Conto bewara
Béwara pikeun para siswa-siswi SMA Negeri 2 Sukabumi, mimiti seméster kadua, kagiatan ékstrakurikulér di sakola bakal nambahan. Lian ti kagiatan olahraga jeung kasenian, aya deui nya éta latihan jurnalistik jeung diskusi.
Matéri latihan di antarana:
- Élmu dasar jurnalistik
- Tiori jeung prakték nulis berita
- Ngarancang penerbitan majalah dingding.
Para pangajar lian ti wartawan senior, dosén ti Jurusan Komunikasi Fikom Unpad. Jumlah pamilon diwatesan tilu rombongan. Sarombonganana jumlahna paling saeutik 10 urang, paling réa 15 urang.
Latihan diskusi sarua dilaksanakeun saminggu dua kali, Salasa jeung Jumaah. Masing-masing tabuh 09.00 nepi ka 11.00 WIB, pikeun kelas X. Tabuh 14.00 nepi ka 16.00 WIB pikeun kelas XI jeung XII.
Para pangajarna para ahli dina widang masing-masing; ahli politik, ékonomi, jeung budaya. Jumlah pamilon diwatesan opat grup. Sagrupna paling saeutik 20 urang, paling loba 25 urang.
Boh latihan jurnalistik, boh latihan diskusi, henteu kudu mayar (gratis). Sakur nu rék milu, buru-buru daptar, paling elat tanggal 31 Séptémber 2006
Upama masih kénéh kurang jelas, engké sabada diketik ku sékretaris, bakal ditempélkeun dina papan pangunguman. Tiasa ditingali ku sadérék.
Hatur nuhun.
Dépok, 18 Séptémber 2008
Ketua OSIS SMAN 2 Depok
Euis
Kamus Alit
Béwara = pengumuman
Pikeun = untuk
Mimiti = mulai
Tabuh = pukul
Lian = selain
Pamilon = peserta
Buru-buru = cepat-cepat
Upama = jika
Sabada = setelah
Tiasa = bisa
Sadéreék = saudara
Hal-hal nu pinting nalika nepikeun biantara.
Sababaraha hal nu penting lamun urang rék nepikeun pangumuman/béwara.
- Kudu ngarti heula ngeunaan naon nu rék ditepikeun.
- Ka saha éta béwara ditujukeunana.
- Susun ngagunakeun basa nu dipikaharti ku balaréa.
- Gunakeun basa sopan.
- Kudu jelas jeung ringkes.
- Dina nepikeunana perhatikeun lafal, lentong, sora, jeung nada nyarita.
Singgetan jeung Wancahan
- Murid-murid nungguan béwara ti ketua OSIS.
- Para pangajarna dosén ti Fikom Unpad.
Osis téh singgetan tina “Organisasi Siswa Intra Sekolah”
Fikom téh wancahan tina “Fakultas Ilmu Komunikasi”.
Unpad mah wancahan tina “Universitas Padjadjaran.”
Singgetan téh nyaéta gabungan aksara mimiti anu ngawangun kecap. Sedengkeun wancahan nyaéta gabungan tina engang (suku kata) jeung engang, atawa engang jeung aksara mimiti kecapna.
Conto singgetan : OSIS, SMA, UPI, UNJ,
Conto wancahan : Fikom, Unpad dll
Conto Béwara Lianna
Béwara Libur Sakola
Béwara Libur Sakola
TAMAN KANAK-KANAK KUNTUM MEKAR
Jalan Caladi Kundang 18 Bandung
Jalan Caladi Kundang 18 Bandung
Diuningakeun ka sepuh-sepuh siswa, tumali sareng réngséna kagiatan diajar-ngajar samester kahiji, sakola diliburkeun salami dua minggu, ditambih sadinten peré taun ajaran baru 1 Juli 2009. Ku kituna sakola libur ti ngawitan dinten Senén, ping 17 Juni 2009, dugi ka Salasa, ping 2 Juli 2009.
Mugia parasepuh siswa uninga.
Bandung, 8 Juni 2009
Mugia parasepuh siswa uninga.
Bandung, 8 Juni 2009
Kepala Taman Kanak-kanak
Kuntum Mekar Bandung.
Kuntum Mekar Bandung.
Dra. Tini Kartini
Kamus alit
Diuningakeun = diberitahukan
Sepuh = Orang tua
Tumali = berkenaan
Sareng = dengan
Réngséna = selesainya
Peré = libur
Ping/kaping = tanggal
Mugia = semoga
Uninga = tahu
Sepuh = Orang tua
Tumali = berkenaan
Sareng = dengan
Réngséna = selesainya
Peré = libur
Ping/kaping = tanggal
Mugia = semoga
Uninga = tahu
Nepikeun Wawaran
Baca galantangkeun di hareupeun kelas ieu wawaran di handap!
Baca galantangkeun di hareupeun kelas ieu wawaran di handap!
Wawaran 2:
Assalamu’alaikun Wr. Wb.
Hatur uninga ka sadayana, saréngséna ulangan umum, di sakola urang rék diayakeun kagiatan Porseni. Ieu kagiatan téh badé lumangsung salami genep dinten, ti kaping 21 tepi ka 26 Nopémber.
Unggal kelas kedah ngintunkeun wawakilna boh pikeun pertandingan olah raga boh pikeun pasanggiri kasenia. Cabang olah raga anu rék dilombakeun nyaéta, maén bal, voli, jeung ténis méja. Ari kasenian anu rék dilombakeun nyaéta maca puisi, vokal grup, sareng drama.
Jalaran kitu, salaku KM sim kuring meredih ka sadayana, urang kedah ngarojong ieu kagiatan sarta ti ayeuna kedah nangtoskeun saha-sahana anu bakal janten wawakil kelas. Mugi-mugi kelas urang tiasa janten juara umum. Saurna, para pinunjul engké bakal dipaparin panghargaan ku Bapa Kapala Sakola.
Sakitu wawaran ti sim kuring. Hatur nuhun kana perhatosa ti sadayana.
Wassalamu’alaikum Wr. Wr.

Wawaran 1:
Parawargi warga RT 03!
Sakumaha nu kauninga, dina danget ieu warga di lingkungan urang parantos aya tiluan anu katerap panyakit “demam berdarah”.
Kantenan baé urang kedah énggal-éngal nyegah ieu panyakit sateuacan nyebar ka mana-mana. Upami diantep tangtos bakal beuki seueur warga anu janten korban.
Jalaran kitu, énjing dinten Minggu tabuh dalapan, sakumna warga di lingkungan RT 03 kedah ngiring kagiatan gotong royong beberesih. Urang badé meresihan solokan sareng tempat-tempat anu biasa dipaké tempat nyayang reungit. Sakantenan éta tempat-tempat reungit téh ku urang badé disemprot nganggo DDT supados reungitna musna sama sekali.
Sakumna warga mugi nyandak parabot ti bumina masing-masing, kayaning: pacul, arit, sapu, sareng nu sanésna.
Sakitu wawaran ti sim kuring salaku RT 03. hatur nuhun kana perhatosan ti warga sadayana.