Pasarean Embah Cigangsa-Surade


Pasaréan Embah Cigangsa
Cigangsa nya éta ngaran hiji kampung nu aya di béh kuloneun Kacamatan Suradé. Pangna dingaranan Cigangsa sabab ayana deukeut jeung wahangan Cigangsa. Ieu kampung ayana desa Jagamukti (baheula).

Nalika pamaréntahan Walanda, di béh hilir wahangan Cigangsa, dijieun hiji bendungan. Caina digunakeun pikeun nyaian sawah anu aya di Kacamatan Suradé. Kusabab caina kurang, satuluyna ditambah ku cai ti Cikarang.
Di Cigangsa aya hiji makam, nya éta makam Embah Santri Dalem, nu kiwari katelahna Embah Cigangsa. Embah Santri Dalem nya éta saurang bangsawan Imbanagara nu nepi ka Jampang Kulon bareng jeung Surawijangga nu geus dicaritakeun dina sajarah Jampang Kulon. Mimiti jeung dulurna, inyana ngumara  ka Cicurug Pamerangan. Tuluy inyana dumuk di Cigangsa. Inyana milih ieu tempat sabab tanahna subur. Sanajan daérahna aya di pasir tapi teu kakurangan cai sanajan dina usum halodo. Atukna ieu tempat di jadikeun sawah jeung kulah pikeun miara lauk.
Embah Cigansa ngababakan di ieu tempat tuluy dumuk di ieu tempat tug nepi ka tilar dunyana. Nepi ka kiwari loba jalma nu jarah ka makamna. Tujuan jalma anu daratang ka éta makam nya éta jalma anu miboga kahayang. Upamana: hayang meunang pagawéan, hayang naék pangkat, lamun tukang dagang hayang untung dagangna, jrrd.  Ieu kuburan dipiara ku saurang kuncén sacara turun tumurun. Ieu kuncén neundeun sababaraha barang pusaka milik Embah Santri Dalem jeung bojona, upamana: bokor, séndok dua, salamar kaén sarung sarta salendang, jrrd. Harita, ieu kuncén téh umurna geus kolot pisan, ngadanguna ogé geus rada ngurangan. Jenengan ieu kuncén nya éta ki Badra. Duka teuing katurunan sabaraha ti kuncén nu mimiti, nu asalna ti katurunan pengawal nu satia. Numutkeun Ki Badra barang pusaka éta miboga khasiatna séwang-séwangan, tapi hasiatna éta barang ngan saukur bisa didangukeun langsung ti Ki Badra sorangan.
Ceuk carita batur, Aki Badra téh salasaurang anu miboga kasaktén, diantarana nya éta: upama Aki Badra migawé sawah atawa huma biasana sok tipeuting sarta ku sorangan. Lamun saupama ditanya naon pangna barang gawé ti peuting, ngajawabna, yén tipeuting mah bisa ribeh baranggawé jeung teu ka ganggu ku panasna panon poé sarta ku sémah.
Conto nu séjén deui: lamun aya jalma ménta tulung pikeun newak munding nu masih kénéh linghas (harita mah munding téh biasana dikencarkeun, upama ditéwak téh nalika mundingna arék dipaké pikeun nyamut sawah hungkul), néwak ieu munding teu hésé pikeun Ki Badra mah. Kari muka baju atawa naon waé nu nyantél dina awakna, tuluy diteundeun ditempat anu sakirana bakal diliwatan ku munding. Lamun saupmana éta munding nepi kana éta tempat, tuluy cicing, tinggal kari nalian.
Jalma réa miboga anganggapan, kuncénna geus sakieu jagona, komo deui Embah Cigangsa. Meureun éta salah sahiji kasangtukang nu matak ieu tempat loba nu ngajiarahan. 
       (Ukri Sumaatmaja)