Sisindiran

 Sisindiran

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna
. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
Conto sisindiran:
Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pungpang jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana


Sisindiran; Kumpulan Rarakitan
Rarakitan téh mangrupa salah sahiji wangun Sisindiran. Rarakitan asalna tina kecap “raket” anu méh sawanda jeung kecap “deukeut”; bédana ari raket mah hartina leuwih deukeut atawa dalit. Anapon anu raketna dina ieu hal nyaéta raket sadana atawa sorana antara cangkang (sampiran) jeung eusi (isi).

Wangun Paparikan téh méh sarua jeung Paparikan. Dina sapadana diwangun ku opat padalisan kalawan unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Padalasisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina. Padalisan kahiji murwakanti jeung padalisan katilu, sarta padalisan kadua murwakanti jeung padalisan kaopat.
Anapon bédana Rararikan jeung Paparikan nyaéta lebah puhu padalisana. Dina Rarakitan mah kecap dina puhu padalisan kahiji (cangkang) dipaké deui dina puhu padalisan katilu (eusi), sarta kecap dina puhu padalisan kadua dibalikan deui dina puhu padalisan kaopat (eusi). Beunang disebut ogé yén Rarakitan mah puhu padalisana papak atawa sarua, teu béda ti rakit, ngaran kandaraan cai anu dijieun tina éntépan kai atawa awi.
Teu béda jeung Paparikan, Rarakitan ogé aya nu watekna “piwuruk” atawa “piwulang”, “silih asih” atawa “birahi”, jeung “sésébréd” atawa “banyol/heureuy”.
Piwuruk
Lain bangban lain pacing
lain kananga aduna
Lain babad lain tanding
lain ka dinya kuduna
Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar
Lamun urang ninun kantéh
ulah resep maké poléng
Lamun urang leutik kénéh
ulah resep ngomong goréng
Meunggeus diangir ku Jeungjing
geura ganti ku Kihiang
Meunggeus pelesir ti peuting
geura ganti ku sambéang
Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun
Mun engké mesék kalapa
pasti butuh ku cipati
Mun hadé ka indung bapa
pasti diasih ku Gusti
Masing asak-asak ngéjo
bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nénjo
bisi kaduhung jagana
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
nu guna dunya ahérat
Silihasih
Abong-abong abdi bonténg
seubeuh diacar diangeun
Abong-abong abdi goréng
seubeuh disangsara deungeun
Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé
Daék sotéh ka Cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka manéhna
ka nu itu mah teu purun
Hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
teu bisa ngakalanana
Ka mana nya nyiar payung
sakieu panas poéna
Ka mana nya nyiar duyung
sakieu panas haténa
Mun teu tulus ka paseukna
ka pacirna ogé hadé
Mun teu tulus ka lanceukna
ka adina ogé hadé
Sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan
Sugan téh kukupu hideung
singhoréng sirama-rama
Sugan téh kukuh mitineung
singhoréng kamana-mana
Tibatan jalan gang buntu
mending gé ka Baros baé
Tibatan abdi dipalsu
mending gé teu cios baé
Sésébréd
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya rangda gogoakan
katinggang ku hulu kohkol
Ka mana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran
Ka mana nya nyiar duit
kayang seubeuh pelesiran
Rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak jahé
Rarasaan matak lucu
teu nyaho mun matak réhé
Rarasaan ngala mayang
teu nyaho cangkeuteuk leuweung
Rarasaan konéng umyang
teu nyaho cakeutreuk hideung
Majar manéh cengkéh konéng
kulit peuteuy dina nyiru
Majar manéh lengkéh konéng
kulit beuteung mani nambru
Sok hayang nyaba ka Bandung
sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
sok hayang nyaho nyentakna

Sisindiran; Kumpulan Paparikan Sésébréd
Di handap ieu mah mangrupa conto-conto Paparikan anu watekna sésébréd, banyol, heureuy, jeung sakapeng mah kacampuran ku cawokah samalah aya anu jorang sarta porno alias “porosot nolol”, éh, “porosot nonghol”. Naha nya? Duka atuh, sigana mah pedah heureuy urang Sunda (jeung heureuy urang Manaboa) téh teu bisa dipisahkeun tina nu ngarana cawokah! Meureun!
Sawaréh tina Paparikan-paparikan ieu dicutat tina lagu Sisindiran-na
Kang Doel Sumbang. Anapon anu dimaksud Paparikan, bisa diilo dina ieu tulisan.
Basa pondok osok nyogok
basa panjang osok nyugak
Anu pondok jadi orok
anu panjang jadi budak
Caang bulan opat belas
teu kaduga ku poékna
Aya bujang baju bodas
teu kaduga ku korétna
Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
Panon burial buncelik
da kadempét étanana
Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
bau nu hitut di juru
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
Cikur jangkung jahé konéng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung
Daun jarak dibeungkeutan
dibawa ka jalan gedé
Anu harak ngadeukeutan
hayangeun dibawa hadé
Écét écét oét oét
ngaronda ngarurek belut
Kapélét kuring kapélét
ku randa nu gedé hitut
És lilin kalapa muda
dibawa diorong-dorong
Abdi resep ka nyi randa
lamun mandi sok ditoong
És lilin ku amis tiis
leuwih ngeunah ti és télér
Abdi isin ku nu geulis
dikiceupan jol ngagolér
Ka Bandung tuluy ka Bogor
di Cianjur meuli bonténg
Kasiksa boga kabogoh
sungutna bau spiténg
Ka Banjaran ka Cikajang
ka Lembang ka Pamonokan
Panasaran ku nu lenjang
hayang nyobaan mondokan
Kéréték kudana beureum
ditumpakan anak Cina
Kapélét ku randa eusleum
unggal poé kuring jinah
Ki Hiang nu meunang nuar
disugu pikeun jualeun
Kahayang meunang nu beunghar
puguh mah jalma kuuleun
Lima kirang tilu dua
nu ngitung tos bener deui
Waos tilu punglak dua
kantunna tos ungger deui
Manuk gaak macok kupat
kecok deui kecok deui
Diwedak reujeung disipat
dekok deui dekok deui
Meuleum manggu tengah poé
dicokélan kayu api
Malem minggu ninggang sué
diapélan aki-aki
Meuli topi meuli koper
selop rumput dibungkusan
Nyai koki ngaku pinter
ngesop buntuk ditungguan
Pa Suma gawéna dahar
mun bedug bakal ditéwak
Percuma dibéré beunghar
mun budug saawak-awak
Pipiti di bunga wari
kaso panjang diteukteukan
Resep ka randa kiwari
sono nganjang deudeukeutan
Pipiti dibunga wari
téténong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hadé omong pangoloan
Poé Saptu poé Kemis
salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
leumpangna eundeuk-eundeukan
Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
Huntuna nyénghol katémbong
lamun ngomong bau jigong
Ti Lélés ka Kadungora
jalana mani molongpong
Baheula nini téh ngora
ayeuna mah enggeus ompong
Turub cupu buli-buli
dipaké wadah hangasa
Daék sukur teu paduli
kami gé da moal maksa