Muara Gede Leuweung Denuh
Kampung Muara Gedé atawa katelahna Mara Gedé nu ayana di Tegal
Buleud. Sagaranten Jampang Tengah di beh kulon ngamalir wahangan Ci Kaso di beh
kidul sagara samudra hindia jeung belah wétan aya leweung geledegan ngarana
leweung denuh.
Numutkeun carita leuweung denuh asalna tina ngaran wanoja, nya éta
Nini Denuh. Inyana lalampahan teu miboga udagan, tug nepika anjog ka hiji
leuweung di basisir sagara kidul. Harita éta tempat tacan miboga ngaran jeung
masih kénéh leuweung geledegan nu dicicingan ku sasatoan leuweung.
Di éta patempatan Nini Deniuh téh nyieun padumukan jeung mimiti
pepelakan. Nu sakirana aya hasilna. Éta kebon di pager ku tangkal jambé. Tug
nepi ka ayeuna éta tangkal jambé téh masih kénéh nyampak sarta numutkeun carita
mah éta patempatan téh masih kénéh sanget.
Kacaritakeun anu ngageugeuh éta patempatan téh nya éta Éyang Prabu
Kebo Dongkol. Ni Denuh di samat jeung di béré pangiuhan. Sabab éta patempatan
tacan miboga ngaran, ku kituna dingaranan Leuweung Denuh atawa Mara Gedé. Cenah
numutkeun jalama, éta tangkal mara téh sakapeung mah sok katempo sakapeung
tara. Katelahna Muara Gedé sabab di éta patempatan bobojongna Cikaso ka sagara.
Harita muara gedé atawa Mara Gedé téh nya éta hiji pakampungan. Nu
di eusian ku 20 suhunan imah. Nu unggal imahna dipager ku tanggal baradag jeung
kai heuras. Kusabab éta kampung téh dikurilingan ku leuweung jeung sabangning
sato leuweung.
Numutkeun carita, baheula mah di Mara Gedé, sok aya jalma anu
digegel méong atawa buhaya. Nu jadi korbana nya éta nu anyar pindah, nu acan
wanoh kana éta patempatan. Ku kituna aya sababaraha urang anu diangkat pikeun
jadi pawang, nu bisa naklukeun méong jeung buhaya. Pikeun nulungan jalma di éta
tempat. Kabéh jalma tuhu kana tetekon ieu pawang. Diantara laranganana nya éta:
1. saméméh ci ibun turun teu meunang indit ka leuweung atawa ka
wahangan. Saméméh surup panon poé kudu aya di imah.
2. Jaman baheula ieu tempat ngan bisa dijug-jug ku cara naék parahu.
Jalam teu meunang nyusur ieu wahangan.
Naon pangna loba jalma anu dumuk di éta tempat, padahal éta daérah
téh kawilang sanget? Sabab éta daérah kawilang suburna. Naon waé anu dipelak
tangtu jadi tur hahasilan. Ku suburna éta tempat, ngajadikeun loba jalma ti
kampung séjén nu daratang ka ieu lembur. Anu daratang ka ieu lembur geus apal
kana naon anu teu meunang dipilampah. Tapi ku sabab lobana jalma anu ngadon
bubuara ka ieu tempat atukna mingkin loba ogé pangeusi lemburna. Cenah harita
téh loba nu maot alatan ngareumpak larangan.
egal Buleud kungsi jadi kamantrén Sumber Jaya. Sumber Jaya miboga
harti sumber kamakmuran. Pangna disebut Sumber Jaya sabab ieu tempat loba
ngahasilkeun mangrupa-rupa tina hasil tatanén.
(Ukri Sumaatmaja)