Cikaranggeusan


Cikaranggeusan

Cikaranggeusan nya éta ngaran hiji wahangan anu ngamalirna ti Jampang Kulon ka Suradé. Numutkeun cacandran kolot baheula, naha ieu wahangan ngaranan Cikaranggeusan, sabab cenah hiji mangsa ieu wahangan bakal ngamalirkeun cai ka sawah nu aya di daérah Suradé. Cikarang nuduhkeun wahangan; geusan = pikeun. Jadi Cikaranggeusan hartina Cikarang pikeun ……..pikeun saha? Nya éta pikeun nyaian sawah di daérah Jampang Kulon jeung Suradé.
Ayeuna urang guar carita Cikaranggeusan
Dina ping, 17 agustus 1967 di alun-alun Kacamatan Jampang Kulon diayakeun lawungan ku pamaréntah jeung rahayat Jampang Kulon anu diluuhan ku Pa Bupati Sukabumi harita, nya éta Pa Kudi. Udagan tina éta rapat nya éta: nangtukeun bakal dimimitiana nyieun irigasi di daérah Cibeureum nepi ka Cikaranggeusan.
Dina taun 1968 -1969 sawaréh masarakat Jampang Kulon jeung Kacamatan Suradé, babarengan migawé éta irigasi. Mimiti nu dipigawé masarakat nya éta ngaratakeun tanah jeung nyieun jalan anu legana 3 nepi ka  4 méter. Satuluyna, ieu pagawéan dipilampah ku PT. Pestadarma, nu antukna ti Cibeureum cai ngamalir ka Cikaranggeusan. Ti baheula Cibeureum téh caina ditambah ti Ciseureuh. Jadi saéstuna cai anu ngamalirna jadi hiji nya éta cai ti: Ciseureuh, Cibeureum, Cinguluwung jeung Cikaranggeusan nu atukna ngamalir ka Kacamatan Jampang Kulon. Nepi ka di Jampang Kulon dijieun sababaraha pintu air. Éta cai ngamalirna aya nu ka béh kulon, ngaliwatan wahangan Ciawi, nu brasna ka Perkebunan Cijambé tuluy ka Wahangan Cikarang. Di hilireun Cikarang aya irigasi ka Désa Citanglar. Di éta tempat cai ngamalir ka tilu désa nu aya di Kacamatan Suradé.
Tina pedaran ti luhur, kabukti ngeunaan hiji cacandran Cikaranggeusan éta.
(Radén Umar Basar)