Pasaréan
Batukasur
Pasaréan Batukasur ayana di Gungunglingkung. Batukasur ieu katelahna
ogé Tanjung atawa Kutajero, nu asupna ka Kacamatan Léngkong, kawedanaan
Jampangkulon (harita). ieu tempat kurang leuwih 7 km ti kacamatan Léngkong,
jalanna ka Perkebunan Mataram.
Kuncén éta makam harita mah nya éta Ama Juki. Numutkeun katerangan,
ieu makam Ama haji Soléhnu kawitna ti Solo. Inyana miang ka Cirebon Girang
sarta dumuk di Kampung Talaga. Didinya inyana katelah Embah Dalem Wirasuta. Teu
lila didinya, tuluy inyana tilem. Aya deui di Limbangan Garut. Didinya ogé
inyana teu lila, tilem deui. Ceuk béja inyana ka Sumedang ngagunakeun ngaran
samaran Éyang Jaya Perkosa. Tapi cenah didinya ogé inyana teu lila, tuluy tilem
deui.
Inyana gumelar deui di Jakarta, di kampung Gudang Bata. Teu lila
didinya inyana tilem deui. Aya deui di Cipanengah, Sukabumi. Teu lila didinya
inyana tilem deui satuluyna aya di Cikembar Kabupatén Sukabumi. Tidinya inyana
tilem deui, tidinya taya nu apal kamana inyana indit. Ngan aya deui warta cenah
inyana aya di Kutajero, disabudeureun Gunung Sunda, di Gununglingkung. Ngaran
Gunung Sunda cenah dumasar kana ngaran Ratu Sunda nu kungsi nyieun pasanggrahan
di éta tempat.
Di ieu tempat Éyang Jaya Perkosa baganti jadi Embah Térong Péot,
Kandang Hapa, Boros Cobrang/Boros Kaso.
Di éta tempat aya hulu cai wahangan nu ngarana Cikaso. Bisa jadi éta
ngaran dumasar kana ngaran Embah Boros Kaso.
Di Kutajero Embah Jaya Perkosa ngababakan sarta tatanén nya éta
melak paré jsb. Didinya inyana baganti ngaran nya éta Ajengan Bélékéték. Tapi
satuluyna inyana dipikawanoh jadi Ama Haji Soléh.
Mangsa harita inyana kungsi nyieun hiji wahangan, ku sorangan,
satuluyna caina di ngamalirkeun ka béh kidul, nepina ka tempat anu kiwari
ngarana Kalibunder, ieu wahangan nyagak ngurilingan tempat padumukanana.
Meureun kitu ogé kasangtukangna dingaranan kalibunder. Sanggeus inyana tilar
dunya, tuluy dimakamkeun di Batukasur. Nepi ka kiwari makamna loba
nungajiarahan, sabab dianggap karamat.
(Ama Juki)