Putri Caweni- Sagaranten


Putri Caweni (Sasakala Sagaranten)
Baheula nalika Kabupatén Sukabumi masih kénéh leuweung geledegan. Kacaritakeun aya hiji putri turunan Pajajaran nu ngarana Nyi Rara Sanget nu katelahna Nyai Putri Caweni, nénéhna kitu sabab manéhna masih kénéh parawan atawa tacan kawin (caweni, gadis).

Numutkeun béja Nyai Putri Caweni nya éta nu ngababakan jeung nu ngadegkeun Sagaranten nu ayana di Kabupatén Sukabumi.
Nyi Rara Sanget nya éta saurang putri nu kacaritakeun geulisna kawanti-wanti, tug nepi ka loba jalma sarta gegedén nu kapincut ati kapentang asmara ku kageulisanana. Ku kituna  Nyi Rara Sanget loba baganti salaki nepi kana 40 kalina. Ieu hal lain ku sabab manéhna salingkuh atawa milampah kalakuan goréng sok komo nepi ka miboga sipat goréng mah tapi Nyi Rara Sanget miboga watak anu anéh nya éta, kabéh salakina tilar dunya saméméh malem panganténan.
Nyi Rara Sanget nandangan kasedih sabab kudu nyanghareupan ieu kaayaan. Hirupna dituturkeun kalangkang implengan nu matak nyeri kana haténa.
Dina hiji peuting nalika bulan purnama, Nyi Rara Sanget diuk dina luhur tangkal sempur. Hiliwirna angin peuting neumrag buukna nu ngarumbay, sakapeung nutupan pameunteuna. Teu jauh ti dinya, dina sisi jungkrang, hawar-hawar aya sora manuk cuhcur patembalan jeung sora sri gunting nu nyaruaan sora suling.
Nyi Rara Sanget mingkin ngarasa sorangan. Karasana asa mingkin peurih lir nitah indit ka nujauhna. Sora Sri Gunting lir ngajak sadar. Sadar ka Hiyang Widi, sadar kana papastén, sadar kana diri nu saberna. Tapi kasedih téh nuturkeun lir kalangkang nu sok waé nembongan. Nyi Rara Sanget teu boga tempat pikeun pakumaha. Mun inget ka palebah dinya, segruk waé manéhna ceurik, dirina miharep aya nu maliré ngaragap kana haténa.     
Taya tempat pikeun ngedalkeun eusi haté, nu aya ngan tangkal sempur. Nya didinya Nyi Rara Sanget ngedalekun eusi haténa, meureun boga pikir sugan jeung sugan ieu tangkal sempur bisa nampa kana naon anu keur dirasakeunana. Nepikeun kahayang ka balé pangaduan  Mandala Agung di kahiyangan.
Saliwat ku paningal batin Nyi Rara Sanget katempo aya jalma rurusuhan, ngusapan panggero sukmana. Tapi sanggeusna inget manéhna karak sadar yén nu tadi téh ngan saukur gerentés haténa wungkul. Nalika Nyi Rara Sanget keur dina kaayaan kitu, dadakan aya cahya tina tangkal sempur. Tapi teu lila éta cahya ngaleungit deui. Nyi Rara Sanget ngarasa sieun tapi karasana tenang kana haténa.
Nalika keur ngalamun mikirkeun éta cahya, dadakan aya bau nu kaaangseu matak nyegerkeun, dibarengan hiliwirna angin neumrag kembang bungur nu keur marakbak. Diangseu bauna lain tina kekembangan, tapi bau tina kemuning nya éta bau wawangian tina menyan Pajajaran Tengah.
Nyai Putri nganseu, ngararasakeun timana datangna éta seuseungitan. Pikirna tina jalma nu keur muja di gunung atawa dina jero guha. Tapi sanggeuna dirarasakeun éta seungit téh ngan ukur aya di sabudeureunana. Satuluyna Nyi Rara Sanget ngarapetkeun dampal leungeun tuluy diteundeun dina emun-emunan bari sideku diarakeun ka tempat nu tadi aya cahyana. Nyi Rara Sanget milampah sakumaha mistina, inyana apal yén cahya jeung seuseungitan tadi mangrupa totondén datangna karuhun Pajajaran. Inyana nyembah kana jasad nu teu nyata, kalayan ageman Sunda Pajajaran Tengah, nu dipikahormat ku inyana.
Nalika sumujud, inyana cumarita ngawilujeng sumpingkeun ka karuhun, manawa sareng manawi bilih boa aya carita jeung amanah.
Bareng jeung hiliwirna angin, aya sora taya jirimna.
” Nyi Rara Sanget, tong ceurik waé, éta soca karunya tos bareuh ku cimata.”
Nyi Rara Sanget nempo ka kénca ka katuhu, nempo sabudeureunana timana asalna éta sora. Teu lila kadéngé deui aya sora.
“Nyi Rara Sanget teu kudu nyiar éyang ka tempat nu jauh. Éyang aya didieu, teu jauh ti nyai.”
“Ké, Ényang téh saha?”
“Nyi Rara Sanget nu geulis, kiwari Éyang teu miboga ngaran,mun Éyang miboga ngaran meureun jeung jasadna. Nya kieu ari Éyang mah, teu saeutik nu nyebut Éyang téh jurig, sétan, ririwa jeung sajabana.”
“Keun waé Éyang, éta nu ngahina geus ninggalkeun kapercayaanana. Tapi meureun Éyang miboga ngaran mangsa Éyang jumeneng kénéh. Saha ari ngaran Éyang.”
“Nyai, mangsa Éyang hirup katelahna Resi, nya éta Resi Kalang Béntang.”
“Éyang, Éyang téh geus jadi karuhun?”
“Ngan ukur nyai nu nyebut Éyang karuhun, ngan Nyai nu nuturkeun kapercayaan agama Pajajaran nu katelah agama Sunda. Tapi geus loba nu ngahianat, saupama Éyang datang, biasana Éyang sok diusir ku babacaan mantra-mantra jeung sajabana.”
“Keun Éyang, mugya sagancangna maranéhna balik deui kana ageman urang, nu saéstuna ageman karuhun maranéhna ogé. Tapi ayeuna kumaha kaayaan Nyai, Éyang?”
“Nyai, Éyang moal datang kadieu, saupama teu apal saha nu ngageroan sabab keur kasusahan.”
“Énya Éyang, tapi dimana éyang saleresna? Nyai hayang patepung jeung Éyang. Cing témbongkeun wujud Éyang.”
“Nyai, lain tadi Éyang geus cumarita, yén Nyai teu kudu néangan ka tempat anu jauh. Sora Éyang ngan saukur bisa kadéngé ku ceuli Nyai. Jadi éyang ogé aya dina ceuli Nyai. Éyang tacan aya ijin pikeun némbongkeun manéh sabab tacan mangsana. Tapi éyang diijinkeun pikeun nyoara jiga ayeuna kieu. Kitu ogé teu lila.”
“Teu nanaon éyang, tapi kudu kumaha ieu diri téh. Hirup téh asa nyanghareupan ka susah waé.”
“Nyai, Éyang datang pikeun nepikeun talatah. Éyang apal yén ayeuna Nyai téh keur nandangan ka susah. Teu kudu sieun sok sanajan hidep geus ngarandapan 40 kali kawin, Éyang apal yén Nyai masih kénéh parawan.”
“Kumaha atuh ieu hirup téh Éyang?”
“Teu nanaon Nyai, laina hirup mah geus aya nu ngatur? Nya éta takdir geus ditangtukeun ku Hyang Widi. Lalampahan Nyai geus jelas jiga bulan purnama, geus dicaritakeun ku sora manuk cuhcur, yén Nyai miboga salaki lain di alam ayeuna, tapi éngké di alam carita.”
“Éyang saupamana kitu, Nyai ayeuna kudu maot heula?”
“Nyai, laina hirup téh ahir pikeun ngamimitian, sedengkeun mati nya éta mimiti pikeun ahir.”
“Satuluyna naon nu kudu dipilampah ku Nyai.”
“Nyai, lalampahan hirup Nyai béda jeung kahirupan wanoja séjéna. Sabari ngadagoan pisalakieun, hidep kudu ngabersihkeun éta awak. Aya pancén anu kudu dipilampah ku hidep.”
“Naon waé pancénana téh, Éyang?”
“Mimiti nu kudu dipilampah ku hidep nya éta ngababakan di ieu tempat. Keur cicing rahayat hidep. Sanggeuna kitu, hidep kudu tapa sangkan pisalakieun geuwat gancang datangna, nu sabenerna mapag hidep.”
“Dimana Nyai kudu tapa, Éyang”
“Di ditu di belah kulon, dina curug anu sanget. Tah didinya hidep tapa tug nepi ka mangsana datang.”
“Sanggeusna Nyai tapa, naha lila kénéh pisalakieun téh  datangna?”
“Disebutkeun lila, waktu mah bisa diitung, tapi disebutkeun sakeudeung angger masih kénéh lila. Sabab hidep kudu nyanghareupan heula hahalang anu geus ditangtukeun. Geus ayeuna mah tog loba pipikiran, leuwih hadé ayeuna mah geura tatahar pikeun ngababakan leuweung.”
“Ké heula Éyang. Kumaha rék ngababkan. Lainna Nyai téh ngan ukur awéwé masih kénéh budak jeung deui teu boga batur saurang-urang acan.”
“Nyai sik sanajan Nyai téh leutik kénéh, laina keur leutik Nyai téh pernah diajarkeun pikeun ngageroan mahluk gaib (aji pangendam waruga samar). Maenya hidep geus poho deui. Geura tatahar Nyai, sabab Éyang geus lila teuing nyarita jeung Nyai. Ngan saupama Nyai nyanghareupan kabingung jeung teu geunah haté. Geroan waé Éyang. Éyang maol lila pasti datang.”
“Mangga Éyang, tapi saméméh Nyai ………….”
Tacan bérés nyarita, dadakan hawar-hawar aya sora gumuruh, dibarengan angin ngagelebug tarik. Nyai Purti nuluykeun caritana.
“Saméméh Nyai ngababakan ieu leuweung, Nyai ménta pibakaleun ngaran ieu pakampungan. Lamun saupamana geus réngsé, naon ngarana Éyang?”
Patalékan Nyi Putri taya nu ngajawab. Nu kadéngé ukur sora manuk cuhcur nu matak keueung pikasieuneun. Nyi Putri teu apaleun yén bareng jeung sora gumuruh tur dibarengan ku gelebugna angin, Resi Kalang Béntang mulih ka alam taya ngarana.
Nyai Putri ngageroan, tapi taya jawaban. Ukur dijawab ku sora alam tengah peuting  di leuweung.
Ngarasa ditinggalkeun, Nyai Putri Rara Sanget ceurik jiga budak leutik. Inyana nyuuh dina tangkal sempur. Tapi sanggeusna inget deui kana pancén ti Rési Kalang Béntang. Karasa yén ieu pancén téh teu hampang. Tapi sok sanajan ngarasa wegah, inyana tetep lumampah pikeun tatahar nyanghareupan pancéna.
Singkat carita, ieu Nyi Putri geus réngsé ngababakan, nu baranggawéna dibantuan ku mahluk-mahluk ghoib. Numutkeun carita ieu mahluk ghoib ngajangélék jadi jalma sakumaha ilaharna. Nu jadi puun ieu lembur nya éta Nyai Rara Sanget.
Salila Nyai Putri jadi Puun di ieu kampung, inyana dipikanyaah ku masarakatna. Wibawana ngondang jalma pikeun dumuk di ieu lembur. Lila ku lila ieu lembur jadi kampung malah mingkin ramé ku pangeusina.
Dina kaayaan kampung keur tingtrim, Nyi Putri Rara Sanget inget kana pancén ka dua nu kudu dipilampah, malah ulah nepi ka henteu. Inyana kudu tatapa dihiji curug piekun mersihkeun diri, nya éta di Curug Dolog.
Sok sanajan beurat pikeun ninggalkeun rahayatna, tapi dalah kudu kumaha. Pancén kudu tetep dipilampah. Nalika hayam kongkorongok, inyana ménta pikeun dibarengan ku dua urang kokolot lembur. Teu lila kitu inyana indit dibarengan ku kokolot pikeun nepi kana éta Curug Dolog. Dua urang kokolot ieu ngarasa héran, maranéhna teu dibéjaan naon pamaksadan Nyi Putri. Rék nanya teu wani, nu atukna maranéhna nuturkeun naon kahayangna Nyi Putri.
Wanci manceran maranéhna nepi ka tempat anu di tuju. Nalika Nyi Putri nempo éta curug, inyana ngarasa sedih. Tapi ieu kasedih teu ditémbongkeun. Nempo Nyi Putri jiga anu keur sedih, atukna dua urang kokolot ieu jadi milu sedih, tapi éta kasedihna sarua teu ditémbongkeun. Nyi Putri ngarénghap, neuteup ka dua kokolot, tuluy maranéhna tungkul bari nahan kasedih.
“Lot, ayeuna geus nepi ka tempat anu dituju.”
“Muhun, tuluy naon atuh maksadna Nyai Putri ngajak kami ka ieu curug.” Ceuk salah sahiji nu pangkolotna, ngarasa héran.
Nyai Putri neuteup ka éta dua kolot.
“Dégngékeun ku duaan. Nyai ménta dianteur ka ieu tempat, sabab Nyai kudu milampah pancén ti karuhun.”
“Naon pancén Nyai Putri téh?”
“Kudu ngaberesihkeun diri ku cara tapa di ieu curug. Sangkan naon nu dipikahayang, bisa cumpon.”
“Numutkeun pamandegan kami, lamun saupamana bener-bener miboga kahayang, naha henteu disawalakeun di kampung waé. Maenya urang henteu bisa narékanana. Tapi naon nu dipikahayang ku Nyai Putri?” Ceuk nu pangkolotna.
“Lot, anjeun duaan geus kudu ngarti. Ieu kahayang teu kudu di sawalakeun, iwal ka anjeun duaan. Ieu urusan ulah jadi pikiran kabéhan nyusahkeun kabéhan mah.”
“Mémang kitu ari sakudunana mah, tapi laina Nyai Putri téh Pupuhu kampung. Anu tangtuna saupama Nyai susah, nu séjén ogé milu mikiran. Malah kudu sanggup nyanghareupanana.”
“Lot, éta ucapan némbongkeun kanyaah. Tapi ceuk kuring mah. Ieu hal geus ditangtukeun ku waktu. Digamarkeun ku jaman. Kuring kudu ngaberesihkeun diri, pikeun nuluykeun hirup kahareupna.”
“Leres, palebah éta mah. Naon salahna saupama kuring waé nu ngawakilan pagawéan Nyai Putri, sangkan ieu kampung teu kaleungitan pupuhu kampung. Asal Nyai Putri ngajéntrékeun naon nu kudu dipilampah.” Ceuk nu ngora, nyodorkeun diri nyanggupan pikeun ngawakilan.
“Lot, udagan kuring lain udagan aranjeun. Kitu ogé kahayang kuring lain kahayang aranjeun. Sok sanajan sarua tapi moal sarua cara pikeun ngahontal udaganana. Sabab lain jelema lain ogé kahayangna. Sok komo kuring téh wanoja? Sok sanajan kawani surupna lalaki tapi ari haté leutik mah anger wé awéwé. “
“Kuring rék tapa, rék ngadagoan pisalakieun nu sabenerna. Mémang geus kitu kuduna.”
“Nyai Putri, hampura kuring wawanianan tumanya. Tapi naha Nyai Putri néangan pisalakieun téh kudu tatapa. Padahal apanan teu saeutik nu baleunghar, katurunan para ménak. Maénya maranéhna bisa nolak Nyai Putri. Keun kuring anu ngondang arinyana.”
“Anjeun nya éta pangkolotna. Tapi umur wungkul nu kolot mah. Maenya teu ngarti kana katangtuan karuhun jeung takdir. Kuring geus sakuduna nurut kana béja nu dibawana. Kuring nganuhunkeun kana kasatiaan aranjeun. Tapi ké yeuh  déngékeun caritana.”
Ngadéngékeun carita Nyi Putri Rara Sanget, nu dipikolot éraeun dibarengan gagaro teu ateul kana sirah. Nu ngora mh cicing nagog bari cumeluk tungkul.
Nyai Putri nempo kana curug tuluy nempo kajauhna ka arah kampung. Tuluy neteup ka dua kokolot nu keur nagog tarungkul. Nyi rara sanget haténa gulinggasahan pikirana inget deui kalembur, ku inyana kabayang wangunan imah kusuhunan hateup jeung kiray. Cai ngocor ka unggal kulah.    
Dina kaayaan nu bingung tur teu pugug rarasaan, Nyai Putri Rara Sanget ngagero Eyang Resi Kalang Béntang ku paninggal batina. Tapi Éyan Resi Kalang Béntang teu nembongan.
Nalika kitu Kokolot nyarita, “Nyai Putri saméméh Nyai miang tatapa. Naon pi bakaleun ngaran pikeun ieu lembur urang. Bisi hiji mangsa pangeusi lembur tumanya. Maenya éta lembur teu miboga ngaran.”
“Nya heug ari kitu mah. Éta lembur dibabakan ku kuring bareng aranjeun. Numutkeun carita karuhun, harita mah éta lembur téh leuweung geledegan. Di éta tempat ogé Hariang Banga jeung Ciung Wanara ngadu jajatén. Kitu mun teu salah mah. Malah cenah mah, baheulana ieu tempat téh urut sagara. Tandana nya éta di ieu tempat loba karang jeung urut kerang dina unggal pasir jeung tegalan. Di ieu patempatan ogé loba nyampak inten tapi moal bisa dicokot saméméh ugana datang. Sangkan luyu jeung carita kolot baehula, éta lembur ku kuring dingaranan SAGARA INTEN.”
“ Mangga Nyi, tapi naha éta inten téh bakal bisa di cokot ayeuna-ayeuna.” Ceuk nu ngora.
“Sigananana mah, moal kajamanan ku aranjeun, sabab éta lembur kudu di kacaukeun ku jalma nu mangrupa monyét. Enkgé mangsana bakal aya sukma beureum, sukma beureum ieu bakal ngajadikeun kabéh nagara jadi beureum. Teu lila ti harita, sigana bakal datang mangsana.”
“Nyai, sok sajan umur kuring geus kolot tapi pangaweruh mah kurang sabab  pangalaman anu kurang. Sok sanajan éta lembur geus miboga ngaran, tapi saha nu bakal mimpin jeung nu jadi pupuhu pikeun éta kampung. Paménta ti kuring, sok  sanajan Nyai tapa keur néang pi salakieun, tapi ulah lila teuing.” Ceuk éta nu kolot bari ceurik jiga budak.
“Lila mah lain urusan kuring. Tapi nu pasti kuring kudu tapa tug nepi ka pisalakieun mapag kuring. Ngeunaan pamimpin, engké ogé bakal aya anu mimpin sarta bakal silih baganti. Kitu nu bakal ka alaman  ku aranjeu, da éta mah kahayang jaman.”
u ngora tangah tuluy carita,”Nyai kumaha saupamana lamun, kuring sakampung piligenti pikeun nungguan Nyai, nepi ka pisalakieun Nyai mapag ka ieu tempat.”
“Lot, teu kudu maksa. Lamun saupamana hayang apal, naon pangna ngan aranjeun duaan nu dibéré nyaho, nya éta ngarah nu séjén teu apaleun. Saupama nu séjén apaleun tangtu lalampahan kuring moal cumpon. Aranjeun diajakan sabab pikeun nuluykeun tapak kuring jeung pikeun ngabéwarakeun lalampahan kuring ka nulian.”
“Nya mun kitu kuduna, kuring teu bisa kukumaha. Ngan lamun Nyai rék lila tapana, kuring miharep sawaktu-waktu Nyai ngalongokan.”
“Heug mun éta paménta ti aranjeun mah, tangtu ku kuring bakal dicumponan. Sok sanajaan aranjeun teu méta, kuring geus aya implengan kana éta hal. Ngan nu kudu ku aranjeun dipikanyaho, kuring titip ngaran dina batu. Hiji mangsa kuring datang saupama aya nu ngagero. Tapi kuring ngan saukur nulungan ka jalma nu hadé lakulampahna jeung nu milampah kabiasaan karuhun. Aranjeun ogé kudu nyaho, yén kuring saurang wanoja nu kungsi miboga salaki 40 kali, tapi kuring masih kénéh parawan, sabab kabéhna tilar dunya saméméh malem panganténan. Lamun saupamana salembur ngagero kuring, sebut waé ngaran kuring PUTRI CAWÉNÉ,  kuring mo jauh ti nu ngabutuhkeun. Lamun saupama hiji mansa loba nu ngageuhgeuykeun ngaran kuring, tong sakali-kali nyeri haté. Keun waé jalma kitu mah tangtu engké ogé bakal aya anu ngaréngsékeun. Ayeuna meungpeung sarangéngé aya dina luhur embun-embunan, kuring rék indit milampah pancén kuring.”
“Nyai, ké heula. Sangkan kuring salembur teu salah dina nempo waktu nalika Nyai kawin jeung pisalakieun Nyai, naon totondéna pikeun kuring baléréa. Ceuk nu kolot.
“Heug atuh, pikeun totondéna nya éta nalika wahangan Dolog jeung Buni ieu ngahiji jadi hiji wahangan nu ngamalirna ka sagara kidul. Tepikeun talatah kuring ka jalama salembur.” Geus kitu Nyai Putri leumpang muru ka tempat deukeut curug.
Nyai Rara Sanget anu baganti ngaran jadi Putri Cawéné tuluy sideku nyembah sanggeus kitu tuluy diuk pikeun tapa.
Nyai Cawéné leungit kageulisanana. Leungit rupana Nyi Putri, leungit ogé jasad manusana. Tapi ngarana bakal tetep hirup. Nepika kiwari aya batu di deukeut curug Cidolog nu ngarana Nyai Putri  Cawéné. Bener jeung henteuna ieu carita, ngan sakitu ayana. 
    (Manglé, No 471, taun 1974)