal nu matak nganyerikeun batur, bari jeung                                        di hareupeun jalma loba
7. Sajeungkal dijieun sadepa   : Carita jalma nu sok ditambahan dipapantes, dipasieup,
                                                  dijiga-jiga nepi ka leuwih hebat batan nu sabenerna.
8. Pacikrak ngala merak          : Ngagambarkeun kaayaan nu teu saimbang
9. Endog tara megar kabéh     : Sanajan saindung-sabapa, tapi ari urusan rejeki mah can                                                        tangtu sarua
10. Goong saba karia              : Datang sakarepna sorangan, sanajan teu diondang
11. Goong nebeuh manéh       : Ngagulkeun diri sorangan atawa kulawarga
12. Teu diambeuan                  : Teu diajénan atawa teu dihargaan
13. Ditiung sanggeus hujan     : kakara iatna, sanggeus cilaka (teu ti saméméhna)
14. Tuang jinis             : Nyeungseurikeun guguyon sorangan, sabab batur mah                                                           taya nu seuri
15. Ngalebur tapak                  : Ninggalkeun kalakuan goréng, milampah nu hadé baé.
16. Ngodok liang buntu          : Sarua jeung capé gawé teu kapaké.
17. Kéjo asak, angeun datang : Sapagodos jeung maksud nu rék ditepikeun
18. Nyanghulu ka jarian          : Ngadunungan jelema nu sahandapeun harkatna
20. Ngahileud peuteuy            : Ngahalang-halang pakarepan batur
21. Haréwos bojong                : tumerap kana rusiah, nu geus jadi rusiah umum
22. Ginding kakampis             : tumerap ka jalma anu papakéanana ginding, tapi taya                                                            duittan
23. Gede cahak leutik cohok  : Loba kahayang batan pamasukan
24. Gantung teureuyeun         : Ngarasa keur kakagokna, saperti contona keur                                                                       ngeungeunahna dahar dititah gawé