Sri
Sekarwangi
Kacaritakeun
dina jaman baheula, aya hiji Raja nu jenenganana Radén Prabu Munding Giringan,
nu dumukna di girangeun Situ Hiang atawa di Situ Gunung Tutugan Gunung Gedé
Pangrango nu ayana di Kabupatén Sukabumi.
Ieu Raja puputra tilu urang. Tilu dua
lalaki sarta saurang awéwé anu pang bungsuna. Kacaritakeun, yén sadayana
murangkalihna angkat tatapa, nuju nyaba élmu nyiar pangarti keur semabeheun ka
Hiang Widi. Lian ti éta, ieu tatapa téh pikeun nangtukeun saha nu satuluyna
bakal jadi raja. Kacarita geus mang taun-taun ieu murangkalih niggalkeun Situ
Hiang, tapi éta palaputra sareng putrinana tacan kénéh mulang ka imah. Ieu hal
jadi ngahariwangkeun Radén Prabu Munding Giringan.
Hiji
poé dina hiji bulan, salah sahiji murangkalih bungsu nu jenenganana Sri
Sekarwangi balik ti patapaan. Bingah taya papadana Radén Prabu Munding
Giringan, bisa dipanggihkeun deui jeung putrina. Papada sono anggang henteu tepang,
jauh nu kalintang lamina. Cumarita ngalér ngidul ka sagara, tug nepi ka Sri
Sekarawangi mikanyaho yén lanceukna tacan aya anu baralik deui ka Situ Hiang.
Aya
rasa nyaah ka nu jadi laceuk teug nepi ka kedal ucap badé néang dimana waé
tempatna. Karak mah diamprokeun jeung nu jadi anak, ayeuna kudu ditinggalkeun
deui. Radén Prabu Munding Giringan teu tiasa kukumaha mung widi jeung doa
kasalametan.Widi geus aya dina diri, tekad geus nyampak dina taktak, rék
ngajug-jug jalan mapay tempat tatapaan keur néangan nu jadi lanceuk.
Kacaturkeun
Sri Sekarwangi turun gunung ti Situ Hiang Situ Gunung, tutugan Gunung Gedé
Pangrango, mimiti lalampahanana ka béh kidul. Di sajalaneun néangan lanceuk ieu
Sri Sekarwangi ngadangu aya sora gumuruh tina hiji gunung. nalika di riksakeun
ka éta tempat kasampak taya nanaon, nya tidinya
anjeuna supata “Jaganing géto, ieu tempat kudu dingaranan Gunungguruh”.
Kiwari ieu tempat ayana di Kabupatén Sukabumi.
Sri
Sekarwangi nuluykeun deui lalampahan, nepi ka anjeuna tatapa dina hiji tempat.
Nalika tatapa, kadéngé aya sora cai nu ngamalir. Ngarasa panasaran, Sri
Sekarwangi hudang tina tapana tuluy ditéang éta sora cai. Sanggeuna kapanggih
jeung di tempo gening lain wahangan badag tapi susukan anu caina leutik ari
kadéngéna jiga badag. Didinya anjeuna
supata ”Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Cisaat”
Sanggeusna
tidinya, ieu Sri Sekarwangi angkat deui lalampahan ny éta ka béh wétan. Nalika
di jalan manggih tangkal cau kolé anu ngabérés dina sisi susukan, teras anjeuna
supata “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Kolé Bérés, sabab loba cau
kolé ngabérés”. Kiwari aya Kampung Kolébérés di Kacamatan Warudoyong.
Ti
dinya Sri Sekarwangi leumpang ka girangeun ieu susukan. Di girangeun ieu
susukan, anjeuna manggih tangkal waru badag anu doyongna ka susukan. Nya
tidinya anjeuna supata “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Warudoyong,
sabab nyampak tangkal waru anu doyong.” nepi ka kiwari ieu tempat dingaranan
Warudoyong nu ayana di Kacamatan Warudoyong. Tidinya anjeuna leumpang ka belah
wétan, meuntas ieu susukan.
Aya
béja pa béja béja cenah Putri Sri Sekarwangi badé ajrek ka ieu tempat. Di ieu
tempat loba sigung anu pasedek-sedek dina rawa, sabab hayang ninggali Putri Sri
Sekarwangi. Sanggeuna éta kajadian, ieu tempat dingaranan Rawasedek. Tidinya anjeuna lalampahan ka béh kalér. Di
sajalaneun, ieu Sri Sekarwangi nempo aya aki-aki anu keur dieuk dina handapeun
tangkal dua. Ieu tangkal dipageran ku awi sacangkéng. Nempo kitu tuluy Putri
Sekarwangi nyampeurkeun éta aki-aki, tuluy nyarita.
“Aki,
dupi aki téh nuju naon?
”Nuju
ngatosan ieu tangkal” walona éta aki-aki
“Tangkal
naon kitu ieu téh?” Ceuk Sri Sekarwangi
“Nya
éta abdi ogé teterang, ngan dipiwarang nungguan wé” Ceuk éta aki-aki.
“Cing
mana nempo buahna?” Ceuk Sri Sekarwangi.
Sanggeusna
nampa éta buah, ku Sri Sekarwangi buahna diangkat diakurkeun jeung sirahna.
Bari ngakurkeun bari cumarita.
”Ieu
buah kudu dingaranan sirah.. sirah... Ah teu pantes.” Ceuk Sir Sekarwangi bari
nurunkeun ieu buah. Teu lila diangkat deui ieu buah téh sabari nyarita.
“Ieu
buah téh kudu dingaranan kepala... kepala.....kalapa...... tah gening éta
pingaraneun ieu buah téh” ceuk Sri Sekarwangi sabari nurunkeun éta buah.
“Geus,
ieu buah ngaranan kalapa, sarta ieu temapat ngaranan Kebonkalapa sabab tangkal
nu jadina lain hiji.” Ceuk Sri Sekarwangi.
Kiwari
aya tempat nu ngarana Kebonkalapa. Geus tidinya, anjeuna angkat deui lalampahan
nya éta ka béh kalér. Di kalér, dina tangkal bunut loba aul. Aul ieu
pabéja-béja yén Putri Sri Sekarwangi bakal ngaliwat ka éta tempat. Sora aul
minuhan ceuli sakur nu ngadéngéna, ieu aul pabéja-béja jeul aul anu aya di
Kebon Jati. Kiwari aya tempat nu ngarana Kebonjati jeung Ciaul. Di éta tempat
Putri Sri Sekar wangi mendakan lanceukan nu ka tilu. (ngarana teu kasebutkeun,
nu ngadongéngna geus poho)
Sanggeusna
lanceuk nu ka tilu kapanggih, Sri Sekarwangi lumampah ka bélah kulon. Nalika
keur lalampahan Sri Sekarwangi anjog ka tempat nu loba batu. Didinya anjeuna
tapa, teu lila kitu, lanceuk anu ka dua kapanggih, nya éta keur tatap dina
sela-sela batu. (ngarana teu kasebutkeun, nu ngadongéngna geus poho). Di éta
tempat Sri Sekarwangi supata, “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan
Selabatu. Kiwari aya tempat nu ngarana Selabatu.
Sanggeusna
lanceuk nu ka dau kapanggih, tuluy ieu Putri Sri Sekarwangi nuluykeun deui
lalampahanana ka bélah kalér maksudna néang lanceuk nu ka hiji. Di kalér,
anjeuna manggih lanceukna nu ka hiji. (namina teu kasebutkeun, nu nyaritana
hilap). Ieu lanceukna nu ka hiji tatapa dina sela-sela tangkal bintinu. Di
ilikan ieu tempat loba tangkal bintinu. Didieu Sri Sekarwangi cumarita ”Ieu
tempat bintinu, ulah bintinu tapi bintana. Jaganing géto ieu tempat kudu
dinagaranan Salabintana”. Kiwari, aya tempat ngarana Salabintana, nya éta di
Kabupatén Sukabumi. Deukeut jeung tutugan Gunung Gedé. Tutup carita Prabu
Munding Giringan Situ Hiang Situ Gunung Tutugan Gunung Gedé Pangrango.