Kadaleman
Ngaran Kadaleman nya eta nudukeun kana ngaran lahan tanah tegal nu
lega di Pasiripis, Suradé. Naon pangna dingaranan kitu? Ieu ogé aya cacandrana,
nya éta cenah mah jaganing géto ieu tempat bakal jadi tempat padumukan dalem
(dalem nya éta sesebutan pikeun bupati baheula).
Saméméh perang dunya ka dua Kadaleman mangrupa leuweung geledegan nu
pinuh ku tangkal baradag, kayaning tangkal ara, caringin jrrd. Dina taun 1942
nu miboga tempat panglegana di sakuliah Kadaleman nya éta lain masarakat
satempat. Mangsa harita Kadaleman katelahna tanah gg (gouvernements grond =
tanah pamaréntah).
Lahan béh kidul Padamelan nya éta tanah rahayat. Nu sabagéan lahana
geus jadi pasawahan. Éta sawah ngan saukur dipelakan saupama dina usum hujan
hungkul. Ieu tempat kaliwatan ku jalan provinsi nu brasna ka Ujung Genténg.
Sawaréh tanah di ieu tempat dipelakan ku séréh wangi. Harita mah di dieu tacan
loba imah, karak sababaraha hiji suhunan hungkul, diantarana imah mandor kebon
nu ayana ditungtung jalan, ngarana nya éta pa Marta, nu kiwari geus pensiun
tina Kepala Penerangan Kacamatan Ciemas. (mangsa harita).
Mangsa jaman Jepang, kebon séréh ieu dijadikeun bénténg pertahanan
Jepang. Di belah kidul kebon séréh aya perkebunan Cigebang, tapi geus ditutup. Ditutupna
éta pabrik téh ngabalukarkeun para buruh parindah ka tempat séjén. Buruh kebon
lolobana urang Jawa Tengah jeung Jawa Timur, di éta tempat meranéhna meuli
tanah nu satuluyna dijadikeun sawah, kebon kalapa jeung réa deui. Tangkal
kalapa nu ku maranéhna dipelak tuluy disadap keur bahan gula, nu hasilna katelah
gula kalapa. Ti harita maranéhna nyieunan gula kalapa, nu atukna jadi pausahaan
rahayat, dina sapoéna bisa ngahasilkeun rata-rata sapuluh ton.
Sanggeusna Suradé miboga tambahan irigasi cai, masarakat ogé bisa
ngagarap sawah nepi ka dua kali dina sataun. Padalah saméméhnana mah ngan
sataun sakali. Lian ti nyawah aya ogé masarakat nu ngebon palawija, miara lauk,
manila, doma, embé jeung sajabana.
Kiwari urut kebon séréh téh geus pinuh ku imah. Malah di geus aya SD
inpres, gedung kesenian, pasar, toko-toko, jeung tempat panggilingan paré.
Atukna ieu daérah pinuh ku wangunan nepi ka belah kidul. Caritana ieu patempatan
geus jadi dayeuh, padahal saméméhnana mah tegal nu taya imah sarta pangeusina.
Kiwari kaayaanna geus robah, atukna harga tanah ogé jadi milu mahal.
Lian ti éta, masarakat satempat miboga penghasilan séjén nya éta tina
agar-agar nu dialana nalika usum halodo. Masarakat kari daék inditna ka laut,
tangtu nyampak agar-agar anu kawilang loba, malah bakating ku loba éta
agar-agar bisa dikirimkeun ka kota jeung ka luar negri sagala.
Baheula di béh kuloneun Kadaleman, deukeut Cikarang, aya hiji kulah
tempat ngubangna munding, nu katelahna Dungus Balingbing. Kiwari ieu tempat
geus diimahan pikeun kulawarga AURI. Aya
nu nyarita yén kecap balingbing dina dungus “balingbing” hartina lain nuduhkeun
kana ngaran buah, tapi singkatan anu miboga harti baling-baling. Jadi dungus
Balingbing téh hartina nya éta tempat baling-baling.
Masarakat harita neundeun harepan nu gedé pisan ka alam
sabudeureunana. Harita mah upamana cai teu ngalir alatan kapenetan, tangtu
diréngsékeun sacara babarengan.
Salian dina hal tatanén, di Jampang Kulon ogé nyampak bahan – bahan
tambang, upamana:
1. Titanium, di Desa Cipeundeuy
2. Asbes bodas jeung hideung di Desa Cikangkung
3. Emas jeung timah di Ciemas jeung Lengkong
Nempo ayana kamajuan saperti nu ditétélakeun di luhur, cacandran
ngeunaan Kadaleman kacumponan ogé. Sok komo nambahna sababaraha Kemantrén di
Kewadanaan Jampang Kulon (harita), nu bakal jadi kacamatan-kacamatan. Upamana
kamantrén Kalibunder di Kacamatan Jampang Kulon, hiji kamantrénan di Ciemas,
jeung hiji Kamantrénan di Kacamatan Suradé.
(Radén Umar Basar)