Gunung Lingkung&Cicurug Pameranga


Gununglingkung jeung Cicurug Pamerangan
Gunung Lingkung ayana di kaléreun Jampang Kulon, kiduleun Léngkong. Dina taun 1930-an nepi ka taun 1942, Gununglingkung  masih kénéh leuweung geledegan nu pinuh ku tatangkalan baradag tur raweuy ku areuy. Kiwari loba tangkal baradag tinggal tunggul balas dituaran ku jalma. Padahal saéstuna masarakat Jampang Kulon mikabutuh Gununglingkung. Naon sababna?

Subur makmurna Jampang Kulon gumantung Gununglingkung. Sawah nu aya di Jampang Kulon caina ti wahangan nu ngamalirna ti Gununglingkung. Ieu cai ngamalirna ka belah kidul, nya éta ka Cikarang jeung Ciwaluran. Ciletuh ngamalirna ka belah kulon nyaian sawah nu aya di Ciwaru, Ciemas.
Wahangan nu aya di beh kalér ngamalirna ngaliwatan Kacamatan Léngkong nu brasna ka sagara kidul nya éta; wahangan Ciléngkong, Cikalér jeung Cikaso. Ciléngkong jeung Cikalér bobojongna di Cikaso. Sok sanajan di hilireun Cikaso caina teu diamalirkeun pikeun nyawah, tapi loba méré manpaat pikeun masarakat Jampang Kulon. Harita mah di wahangan téh loba laukan, malah buhaya ogé nyampak, malah saupama meunang buhaya, kulitna téh sok diala tuluy dijual ka Jakarta. Harita Wahangan Cikaso digunakeun keur jalan cai dina ngangkut hasil bumi ti Muara Gedé nu dijualna ka tempat séjén.
Hanjakal, kiwari Gununglingkung geus gunul balas dituaran ku jalma, balukarna karasa pisan ku masarakat nalika nyanghareupan usum halodo. Dina taun 1976, kungsi wahangan saraat tug nepi ka ratusan héktar sawah nandangan kagaringan.
Anu bakal dicaritakeun didieu nya éta Gununglingkung jeung daérah disabudeureunana dina taun 1930-an.
Mangsa harita, méh unggal masarakat di Jampang Kulon, boh budak, boh kolot tangtu nyaho kana cacandran (ramalan) Gununglingkung. Nalika kolot keur ngariung ngawangkong dina hiji patempatan, ti éta tempat téh katempo sakuliahna. Tangtu aya nu nyarita, “Éndahna Gununglingkung. Barudak, numutkeun cacandran, itu leuweung nu ku urang katempo, hiji mangsa mah bakal dijadikeun tempat pangungsian sarta tempat keur panyumputan. Lamun éta kajadian henteu kaalaman ku urang, nya bisa ku anak incu kahareupna. Pokona masarakat Jampang Kulon. Éta kajadian bakal karandapan, saupama Jampang Kulon dijadikeun tempat perang, sarta saupama Jampang Kulon kadatangan musuh. Teuing saha musuhnana mah.”
Jampang Kulon katelah ogé Cicurug Pamerangan, sabab numutkeun cacandran jaganing géto ieu tempat bakal jadi lahan perang. Pamerangan asal tina kecap perang nu hartina diadu hiji kakuatan nagara jeung nagara séjén sarta ngagunakeun sagala akal jeung pangabisa.
Saupama ditanyakeun saha nu ngamimitina ngucapkeun ieu cacandran, dijawabna, “Cacandran mimitina ti karuhun, geus aya ti baheulana. Geus wé, urang mah teu kudu nanyakeun timana jujutanana”
Nalika Walanda ngalawan Jepang dina perang dunya ka dua. Sok aya jalma anu nyarita kieu, “Sigana ayeuna Cicurug bakal dipaké tempat perang, jeung urang bakal ngungsi ka Gununglingkung. Moal henteu Jepang téh datangna ti béh kidul. Boa jepang bakal asupna ti Ujung Genténg?”
Tapi nepi ka Walada nyerah ka Jepang, nepi ka Jepang asup ka Jampang Kulon, malah nepi ka ngarakrak ka laut kidul, tapi gening taya kajadian nanaon. Maksudna masarakat tetep cicing di tempatna séwang-séwangan. Teu buktina éta cacandran, ngabalukarkeun sawaréh jalma mimiti leungit kapercayaan kana éta cacandran. Tapi aya ogé anu nétélakeun, “Yén tacan nepi kana ugana.”
Kira-kira dina taun 1943, di Jampang Kulon loba tantara Jepang. Harita Jampang Kulon dijadikeun daérah pertahanan militer. Di béh kidul, di Gunungbatu, diwangun bénténg anu dilengkepan ku radar nya éta ayana di tapel wates antara Kacamatan Jampang Kulon jeung Suradé. Éta tempat digunakeun  ku tantara Jepang pikeun nyanghareupan musuh, saupama datangna ti sagara Kidul.   
Aya saregu heiho di puncak Pasirpogor, nu ayana ditengah-tengah dayeuh Jampang Kulon. Anu katelah heiho kansiso (pengawas). Pancénna nya éta nempoan kaayaan di sabudeureun Jampang Kulon, bisi sawaktu-waktu aya nu nyusup. Ti Pasirpogor éta, saupama nempo ka belah kidul tangtu bakl ketempo sagara kidul, sarta saupaama nempo  ka bélah wéta tangtu bakal katempo Gununglingkung.
Di Suradé nyampak sabatalyon tantara Péta nu dipingpinna ku Daidanco Abdullah bin Enoch ti Cianjur. Ku ayana pertahanan samodél diluhur, mimiti aya deui kapercayaan masarakat kana éta cacandran nu méh leungit kapopohokeun. Tapi sanggeusna lila ngadagoan, nepi ka Jepang di éléhkeun ku Sekutu dina taun 1945, nepi ka dibubarkeunana Péta ti Suradé, sarta nepi ka  ingkahna tantara Jepang ti Jampang Kulon, angger wé taya kajadian nanaon.
Dina taun 1945-1946 urang Jampang Kulon geus poho kana cacandran tadi, sabab geus méh sabaraha kali sangkaan teu meneran waé.
Dina taun 1947, pertahanan antara Sukabumi – Cianjur jeung Sukabumi – Bogor bobol. Tantara urang kapaksa ngungsi ka tempat nu nyingkur malah mah nepi ka Jampang Kulon, ka deukeut sagara kidul. Tantara Walanda angger ngudag, tug nepi ka tantara Walanda ogé nepi ka Jampang Kulon.
Harita di Jampang Kulon geus pinuh ku tantara pajuang Republik Indonesia. Salasahiji pamingpina nya éta Brigadir Jéndral Saptaji. Harita perang lumangsung di éta Curug Pamerangan, ieu kajadian kayaning nu disebutkeun cacandran di luhur. sanggeusna kajadian harita, masarakat Jampang Kulon inget deui kana cacandran jeung tumuwuh deui kapercayaan kana cacandran Cicurug Pamerangan jeung Gununglingkung.
(Ahmad Kudsi)