Karangbolong
Lamun saupamana ngadéngé ngaran Karangbolong, nu bakal ka inget ku
urang nya éta guha-guha nu ngahasilkeun sayang walét, nu kawéntar mahal
hargana. Tah, Karangbolong nu bakal dicaritakeun didieu nya éta ngaran hiji
tempat nu aya di basisir kidul Desa Cibitung, Kacamatan Suradé.
Naon pangna ieu
tempat dingaranan Karangbolong? Sabab disapaparat éta basisir aya karang anu
barolong ka béh kidul nu jerona nepi ka mangpuluh-puluh metér, nepi ka jadi
guha. Dina jero ieu guha loba pisan sayang walétna. Ieu sayang walét sok dialaan
tug nepi ka jadi salasahiji pausahaan daérah Kabupatén Sukabumi.
Karang Bolong ayanan kurang leuwih 9 km ti Suradé. Didinya aya dua
kuburan, nu biasana sok dijarahan sabab
dianggap karamat. Biasana nu jarah ka éta tempat nya éta jalma nu hayang
meunang pagawéan, nu hayang gancang beunghar, jeung sajabana.
Numutkeun carita, kuburan anu ayana di béh kalér wanguna rada
panjang nya éta kuburan Éyang
Martanagara nu satuluyna katelah Éyang Radé Martadilaga. Inyana nya éta salah
saurang nu nyebarkeun Islam di Cibitung, Kacamatan Suradé. Tempat nu kungsi ku
inyana dicicingan kiwari katelahna Karadénan, sabab Éyang Martanagara nya éta
salah saurang Radén turunan ti Imbanagara, ieu ngaran ogé pikeun nginget
jasana.
Kuburan anu hiji deui nya éta kuburan Embah Beureum, mangsa inyana
kadinya masih kénéh ngagem agama Prebu (meureun agama Hindu)
Boh Éyang Martanagara, boh Embah Beureum dua-duana hayang jadi
pangawasa didinya. Ku kituna arinyana sapuk pikeun ngadu kasaktén. Saha nu éléh
kudu tunduk ka nu meunang. Arinyana ngadu kasaktén nya éta ku cara palila-lila
tapa. Cara arinyana tapa nya éta juntai nyanghareupan laut. Lila ieu tapa nya
éta dua taun.
Mimiti arinyana tapa, poé ka poé, minggu panggih minggu, bulan
tepung bulan atukna tepung ka satauna. Harita Embah Beureum teu kuateun, nu
atukna éléh. Sedengkeun Éyang Martanagara tapana nepi ka dua tauna, saperti nu
geus ditangtukeun lilana tapa nya éta dua taun.
Sanggeusna kitu, Embah Beureum sumerah diri ngaku éléh. Satuluyna
ieu Embah Beureum ngagem agama islam. Sanggeus arinyana tilar dunya, duanana di
kuburkeun di Karangbolong.
Pikeun masarakat Karangbolong bisa ogé dijadikeun totondén. saupama
karang-karang éta loba ngeclakeun cai, tangtu bakal masarakat nandangan
panyakit bolongeun. (samodél patek). Panyakit anu teu cageur ku diobatan, ngan
cageurna saupama nepi ka ugana datang.
(Ukri
Sumaatmaja)