Cibeureum
Ieu cacandran kiwari geus kabuktian, nya éta nalika tantara Walanda
asup ka Jampang Kulon kira-kira dina taun 1947. Dina mangsa harita perang téh
lain perang anu leutik, sabab teu réngsé dina hiji nepika dua bulan. Para
pajoang mundur ka desa Cimanggu meuntas Wahangan Cibeureum.
Cibeureum nya éta hiji wahangan anu ngamalirna di desa Cimanggu, ti
béh kalér ka bélah kidul. Ieu wahangan teu gedé, ngan leuwih gedé saeutik ti
batan wahangan Cicurug Pamerangan. Numutkeun cacandran naon pangna disebut
Cibeureum, sabab jaganing géto dina hiji mangsa éta caina bakal jadi beureum ku
getih. Carita nu ngabuktikeun ieu cacandran bakal dipedar ieu dihandap.
Numutkeun carita ti jalma nu ngalamana sorangan, nya éta Nuryani
salasaurang patani di Jampang Kulon. Mangsa pajoang urang mundur, manéhna tetep
cicing di tempat pendudukan sarta ilubiung ngabantuan para pajoang harita.
Dina hiji poé Nuryani ngalongok dulurna, nya éta salah saurang pamingpin
pajoang, nu harita keur nandangan gering di daérah nu keur di bajuagkeun, nu
ayana di peuntaseun wahangan Cibeureum. Mangsa janari inyana balik. Nepi ka
sisi wahangan téh masih kénéh poék. Mimiti mah leumpang téh sangeunahna wé, teu
nelek nelek nu aya di sakuliahna. Nalika poé geus rada caang, kakarak inyana
sadar yén titatadi téh inyana leumpang diantara layon rahayat jeung para
pajoang nu ting golepak, nu dipaéhan ku Walanda nalika ngayakeun pemberesihan
kampung-kampung dina mangsa gencatan senjata.
Tah, bisa jadi tina getih para pajoang jeung rahayat ieu nu
ngabuktikeun cacandran, yén cai Cibeureum jadi beureumna téh tina getih.
(Ahmad Kudsi)