Pakujajar di Gunung Parang
Ieu carita lumangsung kira-kira dina jaman rugrugna Pajajaran, nya
éta nalika Pajajaran diserang ku Cirebon, Demak jeung Banten. Harita Sukabumi
tacan katelah Sukabumi. Ieu tempat ayana di tutugan Gunung Gedé jeung Gunung
Salak nu katelahna “Papanah Awatan Pagadungan”, nu aya dina pangawasa Pajajaran
Tengah, wewengkon Bogor.
Mangsa Pajajaran digempur ku Cirebon, Demak, jeung Banten, daérah
Pagadungan ogé teu luput diserang. Puseur Kabupatén Pagadungan ieu kira-kira
ayana di daérah Gunung Walat (daérah Cibadak), baheula katelahna “Kadatuan”
atawa “Kabupatian” Pamingkis. Nu jadi bupati atawa datu dina mangsa harita nya
éta: Ki Ranggah Bitung, sarta bojona Nyi Radén Puntang Mayang.
Kadatuan Ranggah Bitung diserang jeung diduruk ku musuh, nepi ka
ludes. Ranggah Bitung perlaya nalika perang ngalawan musuh nepi ka pangimeutan;
harita Nyi Radén Puntang Mayang keur kakandungan. Pikeun nyalametkeun Nyai
Radén Puntang Mayang, jaro (lurah) Kadatuan nu ngarana Ki Loa Kutud jeung
istrina, Nini Tumpay Ranggeuy Ringsang, mawa Nyai Radén Puntang Mayang ngungsi
mimiti ka Gunung Bongkok, nu ayana di daérah Cibadak. Didinya meunang
katerangan ti Tutung Windu, yén Radén Puntang Mayang kudu di bawa ka Gunung
Sunda, nu ayana di daérah Palabuhanratu.
Dumasar kana pituduh Resi Tutug Windu, Nyai Radén Puntang Mayang
dibawa ku Ki Jaro. Di tengah lalampahan, kabeneran Ki Jaro panggih jeung
saurang budak lalaki nu umurna 6-7 taun. Ditanya timana asalna. Tapi éta budak
teu daék nyarita. Teu lila budak téh, yén manehna geus aya di ieu leuweung
sabab aya nu mawa nalika kampungna diduruk musuh. Ki Jaro miboga kayakinan, yén
ieu budak lain budak samanéa. Satuluyna ieu budak dibawa ngungsi babarengan.
Harita Gunung Sunda masih kénéh leuweung geledegan. Di pangungsian
di Gungung Sunda, Ki Jaro ngurus jeung nalingakeun Nyai Radén Puntang Mayang.
Nepi ka mangsana Nyai Radén Mayang Puntang ngababarkeun budak awéwé, nu geus
gedéna dibéré ngaran Nyai Arum Pundak Saloyang atawa numutkeun versi
Sumberwangi nu katelahna Nyai Radén Pundak Arum. (pudak= kembang jaksi; Arum =
deungit; pudak arum=kembang jaksi nu seungit).
Budak anu harita meunang panggih di jalan ogé sarua di urus ku Ki
Jaro dipikanyaah sakumaha mistina. Sanggeusna gedé éta budak lalaki dibéré ngaran Wangsa Suta.
Kusabab Nyai Arum Pudak Saloyang jeung Wangsa Suta hirup jeung digedékeun di tempat anu sarua, atukna
aya rasa nu tumuwuh antara duanana. Cindekna ieu jajaka jeung wanoja meungkeut
tali asih.
Sok sanajan tali asih geus dibeungkeut
jeung Nyai Pudak Saloyang, Wangsa Suta miboga kahayang pikeun nyuprih pangarti
heula. Sanggeusna meunang ijin ti Ki Jaro, Wangsa Suta miang leuleuweungan.
Lalampahan
Wangsa Suta ka béh kiduleun Gunung, deukeut daérah Cikembar. Didinya Wangsa
Suta panggih jeung saurang Resi, ngarana Saradéa. Sanggeusna ditarima jadi
murid. Wangsa Suta diajarkeun élmu pangaweruh, élmu kasaktén, élmu bangunan,
élmu perang, jsb.
Resi Saradéa talatah ka Wangsa Suta, yén saméméh Wangsa Suta kawin
jeung Nyai Pudak Saloyang, manéhna kudu nyieun heula lembur. Éta lembur ayana
di tempat nu aya tangkal kiara kembar,
nya éta ayana di Gunung Parang. Mimitina ngabuka leuweung nya éta kudu ditempat
paku jajar ngadahan lima, tempatna déngdék ka béh kidul, di tegal kolé nu dauna
wungu jeung rupa kembangna héjo. Sanggeuna éta témpat kapanggih tuluy wangsa Suta
muka lahan pilembureun atawa ngababakan di tempat tegal kolé.
Teundeun carita ngeunaan Wangsa Suta, ayeuna urang téang lalampahan
Nyi Pundak Saloyang.
Geulisna Nyi Pudak Saloyang kawéntar kamana-mana, tug nepika loba
gegedén nu mikahayang pikeun jadi pamajikanana. Hiji mangsa datang utusan ti
Demang Sukamukti nu mancén gawé keur ngalamar Nyi Pudak Saloyang pikeun jadi
selir. Ki Jaro jeung Nyi Pudak Saloyang teu bisa kukumaha. Saéstuna lamaran téh
geus di tolak ku Nyi Pudak Arum, tapi Nyi Pudak Arum dipaksa.
Ngarasa dipaksa, Nyi Pudak Arum teu narima, atukna gelut jeung éta
utusan. Nyi Pudak Arum nya éta wanoja anu sakti. Nalika diserang ku utusan
tadi, éta keris utusan dipelengkung-pelengkungkeun ku leungeuna malah mah nepi
ka rék potong sagala. Nempo kitu, éta utusan ngarasa éra. Tapi atukna Nyi Pudak
Arum bisa ditéwak ogé sarta dibawa ka Demang Sukamukti.
Nalika arék malem panganténan, dadakan éta demang tilar dunya, tug
nepi ka Nyi Pudak Arum salamet jeung tetep kajaga parawanana. Geulisna Nyi
Pudak Arum kadéngé deui ku gegedén beunghar di Padabeunghar. Ieu tempat
dingaranan Padabeunghar, meureun baheulana loba baleunghar nu cicingna di éta
tempat. Kajadian diluhur ogé lumaku ka ieu gegedén, manéhna tilar dunya saméméh
malem panganténan.
Aya deui jalma beunghar nya éta Ki Puru Sastra anu kahasil migarwa
Nyi Pudak Arum, tapi saméméh panganténan, ieu Ki Puru Sastra dadakan tilar
dunya.
Geus kitu, ieu béja ngeunaan NyiPudak Arum kadéngé ku saurang haji
di Centayang, nya éta Haji Ijamalil. Manéhna miboga pamajikan kurang leuwih aya
kana 20 urangna. Dina danget harita manéhna geus jadi haji, sabab geus asup
Islam. Nalika Haji Ijamal’al rék ngalamar Nyi Pudak Arum,di tengah jalan
manéhna kasamer gelap tug nepi ka tilar dunyana.
Kitu jeung kitu wé satuluyna, unggal lalaki nu hayang mikagarwa Nyi
Pudak Arum tangtu tilar dunya saméméh malem panganténan. Hiji mangsa ieu warta
ngeunaan Nyi Pudak Arum kadéngé ku demang Kartala, inyana nya éta demang ti
Mangkalaya nu ayana di daérah Ciaat Sukabumi. Radén Kartala miboga penasehat,
nya éta urang jawa nu ngarana Sakatana. Ngadéngé aya wanoja nu mawa cilaka,
Sakatana cumarita “ Leuwih hadé ieu awéwé urang paéhan waé”.
Ceuk Kartala
“keun waé, urang pasrahkeun waé ka Sultan Demak”.
“ Lamun ku urang
dibaktikeun ka Sultan Demak, pasti urang Demak bakal nyiduhan urang,” ceuk
Katana.
Singkat carita Nyi Pudak Arum beunang tug nepi ka leungeuna
diborogod, maksudna ieu Nyi Pudak Arum téh arék dipaéhan kucara dipengal.
Teundeun ieu carita, ayeuna urang sampeur lalampahan Wangsa Suta.
Harita Wangsa Suta keur ngabukbak lahan (ngababakan) pikeun nyieun
lembur di Gunung Parang. Dina hiji waktu nalika Wangsa Suta keur saré, dadakan
manéhna ngarasa teu genah haté jeung pikiran. Tuluy manéhna ka luar, miang
lumampah tug nepi ka anjog ka daérah Cisaat. Kabeneran Nyi Pudak Arum harita
téh arék dipengal beuheunna kalayan paréntah Demang Mangkalaya. Nalika bedog
rék nepi kana beuheungna Nyi Pudak Arum, gancang Wangsa Suta nyalametkeun bari
ngaharéwos, “Dagoan di Gunung Parang, dihandapeun tangkal pakujajar nu miboga
lima dahan. Didinya aya tempat nu keur dibabakan ku kuring. Dagoan didinya.”
Sanggeusna Wangsa Suta ngaharéwos kitu. Manéhna ngadu jajatén jeung
salah saurang algojo. Nalika keur ngadu jajatén kitu, manéhna teu apal yén Nyi
Pudak Arum téh ditéwak deui ku lagojo séjén. Nyi Pudak Arum diborogod tuluy
diasupkeun kana karung, tuluy luhurna dibeungkeut sangkan teu kabur. Sanggeusna
dikarungan, éta Nyi Pudak Arum dibawa ka Pulau Putri nu ayana di teluk Jakarta.
Nalika Wangsa Suta ngadu jajatén, inyana miboga sangkaan yén Nyi
Pudak Arum téh geus nepi ka Gunung Parang. Sanggeuna ngéléhkeun éta algojo,
geuwat Wangsa Suta ngajugjug ka Gunung Parang, saggeusna nepi, gening Nyi Pudak
Arum teu nyampak di ieu tempat. Ninggali kitu, kapaksa Wangsa Suta nyauran Resi
Saradéa nu jadi guruna. Sabenerna, sanggeusna Wangsa Suta miang ka Gunung
Parang. Resi Saradéa pindah ka Gunung Arca nu ayana di deukeut Pasir Pendil, di
kiduleun daérah Cijangkar.
Teu lila sanggeuna di samat, ieu Resi Saradéa datang. Manéhna
cumarita “Wangsa Suta, lain dina jaman ayeuna, hidep kudu ngahiji jeung Nyi
Pudak Arum tapi dina jaman séjén, saupama geus nepi kana ugana. Tapi hidep kudu
ngadagoan nepi ka ugana datang, lamun saupama Gunung Parang geus pinuh ku imah
sarta saupama Tegal Kolé geus jadi kota. Dina éta mangsa bakal aya wanoja nu
nungtun masarakat nu keur katalangsara sabari gagedékeun haté wanoja nu ka
nyenyerian ku salakina. Tah éta wanoja titisan Nyi Pudak Arum sarta éta
mangsana hidep bisa ngahiji jeung
manéhna.”
Dina legénda Sukabumi, Wangsa Suta nu munggaran ngababakan Tegal
Kolé tug nepi ka loba jalma nu bubuara ka ieu tempat. Satuluyna nyarieun imah di ieu patempatan tug nepi ka
jadi kotana. Wangsa Suta tetep ngadagoan, sabab kitu pokna ceuk Resi Saradéa “
yén ieu tempat bakal dibéré ngaran : resep cicing di imah (Sukabumi)”.
(Anis Djati Sunda)