Cicurug Pamerangan


Cicurug Pamerangan

Jampang Kulon, ayana kurang leuwih 90 km béh kidul Sukabumi. Jampang Kulon katelah ogé Cicurug Pamerangan, ieu ngaran nyoko kana ngaran hiji wahangan nu teu jauh ti ieu tempat nya éta Cicurug Pamerangan. Hulu cai ieu wahangan ayana di kaléreun Jampang Kulon, nu bijilna tina batu kapur dihandapeun hiji tangkal badag.

Di tonggoheun ieu hulu cai aya hiji makam nya éta makam Embah Bungsu, inyana salasaurang tina opat sadulur nu ngababakan Jampang Kulon, nu asalna ti Imbanagara. Cenah ceuk béja Embah Bungsu téh miboga kasaktén, diantarana nya éta:
Dina hiji poé, nalika inyana jeung para pangikutna rék meuntas wahangan nu keur caah. Harita taya rawayan pikeun meuntas. Inyana cukup ku salamar benang kantih pikeun nyieun jamatan nya éta kucara nalikeun benang kana batu, tuluy éta batu di babétkeun ka peutas wahangan. Sanggeusna kitu arinyana meuntas éta wahangan. Sanggeusna meuntas wahnagan, éta benang digolongan deui tuluy diasupkeun kana kantong.
Sanggeusna Embah Bungsu tilar dunya, makamna loba nu ngajiarahan. Malah numutkeun carita masarakat, yén  Abah Jampang anu katelahna jawara di Jakarta, kungsi tapa di ieu makam.
Sanggeus inyana balik deui ka Jakarta, mindeng inyana bulak-balik ka Jampang Kulon pikeun nyokot cai tina hulu cai pikeun dijual ka jalma nu percaya kana hasiatna. Cenah éta cai téh cai karamat.
Cai ti Cicurug ngamalir ka béh kidul. Di hilirna di jieun bendungan pikeun nyaian sawah nu aya di Jampang Kulon. Kira-kira ti hulu cai jauhna 1-2 km, aya hiji surupan (cai wahangan asup kana hiji liang nu kaluarna di tutugan gunung sabeulahna deui), nu ngarana Surupan Badak. Cenah baheulana ieu tempat sok dipaké guyang badak (taneuh nu legok urut guyang badak disebut kubang), saperti anu geus ditétélakeun di luhur, yén Jampang Kulon baheulana mah mangrupa leuweung geledegan.
Éta wahangan dingaranan Cicurug Pamerangan nya éta ku sakur masarakat Jampang Kulon hungkul, sabab urang Suradé mah nelaha Cipamerangan. Di Suradé ieu wahangan jadi ngabadagan, sabab geus deukut ka laut. Tapi sok sanajan kitu ieu cacandran tetep kayaning di Kacamatan Jampang Kulon.
(Ahmad Kudsi)