Palabuanratu


Carita Palabuanratu
Numutkeun carita pantun Bogor mah, Palabuhan Ratu diadegkeunana nya éta ku Nyai Ratu Puun Purnamasari nu katelahna Nyai Putri Purnamasari putri bungsu ka tujuh Prabu
Agung Siliwangi nalika anjeuna jeneng jadi pangawasa di Pakuan Pajajaran Tengah. Naon pangna disebut PajajaranTengah? Numutkeun pantun Bogor disebut Pajajaran Tengah nya éta Sukabumi, Cianjur sarta Palabuhan Ratu. Saétuna anu disebut Pajajaran Tengah téh aya lima. Tapi pikeun saheulaanan mah keun waé ulah waka diguar, nu utama mah ieu heula.
Nyai Ratu Puun Purnamasari dina ngababakan Palabuhan Ratu saéstuna mah heunteu niat ti angalna. Kabeneran nalika Pajajaran Tengah keur dibuburak ku Banten, Demak, jeung Cirebon. Runtagna Pajajaran téh dina serangan anu ka tilu kalina. Nya éta sanggeuna Banten meunang bantuan ti Cirebon jeung Demak. Dina éta serangan, Prabu Siliwangi jeung sadaya rahayatna di Bogor marubus maur ka béh kidul.
Harita Prabu Siliwangi boga pamaksadan arek meuntas ka Crismast Island (pulo Shr.) harita mah katelahna pulo Nusa Larang. Tapi disagedengeun éta kalabur, ieu masarakat téh kabagi-bagi. Aya anu satuluyna ngilu ka Prabu Siliwangi, aya anu ngilu jeung nu séjéna, aya ogé nu pasrah. Harita anu nepi ka daérah Palabuan Ratu diantarana nya éta Nyai Putri Purnamasari bareng jeung salakina nya éta Radén Kumbang Bagus Sétra, nu harita mah keur papanganténan kénéh. Nalika lalampahan ka Palabuan Ratu, Radén Kumbang Bagus Sétra salakina Nyi Putri Purnamasari tilar dunya alaran tigebrus kana taneuh. Nya kira-kira di sabudeureun daérah Bantargadung.
Dina waktu harita Nyi Putri Purnamasari téh aya mikahayang pikeun dijadikeun garwana, malah Nyi Putri nepi ka di uber-uber sagala, manéhna nya éta Jayaanté Mantri Majeti di Pajajaran. Dina mangsa harita téh aya Puragabaya anu katelahna Rakéan Kalang Sunda. Nya harita pisan Nyi Putri téh disalametkeun ku Rakéan Kalang Sunda, nu kenging wawadi ti Ki Léngsér yén Putri Purnamasari geus kakandungan ti Radén Kumbang Bagus Sétra. Jayaantéa tetep nguber-nguber Nyi Putri, tug nepi ka Gunung Jayanti nu ayana di daérah Bagbagan, saméméh Palabuhan Ratu saupama arahna ti Sukabumi.
Nyi Purti Purnamasari meuntas Cimadiri ka béh kidul. Di éta tempat anjeuna ngababakan anu katelahna Babakan Cidadap (tapi lain Cidadap anu kiwari aya di Palabuhan Ratu, upama ayeuna Cidadap anu katelahna Bojongkopo),tah lain Cidadap Bojongkopo tapi Cidadapna ayana antara Walungan Ci Mandiri jeung urut walungan Ci nyosok, kira-kira di lebah dinya Cidadap ayana. Di sabudeureun Mariuk nepi ka Babakan Lebu. Ngan walungan Cidadapna kiwari mah geus taya sabab geus kasaeur jadi palataran nu kiwari dijieunan imah sarta sungapan Cidadapna ogé teu jauh tidinya nya éta anu jadi Sumber Loa.
Éta ogé Sumber Loa dibabakanana ku Nyi Putri Purnamasari jeung Rakéan Kalang Sunda, lila ku lila ieu patempatan jadi ngagedéan tug nepi ka jadi lembur geus lembur jadi kampung. Malah tisuklahna – ti siklukna dararatang nya atukna ieu tempat katelahna Palabuhan Nyai ratu. Anu dimaksud Palabuhan Nyai Ratu lain hartina tempat labuhna nyai ratu tisolédat, tapi balabuhna Nyai Ratu Purnamasari. Nyi Putri di angkat jadi Ratu Puun. Saupama ayeuna mah  Puun téh nya éta lurah, biasana urang Baduy masih kénéh ngagunakeun kekecapan Puun. Nya kitu, di ieu tempat Nyi Putri katelah jadi Nyi Ratu Puun. Palabuhan sorangan katelah ogé Palabuan Nyai Ratu, kitu numutkeun pantun bogor mah.
Ari Jayaantéa kamana nguber-nguber saleresna. Mangsa lembur kakara ngadeg saung Nyi Puun Ratu sareng Rakéan Kalang Sunda. Harita Jayaantéa rék nepungan Nyi Putri. Sanggeuna kapaggih raratanana ku Jayaantéa, der baé paséa jeung Rakéan Kalang Sunda nya éta di Karang Pamulang tutugan Gunung Jayanti , didinya satarikna, éta nu ngarana Jayaantéa dibantingkeun ka laut. Cenah ieu tempat kiwari ngarana Jayanti, nya éta tina Jayaantéa nu satuluyna katelah Jayanti. Sabab hésé nyebutkeun Jayaantéa, jadi Jayanti. Kitu kurang leuwihna éta carita.
Sampeur carita papagkeun nu nyarita, yén ieu tempat anu di babakan téh jadi geus leuwih ramé, malah nepi ka tangkulak jeung kajojo ti cina sagala. Raména ieu lembur sanggeusna Nyi Puun Ratu ngababarkeun putrana. Tuluy si utun téh dingaranan Nyi Putri Mayang Sagara Pamulangan. Numutkeun caturangga isuk jaganing géto Nyai Putri Mayang Sagara baris katelah Nyi Ratu Kidul. Jadi Nyi Putri Mayang Sagara téh miboga wilayah nu ngawengku, tapelwates jeung Cianjur Kidul kurang leuwih ti basisirna nepi ka Tanjung Panto sarta Buniangeun di Banten Kidul. Numutkeun kana caturangga mah éta kakawasaan Nyi Putri Mayang Sagara.
Kiwari, naon pangna Palabuan Ratu henteu di Cidadap atawa henteu di muara Cimandiri. Sabab sanggeuna Nyi Ratu Puun tilar dunya, tuluy dimakamkeun di éta patempatan nu katelahna Kiara Papak. Harita kalungguhan dipasrahkeun ka Nyi puti Purnamasari, lila di Cidadap taya dangiangna éta patempatan ditinggalkeun Nyai Ratu Purnamasari. Satuluyna éta pakampungan tuluy dialihkeun ku para sesepuh kampung ka tempat nu kiwari nelahna Palabuan Ratu. Jadi Palabuhan Ratu mah nya éta  sesebutan ti urang Cidadap. Anu timana timendina hartina angger balabuhna nyi ratu téa atawa Nyai Ratu Puun Purnamasari.
          (Anis Djati Sunda)