Lebak Cawene


Lebak Cawéné
Dongéng Lebak Cawené masih kénéh carita sanggeusna Pajajaran Runtag. Lebak cawéné mangrupa hiji leuweung anu dilingkung ku gunung-gunung. Punten ngaran gunungna moal disebutkeun sabab masih kénéh sakral. Nu ayana di daérah Palabuan ngawates daérah Cibaréno Kabupatén Lebak, ngawates deui jeung kacamatan Kalapanunggal Kabupatén Sukabumi.

Naon pangna ieu tempat dingaranan Lebak Cawéné. Ieu tempat nya éta leuweung gongong sima gonggong, nu tacan kasaba ku jalma, ari lain jelema tukang apruk-aprukan mah. Ceuk éta dongéng cenah baheulana aya cawéné-cawéné ti Pajajaran anu ngaradon tapa didinya. Nya kitu guluyur carita kurang lagkungna.
Mangsa Prabu Agung Siliwangi badé mubus ka Nusa Larang, harita putrana nu katelah Putri Gandrung Arum pangais bungsu ti gareuhna Prabu Sliwangi anu ka -7 nya éta rakana Nyai Purnamasari. Harita Nyai Putri Gandrung Arum nyuhunkeun ijin ka ramana. Tisaprak ninggal kuwung-kuwung unduk tujuh, nu bijilna ti laut tuluy nutugna ka éta lebak, cenah éta kuwung-kuwung téh ngundak tujuh, hartina aya tujuh kuwung-kuwungna, tujuh lapis, lain tujuh rupa warnana tapi kumaha ilaharna kuwung-kuwung. Aya tujuh lapis kuwung-kuwungna. Nya kabita pisan ceuk Nyi Putri. Anjeuna moal kebat ngiring ka ramana, anjeuna badé tatapa waé, adeuk ngababakan di éta lebak. Nya ku Ramana diwidian. Ngan Nyai Putri Gandrung Arum nyungkeun widi karamana hoyong dibaturan ku tujuh istri atawa tujuh cawéné anu pada-pada sarimbag sareng pada-pada gaduh tanda, ieu tanda manrupa karang, nya karang anu gedéna sagedé siki béas. Nya karang dina naonana mah duka, pokona aya hiji ciri yén éta cawéné téh ngagaduhan karang sabab Nyi Putri Gandrung Arum ogé ngagaduhan karang.
Numutkeun carita ieu kahayang Nyi Gandrung Arum téh diwidian ku Prabu Siliwangi, pokna “Heug atuh Nyai, cig wé arék ngababakan mah, kalawan di lebak dinya ku ama rék dingaranan Lebak Cawéné. Lantaran aranjeun pisan anu ngabarabakan, sarta aranjeun masih kénéh cawéné, (masih parawan tacan miboga salaki).
Ayeuna urang balik kana hiji sélér dina carita Pajajaran nya éta carita dina mangsa Kalang Sunda makalangan. Dina waktu Kalang Sunda nyumputkeun Nyai Putri Puramasari di Gunung Sireum, manéhna kasasar katalimeng. Maon margina? Margi ninggali cika-cika anu sesah pisan diuber-uberna, nya ari brasna ka Lebak Cawéné téa, tapi harita mah tacan disebut Lebak Cawéné, harita téh Rakéan paamprok jeung Nyai Putri Gandrum Arum anu maksadna mah lein milari Nyai Putri, tapi kasasar nya dibagéakeun pisan ku Nyai Putri Gandrung Arum. Rakéan Kalang Sunda ogé ngarasa reuwas, teu nyangka Nyai Gandrung Arum ngababakan didinya. Naon margina? Margina Rakéan Kalang Sunda mah teu ngiring sareng rombongan Prabu Siliwangi tapi ngaping Nyai Putri Purnamasari. Jadi benten jalan, papalimpang jalan.
Sanggeusna dibagéakeun ku Nyai Putri Gandrung Arum, anjeuna ngadongéngkeun pamaksadanana pikeun tatapa di ieu tempat. Rakéan Kalang Sunda lajeng wakca yén éta palataran téh rék dipageran ku caringin salapan sareng ku kiara anu nyakra bumi, jadi moal kapanggih ku sakur jalma nu néangan. Sangkan ulah gampang teuing jelema nyaho kana enggon tatapa jeung ngababakan aranjeun, ku Kula rék dingaranan Lebak Cawéné. Kalawan arék dipager deui ku awun-awun di “Téja Wulung” naon margina sankan éta leuweung sok sanajan beurang tapi salamina bakal poék margi ku halimun. Jadi didinya mah bakal terus aya halimun. Nya kitu deui ceuk Nyai Putri.
“Heug atuh Rakéan ari arék dipageran mah nya sukur, kalawan ieu lebak téh rék dipénta dingaranan”.
Nya ku Rakéan ogé di sebut waé Lebak Cawéné. Saparantosna kitu Nyai Putri Gandrung Arum mageran kénéh, Nyi Putri Gandrung Arum sasauran.
“Sing saha nu hayang nyaho ka Lebak Cawéné, ngan ukur arinyana nu kawaris. Ari anu teu kawaris mah moal. Sedeng anu kawaris téa teu sadayana sakur, 1) budak angon; 2) anu disebut budak janggétan. Éta wungkul anu baris nyaho ka Lebak Cawéné téh. Saha-sahana mah duka. Sok sanajan éta anu kawaris, tapi lamun hayang asup ka Lebak Cawéné, tetep kudu dilawang sakéténg. Saha-saha anu henteu ngaliwatan lawang sakéténg, pasti kana sasabna.” Ceuk kolot anu terang kana Lebak Cawéné kudu liwat Lawang Sakéténgna nu miboga ciri. 1) tipalih kidul; 2) ti palih wétan; 3) ti palih kalér. Jadi saha-saha anu adeuk ka Lebak Cawéné taya ngaliwatan Lawang Sakéténg tangtu maol bisa asup.
Jadi ceuk cohagnana mah, Lebak Cawéné téh mangrupa leuweung geledegan, kiwari tacan kasaba ku sakur jelema. Engké jaganing géto pikeun pigeusan warisna urang pangawinan. Ari anu disebut urang pangawinan téh nya éta saperti di jaman Sukarno baheula aya anu ngarana Cakrabirawa. Di Pajajaran téh nya éta sapertos Cakrabirawana. Anu disebutna nya éta barisan Pangawinan. Éta barisan Pangawinan téh nya éta rahayat Pajajaran nu mundur jeung kalabur meuntas nalika runtagna Pajajaran. Cenah turunana aya di daérah Citorék Kabupatén  Lebak Rangkas Bitung. Malah nepi ka kiwari loba urang Citorék anu nareangan Lebak Cawéné. Malah dina taun 1964 upama teu lepat kantos urang Citorék nepangan Bupati Sukabumi, harita bupatina téh Pa Kudi, R. Kudi Suriadiharja. Upama teu lepat mah cenah nyuhunkeun, pajar cenah di daérah Palabuan Ratu téh aya leuweung anu katelahna Lebak Cawéné, nyuhukeun pikeun pilembureun, tapi harita henteu dipaparinkeun. Nya harita Puun Citorék anu katelahna Puun Madrayi ngarasa éra tug nepi ka tilar dunyana. Sabab éta ku rahayat alatan geus diémbar-émbar. Sedengkeun ku Bupatina teu dibikeun alatan aya hiji jalma anu kasasar, sasar ngawarugakeun Lebak Cawéné dina sateuacan mangsana. Éta ogé numutkeun katerangan ti rahayat Minda Kalangan.
Lajeng sakur anu néangan Lebak Cawéné nepi ka kiwari taca aya anu manggihan. Jadi hartina isuk jaganing géto LebakCawéné téh tetep mangrupa warisan urang Pangawian, nya éta anu tadi disebatkeun yén kiwari masih kénéh aya turunan-turunanana nya éta urang Citorék  Gunung Kendeng. Tapi Lebah mana mah, dugi ka kiwari tacan kasaba, kulantaran hésé disabana lamun henteu boga sadu muhungna (mantrana), upama ka luar nagri mah kudu aya pasporna. Nu ngan bisa asup ka Lebak Cawéné téh nya éta Rakéan Minda Kalangan jeung duka saha deuina. Nya mudah-mudahan nu séjén ogé bisa apal kumaha Lebak Cawéné.
                    (Anis Djati Sunda)