Guaran Sisindiran

 SISINDIRAN

A. Perkara Sisindiran
      Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra sunda anu disebut sisindiran téh nya éta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalayan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. 
     Wangunan sisindiran kauger ku purwakanti, jumlah enggang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran ( puisi ).

B. Papasingan Sisindiran
     Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunnana, sisindiran téh dibagi jadi tilu golongan, nyaeta:
a) Rarakitan;                      b) Paparikan;                           c) Wawangsalan

 a. Rarakitan
     Rarakitan nya éta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh padapapak di puhuna ( mindoan kawit ). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan            ( laraswekas ). Tapi laraswekas nu aya dina sisindiran mah nya éta laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (delapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana magrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu popular teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan ; dua cangkang jeung dua eusina.
    Perhatikeun conto rarakitan di handap!
                  Mun teu tulus ka paseukna,
                  kapancirna oge hadé
                  Mun teu tulus ka lanceukna,
                  ka adina oge hadé
                 
    Rarakitan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua eusi. Padalisan hiji dina cangkang, dimimitian ku kecap mun, sarua jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang dimimitian ku kecap ka, sarua jeung padalisan kadua dina eusi. Hartina, cangkang jeung eusi téh padapapak puhuna saperti rakit, nu matak disebut rarakitan Bisa oge disebutkeun, cangkang jeung eusi téh mangrupa purwakanti mindoan kawit.
    Ayeuna tengetan engang panungtungna. Engang panungtung padalisan kahiji dina cangkang nya éta na murwakanti jeung engang panungtung padalisan kahiji dina eusi. Engang panungtung padalisan kadua dina cangkang nya éta , murwakanti jeung engang panungtung padalisan kadua dina eusi.
    Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Geura urang rucat hiji-hiji:
                  Mun-teu-tu-lus-ka-pa-seuk-na (8 engang)
                  ka-pan-cir-na-o-ge-ha-dé                    (8 engang)
                  Mun-teu-tu-lus-ka-lan-ceuk-na            (8 engang)
                  ka-a-di-na-o-ge-ha-dé                         (8 engang)
    Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan nya éta rarakitan silihasih, piwuruk, jeung sesebréd.
1) Rarakitan silihasih, nyaeta rarakitan anu eusina silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
                        Daek sotéh ka cikonéng,        
                        ka Cisitu mah teu purun.
                        Daek sotéh ka nyi Oneng,
                        ka nu itu mah teu purun.
                                    Sapanjang jalan Soreang,
                                    moal weléh diaspalan.
                                    Sapanjang tacan kasorang,
                                    moal weléh diakalan.
                        Hayang teuing buah hiris,
                        teu bisa ngaasakanana.
                        Hayang teuing ka nu geulis,
                        teu bisa ngakalanana.
                        Hayang teuing angeun waluh,
                        arék didahar jeung cabé.
                        Hayang teuing geura wawuh,
                        arek diajak ka lebe.
                                    Hayang teuing beunteur leutik,
                                    ambéh teu seukeut cucukna.
                                    Hayang teuing teuing nganteur balik,
                                    ambéh deukeut jeung lanceukna.

2) Rarakitan piwuruk, nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
                        Lamun urang ka Cikole,
                        moal hésé tumpak kahar.
                        Lamun urang boga gawé,
                        moal hésé barang dahar.
                                    Sing getol nginum jajamu,
                                    nu guna nguatkeun urat.
                                    Sing getol néangan élmu,
                                    nu guna dunya ahérat.
                        Lamun urang ninun kantéh,
                        ulah resep maké poléng.
                        Lamun urang leutik kénéh,
                        ulah resep ngomong goréng.
                                    Lamun hayang nyieun pager,
                                    kudu daék mawa paku.
                                    Lamun hayang jadi pinter,
                                    kudu daék maca buku.
                        Lamun urang melak salam,
                        kudu daék ngrawatna.
                        Lamun urang ngaku islam
                        kudu daék jeung solatna

3) Rarakitan sesebréd, nya éta rarakitan anu eusina banyol atawa lulucon. Contona;
            Majar manéh cengkéh konéng
            Kulit peuteuy dina nyiru
            Majar manéh lengkéh konéng
            Kulit beuteung meni nambru
                        Abdi mah alim Ka Bandung
                        Hayang sotéh ka Cibaluh
                        Abdi mah alim dicandung
                        Hayang sotéh mun diwayuh

B. Paparikan
            Kecap paparikan asalna tina kecap parek nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna paparikan téh méh sarimbag jeung rarakitan. Bédana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit). Tapi, ukur deukeut sorana, sarta murwakanti dina unggal padalisanna (purwakanti laraswekas). Lebah jumlah  padalisan dina sapadana jeung jumlah engang dina unggal padalisanana, henteu béda jeung rarakitan. Contona;
                        Boboko ragrag di imah
                        Ninggang kana pileuiteun
                        Mun bogoh montong ka sémah
                        Ari anggang sok leungiteun
            Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui padalisan kadua dina cangkang, padeukeut sora jeung padalisan kadua dina eusi. Sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, murwakanti jenung sora tungtung padalisan kahiji dina eusi.
            Ditilik tina eusina, paparikan ogé dipasing kana tilu golongan; Nya éta paparikan silih asih, piwuruk, jeung sesebréd.

1)      Paparikan silih asih, nya éta paparikan anu eusina silih asih, cinta, atawa birahi. Contona;

Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
            Samping hideung dina bilik
            Kumaha nuhurkeunana
            Abdi nineung ka nu balik
            Kumaha nuturkeunana

2)      Paparikan piwuruk, nya éta paparikan nu eusina piwuruk
            Ka kulah nyiar kapiting
            Ngocok lobak bobodasna
            Ulah sok liar ti peuting
            Osok loba gogodana
                        Kanikir siki kanikir
                        Cangkudu beunang panimui  
                        Kapikir beuki kapikir
                        Hirup kudu loba élmu

3)      Paparikan sesebréd, nya éta paparikan nu eusina banyol atawa lulucon
            Itu gunung ieu gunung
            Diadukeun pakbeledug
            Itu pundung ieu pundung
            Marebutkeun mojang budug
                        Daun hiris dibeungkeutan
                        Dibawa ka juru leuit   
                        Anu geulis ngedeukeutan
                        Hayangeun dibéré duit



C. Wawangsalan
            Wawangsalan téh nya éta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan dina bagian eusi
            Contona;
            Abdi téh kapiring leutik
            Kaisinan ku gamparan             (pisin)
                        Alun-alun pileuweungan
                        Gagal temen mun teu jadi       (tegal)
            Areuy leuweung mérang daun
            Ulah sok japilus galih              (pulus)
                        Awi ngora téh jaradi
                        Temah matak jadi liwung        (iwung)
            Aya nu dianjing cai
            Aya nu dihéroan         (séro)
                        Ayeuna gé séréh tegal
            Engkang mah sok matak peurih          (eurih)
                        Bangkong lodor meuntas jalan
                        Titis tulis bagja awak              (bayawak)
            Bén tang baranang di imah
            Samar bisa tepung deui           (damar)
                        Beulit cingir simpay tangan
                        Ulah lali ka sim abdi   (ali)
            Cakcak gedé kadal bilik
            Ulah dipaké mokaha   (toké)
                        Jampana bugang dadakan
                        Panasaran diri abdi      (pasaran)
            Kadeuleu langir caina
            Kayap-keyep anu geulis          (keuyeup)
                        Laleur hideng panyeureuhan
                        Kilangbara urang jadi              (bangbara)