Batu Kinyang


Batu-batu Kinyang di Wahangan Cimerang
Kacaritekun sanggeusna mangbulan-bulan Nyai Putri Laran Pandan Layung kabur tina di  udagan musuh. Anjeuna anjog ka hiji daérah Gunung Buleud, nya éta tempat padumukan Panembahan Girang Madenda.
Nempo kadatangan Nyi Puti, Panembahan Girang Madenda ngarasa bungah. Sabab duanana nya éta buronan tantara musuh. Sanggeuna nepikeun salam sakumaha anu sok dipilampah ku masarakat Pajajaran, tuluy Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana.
“Pun Bapa geus tiwas, Éyang. Nyai meunang pituduh pikeun nepungan Éyang.”
“Tuluy kumaha maksduna Nyai?”
“Taya deui tempat pikeun ngiuhan, Eyang.” Indung jeung bapa geus tiwas duanana. Nyai hayang nuturkeun arinyana. Tulungan Éyang.”
“Nyai hayang ngilu ka alam baka?”
“Leres Éyang.”
“Hirup geus aya nu ngatur. Tong miheulaan kayang Hiyang Maha Tunggal.”
“Lain maksud pikeun bunuh diri. Nyai hayang tilar dunya salaku warga Pajajaran nu terhormat.” Ceuk Nyai Putri.
Sakedapan mah Sang Panembahan ngahuleng, ngimut ngimeutan éta omongan Nyi Putri Laras Pandan Layung, tuluy jasmedi pikeun ménta pituduh ka Hiang Maha Tunggal. Teu lila kitu, tuluy Panembahan Girang Madenda cumarita.
“Kieu Nyai. Urang teu bisa ngalawan kahayang Hyang Maha Tungal. Saperti datangna Nyai ka ieu patempatan, éta téh geus diguratkeun ku Hiyang Maha Tunggal. Anu kudu dipikanyaho, kahayang Nyai bakal cumpon, sabab ditatapakan ku rasa hayang babakti ka nu jadi idung bapa katut raja. Maotna Nyai tangtu moal sia-sia.”
Panembahan eureun cumaritana, tuluy nempo ka sakuliahna. Huma nu ngaplak dina sisi tegal pasir. Ngajadikeun éndah tetempoan. Teuteupanana eureun nalika nempo Nyai Putri nu keur ngadagoan omonganana.
“Jaganing geto, jasad Nyai bakal tilem, bakal mirupa sumber pakasaban rahayat. Sacara turun-tumurun maranéhna inget ka Nyai. Dina engké tatapa, Nyai kudu tuluy ménta ka Hyang Maha Tunggal sangkan naon anu dipikahayang bisa sumpon. Inget naon anu ku Éyang ditepikeun éta kalayan pituduh ti Hyang Maha Tunggal.”
“Dimana Nyai kudu tapa Éyang.” Ceuk Nyai Putri teu sabaran.
“Teu jauh ti ieu tempat”
“Nyai leumpang turun gunung. Lamun saupama engké Nyai manggihan wahangan leutik anu ngamalirna ka belah kulon. Tah didinya pisan Nyai téh tapana. Iraha Nyai bakal miangna?”
“Ayeuna kénéh Éyang. Tapi saméméh Nyai miang. Nyai titip pusaka nu jadi kolot sangkan teu milu tilem. Mugya Éyang teu nolak ieu titipan.”
“Naon éta téh, Nyi?”
“Ieu benten (beubeur), paméré pun biyang”
Nyai Putri Laras Pandan muka beubeurna, nu pinuh ku batu-batu kinyang. Sakedapan éta beubeur diilikan ku Ki Panembahan. Tuluy cumarita, “Lain Nyai, Éyang lain jalma nu pantes pikeun nyekel ieu barang. Paké waé ku Nyai. Hyang Maha Tunggal mikahayang Nyai nu makéna. Jung geura miang. Saupama Hyang Maha Tunggal mikayang, Éyang bakal nyusul ka tempat Nyai tapa.”
Sangeusna nepikeun nuhun kana pituduh ti Panembahan Girang Madenda. Nyai Putri miang ka tempat anu geus dituduhkeun.
Sanggeusna Nyai Putri Laras Pandan Layung nepi ka wahangan leutik nu ngamalirna ka belah kulon. Tuluy inyana mapay sisi wahangan tug nepi ka girangna.
Sanggeusna ménta widi ka Hyang Maha Tunggal. Tuluy  Nyai Laras Pandan Layung diuk dina luhur batu badag anu aya di tengah éta  wahangan, nya éta pikeun ngamimitian tapa.
Poé ka poé, bulan panggih bulan, teu karasa Nyai Putri geus sataun lilana tatapa di éta tempat. Dina hiji peuting nalika bulan purnama tembong taya aling-aling. Aya soara teu jirim rupa cumarita.
“Nyai geus kadéngé naon nu dipénta ku anjeun. Paménta anjeun bakal cumpon.”
Éta wangsit nu jirimna sora ti Hyang Maha Tunggal. Nu geus lila didadoaan ku Nyai Putri Laras Pandan Layung.
“Saméméh hidep ngahyang, inget ieu talatah. Benten nu ku hidep di paké bakal milu tilem bareng jeung raga hidep. Batu kinyang anu ngahias dina éta beubeur bakal anakan tina poé ka poé. Kitu kahayang alam. Tah, kiwari anejun tatahar, jasad anjeun bakal ditarima.
Teu lila kitu, éta sora ngaleungit. Nyai putri Laras Pandan Layung maca mantra-mantra satuluyna éta jasadna ngahyang tina teuteupan. Benten nu pinuh ku batu-batu kiyang tetep cicing dina batu tempat inyana tapa. Tapi cai wahangan nu asalana leutik jadi ngabadagan.
Panembahan Girang Madenda datang pikeun nyumponan janjina. Ngan nalika inyana nepi ka éta patempatan, kasampak cai wangan geus ngamalir badag. Inyana tuluy ceurik bari nyarita sorangan.”Anak incu kahareupna bakal nelah ieu Ci Merang, sabab ieu wahangan bakal méré kasejahteraan ka arinyana.”
Sanggeuna kitu, Panembahan Girang Madenda maca mantra, teu lila kitu jasadna ngahyang.
Nepi ka kiwari daérah anu kaliwatan ku ngamalirna wahangan Ci Merang mangrupa daérah subur pinuh ku pasawahan. Batu-batu anu aya  di éta wahangan CiMerang mangrupa salasahiji pakasaban pikeun masarakat di sabudeureunana. Kiwari kampung anu aya di sabudeureun  éta wahangan katelahna kampung Cimerang.
       (Ismail)